Pindah kana eusi

Naon Kapercayaan Saksi-Saksi Yéhuwa?

Naon Kapercayaan Saksi-Saksi Yéhuwa?

Sabagé Saksi-Saksi Yéhuwa, urang upaya pikeun ngalampahkeun naon nu diajarkeun ku Yésus sarta naon nu dilakukeun ku para rasul. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas kapercayaan dasar urang.

  1.   Allah. Urang nyembah ka hiji-hijina Allah nu sajati. Mantenna téh Allah Nu Maha Kawasa nu nyiptakeun urang. Nami-Na téh Yéhuwa. (Jabur 83:18, Terjemahan Dunia Baru; Wahyu 4:11) Mantenna téh Allah nu disembah ku Ibrahim, Musa, jeung Yésus.—Budalan 3:6; 32:11; Yohanes 20:17.

  2.   Alkitab. Urang yakin yén Alkitab téh wahyu ti Allah ka manusa. (Yohanes 17:17; 2 Timoteus 3:16) Kapercayaan urang téh dumasar kana 66 buku nu aya dina Alkitab, boh ti ”Perjangjian Lawas” boh ti ”Perjangjian Anyar”. Dina bukuna, Professor Jason D. BeDuhn ngajéntrékeun yén Saksi-Saksi Yéhuwa boga kapercayaan jeung ngalakukeun ibadah dumasar kana naon nu bener-bener diajarkeun ku Alkitab, sarta teu ngahartikeun sorangan maksud ayat-ayat Alkitab. a

     Urang percaya kana sakabéh eusi Alkitab, tapi urang lain fundaméntalis. b Urang yakin yén aya ayat-ayat Alkitab nu teu bisa dihartikeun langsung sacara harfiah sabab boga harti lambang.

  3.   Yésus. Urang nuturkeun pangajaran jeung tuladan Yésus. Urang ogé ngakukeun anjeunna sabagé Jurusalamet jeung Putra Allah. (Mateus 20:28; Rasul 5:31) Ku kituna, Saksi-Saksi Yéhuwa téh urang Kristen. (Rasul 11:26) Tapi, urang diajar tina Alkitab yén Yésus téh lain Allah nu Maha Kawasa. Alkitab ogé teu ngajarkeun ngeunaan Tritunggal.—Yohanes 14:28.

  4.   Karajaan Allah. Karajaan ieu téh pamaréntahan nu nyata di sawarga, lainna aya di jero haté manusa. Karajaan ieu bakal ngagantikeun pamaréntahan manusa sarta bakal ngalaksanakeun tujuan Allah keur bumi. (Daniel 2:44; Mateus 6:9, 10) Moal lila deui, hal-hal ieu bakal laksana, sabab Alkitab nyebutkeun yén ayeuna urang geus hirup dina ”ahir jaman”.—2 Timoteus 3:1-5; Mateus 24:3-14.

     Yésus téh Raja ti Karajaan Allah di sawarga. Anjeunna jadi Raja ti taun 1914.—Wahyu 11:15.

  5.   Kasalametan. Hiji-hijina hal nu bisa ngabébaskeun urang tina dosa jeung maot téh nyaéta korban tebusan Yésus. (Mateus 20:28; Rasul 4:12) Pikeun meunang mangpaat tina korban tebusan Yésus, urang teu cukup ngan saukur boga iman ka Yésus. Tapi, urang ogé kudu ngarobah cara hirup urang tuluy dibaptis. (Mateus 28:19, 20; Yohanes 3:16; Rasul 3:19, 20) Iman urang bakal kabukti tina laku lampah urang. (Yakobus 2:24, 26) Urang ngan bisa disalametkeun lantaran ”sih kurnia” Allah.—Galata 2:16, 21.

  6.   Sawarga. Allah Yéhuwa, Yésus Kristus, jeung para malaikat nu satia téh tinggal di sawarga. c (Jabur 103:19-21; Rasul 7:55) Jalma-jalma nu bakal dihirupkeun deui ka sawarga sarta maréntah bareng Yésus téh jumlahna ngan 144.000 jalma.—Daniel 7:27; 2 Timoteus 2:12; Wahyu 5:9, 10; 14:1, 3.

  7.   Bumi. Allah nyiptakeun bumi pikeun dicicingan ku manusa salilana. (Jabur 104:5; 115:16; Pandita 1:4) Jalma-jalma nu taat ka Allah bakal diberkahan ku kaséhatan nu sampurna sarta hirup langgeng di Pirdaus di bumi.—Jabur 37:11, 34.

  8.   Kajahatan jeung kasangsaraan. Ieu téh dimimitian waktu aya hiji malaikat nu barontak ka Allah. (Yohanes 8:44) Malaikat nu barontak ieu disebut ”Sétan” jeung ”Iblis”. Manéhna ngagoda salaki pamajikan nu mimiti pikeun milu barontak. Balukarna ditanggung ogé ku sakabéh turunan manusa. (Kajadian 3:1-6; Rum 5:12) Pikeun ngabuktikeun bener henteuna tuduhan Sétan, Allah ngidinan kajahatan jeung kasangsaraan. Tapi, Allah moal teterusan ngantep hal ieu.

  9.   Maot. Jalma nu maot geus teu aya deui. (Jabur 146:4; Pandita 9:5, 10) Maranéhna gé teu disiksa di naraka.

     Allah bakal ngahirupkeun deui miliaran manusa nu geus maot. (Rasul 24:15) Mun geus dihirupkeun tapi embung diajar ngeunaan Allah, maranéhna bakal dibinasakeun salilana sarta moal bakal dihirupkeun deui.—Wahyu 20:14, 15.

  10.   Kulawarga. Urang nurut kana papakon Allah ngeunaan perkawinan. Allah netepkeun yén dina perkawinan, saurang lalaki jeung saurang awéwé téh ngahiji. Hiji-hijina dasar pikeun pepegatan nyaéta lamun aya nu ngalakukeun tindakan cabul jeung nu lain batur hirupna. (Mateus 19:4-9) Urang yakin yén naséhat-naséhat Alkitab bisa ngabantu urang boga kahirupan kulawarga nu bagja.—Epesus 5:22–6:1.

  11.   Ibadah. Urang teu maké salib, patung, atawa gambar-gambar pikeun ibadah. (Pamindo 4:15-19; 1 Yohanes 5:21) Kagiatan ibadah urang téh nyaéta:

  12.   Organisasi. Urang dibagi-bagi jadi sidang-sidang jamaah, unggal sidang jamaah diatur ku badan kokolot. Tapi para kokolot ieu téh lain golongan pamingpin, maranéhna ogé teu digajih. (Mateus 10:8; 23:8) Dina ibadah urang teu aya biaya, misalna perpuluhan atawa kolékte. (2 Korinta 9:7) Kabéh kagiatan urang didukung ku sumbangan sukaréla, sarta teu disebutkeun ngaran nu nyumbang.

     Sababaraha urang Kristen nu satia nu digawé di kantor pusat méré bingbingan pikeun Saksi-Saksi Yéhuwa di sakuliah dunya. Maranéhna disebut Badan Pingpinan.—Mateus 24:45.

  13.   Duduluran. Di sakuliah dunya, urang dihijikeun ku kapercayaan urang. (1 Korinta 1:10) Urang ogé upaya pikeun teu ngabéda-ngabédakeun jalma, teu sual naon kelas sosial, bangsa, atawa kaomna. (Rasul 10:34, 35; Yakobus 2:4) Sanajan kitu, urang bisa nyieun pilihan sorangan dina loba hal. Unggal Saksi nyieun putusan sorangan dumasar kana haté sanubarina nu dibingbing ku Alkitab.—Rum 14:1-4; Ibrani 5:14.

  14.   Laku lampah. Urang upaya pikeun némbongkeun asih jeung teu mentingkeun diri dina sagala tindakan urang. (Yohanes 13:34, 35) Urang embung ngalakukeun hal nu nganyenyeri haté Allah, misalna nyalahgunakeun getih ku cara transfusi getih. (Rasul 15:28, 29; Galata 5:19-21) Urang ngupayakeun karukunan sarta teu milu perang. (Mateus 5:9; Yesaya 2:4) Urang ogé ngahargaan pamaréntah sarta tunduk ka hukum-hukumna salila éta teu papalingpang jeung hukum Allah.—Mateus 22:21; Rasul 5:29.

  15.   Sikep urang ka batur. Yésus maréntahkeun, ”Masing nyaah ka batur kawas ka diri sorangan.” Anjeunna ogé ngomong yén urang Kristen téh ”sanes gaduhna dunya”. (Mateus 22:39; Yohanes 17:16) Jadi, urang hayang ”migawe kahadean ka sing saha bae”. Tapi, urang teu pipilueun urusan pulitik jeung kagiatan agama séjén. (Galata 6:10; 2 Korinta 6:14) Sanajan kitu, urang ngahargaan pilihan batur.—Rum 14:12.

 Lamun Sadérék hayang nyaho leuwih loba ngeunaan kapercayaan Saksi-Saksi Yéhuwa, mangga tingali situs Internét urang, kontak salah sahiji kantor urang, datang ka ibadah urang di Balé Karajaan nu pangdeukeutna, atawa tanya ka saurang Saksi Yéhuwa.

a Tingali buku Truth in Translation, kaca 165.

b Pikeun katerangan leuwih loba, tingali kotak di kaca 3 dina majalah Sedarlah! bulan Séptémber 2006.

c Malaikat-malaikat nu jahat geus diusir ti sawarga, tapi maranéhna masih hirup dina wujud roh.—Wahyu 12:7-9.