Pandita 9:1-18

  • Kabéhanana gé tungtungna mah sarua (1-3)

  • Ngarasakeun senangna hirup najan bakal maot (4-12)

    • Nu maot mah teu nyaho nanaon (5)

    • Teu aya nu bisa dipigawé di Kuburan (10)

    • Waktu jeung kajadian nu teu disangka-sangka (11)

  • Kabijaksanaan teu salawasna dihargaan (13-18)

9  Éta kabéh dipikiran ku kuring. Ieu kasimpulanana: Jalma bener jeung jalma bijaksana, kitu deui nu dilampahkeun ku maranéhna, aya dina panangan Allah nu bener. Manusa mah teu nyaho kana kanyaah jeung kangéwa nu aya saacan maranéhna.  Kabéhanana gé tungtungna mah sarua, jalma bener jeung jalma jahat, jalma bageur, nu najis jeung nu teu najis, sarta nu méré kurban jeung nu teu méré kurban. Jalma bageur teu béda ti jalma nu boga dosa, jalma nu rurusuhan ngucapkeun sumpah gé teu béda ti jalma nu ati-ati ngucapkeun sumpah.  Ieu nu nyusahkeun haté di dunya: Ku sabab kabéhanana tungtungna mah sarua, haté manusa téh eusina pinuh ku kajahatan. Niat haténa téh garélo. Tungtungna mah maranéhna maraot.  Keur hirup kénéh mah jelema téh aya harepan, da mending kénéh anjing hirup tibatan singa paéh.  Nu hirup nyaho* maranéhna téh bakal maot, ari nu maot mah teu nyaho nanaon. Maranéhna geus teu narima ganjaran naon-naon,* sabab maranéhna geus teu diinget-inget deui.  Kanyaahna, kangéwana, timburuna, kabéh kabawa sirna. Maranéhna geus teu boga bagian deui dina sagala kagiatan di dunya.  Jung geura dahar bari gumbira, leguk inum cianggurna bari suka bungah, sabab lalampahan manéh dipikaresep ku Allah nu bener.  Mugia manéh terus maké pakéan bodas* sarta teu poho ngaminyakan sirah.  Pék senang-senang jeung pamajikan nu dipikacinta ku manéh salila hirup manéh nu mubadir, nu dibéré ku Allah ka manéh di dunya. Poé-poé manéh anu mubadir téh paké senang-senang, sabab éta buruh* keur kahirupan manéh jeung hésé capé manéh di dunya. 10  Naon waé nu bisa dipigawé ku manéh, sok pigawé sakuat tanaga, da ari di tempat nu bakal dijugjug ku manéh mah, nyaéta Kuburan,* moal aya rencana, kanyaho,* atawa kabijaksanaan. 11  Aya deui nu kasaksian ku kuring di dunya, nyaéta nu gancang tara salawasna meunang balap, nu kuat tara salawasna unggul perang, nu bijaksana tara salawasna boga dahareun, nu pinter tara salawasna beunghar, jeung nu boga kanyaho* tara salawasna jaya, sabab kajadian nu teu disangka-sangka ninggang kabéhanana dina waktu nu teu disangka-sangka ogé. 12  Manusa mah teu nyaho kana waktuna sorangan. Ibarat lauk katéwak ku heurap jeung ibarat manuk keuna ku jiret, nya kitu ogé manusa keuna ku musibat nu ujug-ujug narajang ka maranéhna. 13  Di dunya, kuring gé nempo hal ieu nu aya patalina jeung kabijaksanaan, nu matak kuring tajub: 14  Aya hiji kota leutik, pendudukna gé saeutik, diserang jeung dikepung ku hiji raja anu perkasa. Éta raja ngabangun témbok di sakurilingna keur ngepung kota. 15  Tah, di dinya téh aya hiji lalaki miskin tapi bijaksana. Ku kabijaksanaanana, manéhna nyalametkeun éta kota. Tapi euweuh saurang-urang acan nu inget ka lalaki miskin éta. 16  Jadi kuring mikir kieu, ’Kabijaksanaan téh leuwih hadé tibatan kaperkasaan. Hanjakalna, kabijaksanaan ti jelema miskin mah disapirakeun, ucap-ucapanana gé euweuh nu ngabandungan.’ 17  Leuwih hadé ngadéngékeun naséhatna jalma bijaksana nu leuleuy diucapkeunana tibatan ngadéngékeun sesentakna pangawasa nu maréntah jalma-jalma bodo. 18  Kabijaksanaan leuwih hadé tibatan pakarang perang, tapi jalma nu boga dosa mah, najan ngan saurang gé, bisa ngaruksak loba hal hadé.

Catetan Tambihan

Atawa ”sadar”.
Atawa ”geus teu diburuhan deui”.
Maksudna, pakéan nu warnana caang nu ngagambarkeun kagumbiraan, lain pakéan keur nu sungkawa.
Atawa ”bagian”.
Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”pangaweruh”.
Atawa ”pangaweruh”.