Pindah kana eusi

Naon Badan Pingpinan Saksi-Saksi Yéhuwa téh?

Naon Badan Pingpinan Saksi-Saksi Yéhuwa téh?

 Badan Pingpinan nyaéta sababaraha urang Kristen nu bijaksana nu méré bingbingan pikeun Saksi-Saksi Yéhuwa di sakuliah dunya. Dua pagawéan utama maranéhna nyaéta:

 Siga ”para kokolot jeung rasul-rasul” dina abad kahiji, Badan Pingpinan nyieun putusan penting pikeun kabéh sidang jamaah Kristen. (Rasul 15:2, 6) Saperti maranéhna, anggota Badan Pingpinan téh lain pamingpin Saksi-Saksi Yéhuwa. Maranéhna néangan bingbingan tina Alkitab sarta ngaku yén nu dilantik ku Allah Yéhuwa sabagé Kapala sidang téh nyaéta Yésus Kristus.​—1 Korinta 11:3; Epesus 5:23.

Saha waé anggota Badan Pingpinan téh?

 Ti Januari 2018, anggota Badan Pingpinan téh nyaéta Kenneth Cook, Jr., Gage Fleegle, Samuel Herd, Geoffrey Jackson, Stephen Lett, Gerrit Lösch, Mark Sanderson, David Splane, jeung Jeffrey Winder. Maranéhna digawé di kantor pusat Saksi-Saksi Yéhuwa di Warwick, New York, Amerika Serikat.

Kumaha Badan Pingpinan ngajalankeun tugasna?

 Badan Pingpinan nyieun genep panitia pikeun ngawaskeun rupa-rupa kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa. Unggal anggota Badan Pingpinan ngalalayanan di hiji panitia atawa leuwih.

  •   Panitia Koordinator: Ngawaskeun masalah hukum, musibat alam, panganiayaan Saksi Yéhuwa lantaran iman, sarta hal-hal penting séjénna nu mangaruhan Saksi-Saksi Yéhuwa.

  •   Panitia Personalia: Ngatur hal-hal nu aya patalina jeung anggota kulawarga Bétel.

  •   Panitia Penerbitan: Ngawaskeun dicitak jeung dikirimna bacaan-bacaan nu dumasar tina Alkitab, sarta ngawaskeun pangwangunan tempat ibadah, kantor panarjamahan, jeung fasilitas cabang.

  •   Panitia Dinas: Ngawaskeun pagawéan nguarkeun ”Injil Kasalametan anu mertelakeun hal Karajaan Sawarga”.​—Mateus 24:14.

  •   Panitia Pengajaran: Ngawaskeun disiapkeunana bahan-bahan pangajaran nu dumasar kana Alkitab nu bakal ditepikeun dina acara ibadah, sakola-sakola, sarta program audio jeung vidéo.

  •   Panitia Penulisan: Ngawaskeun disiapkeunana bahan-bahan pangajaran nu dumasar kana Alkitab nu bakal dicitak, nu aya dina situs Internét urang, jeung ngawaskeun pagawéan panarjamahan.

 Badan Pingpinan gé ngayakeun rapat unggal minggu pikeun ngabahas naon waé nu dibutuhkeun. Dina rapat ieu, maranéhna ngabahas ayat-ayat Alkitab, ménta bingbingan roh suci Allah, sarta upaya sangkan mupakat dina nyieun putusan.​—Rasul 15:25.

Saha asistén Badan Pingpinan téh?

 Maranéhna téh urang Kristen nu bisa dipercaya nu ngabantu panitia-panitia Badan Pingpinan. (1 Korinta 4:2) Maranéhna boga kamampuh jeung pangalaman dina pagawéanana, jeung hadir dina rapat mingguan. Maranéhna teu nyieun putusan, tapi méré pandangan jeung katerangan, ngalaksanakeun putusan panitia, sarta ngawaskeun hasil jeung kamajuan tina éta putusan. Sakapeung, maranéhna dibéré tugas ku Badan Pingpinan pikeun ngadatangan Saksi-Saksi Yéhuwa di sakuliah dunya atawa dibéré tugas dina acara saperti rapat taunan jeung wisuda Giléad.

DAPTAR ASISTÉN

Panitia

Ngaran

Koordinator

  • John Ekrann

  • Paul Gillies

  • Troy Snyder

Personalia

  • Daniel Molchan

  • Gerald Grizzle

  • Mark Scott

  • Patrick LaFranca

  • Ralph Walls

Penerbitan

  • Alex Reinmueller

  • David Sinclair

  • Donald Gordon

  • Gajus Glockentin

  • Harold Corkern

  • Robert Butler

  • Robert Luccioni

Dinas

  • Anthony Griffin

  • Baltasar Perla Jr.

  • Betty Georges

  • Christopher Mavor

  • Gary Breaux

  • Jacob Rumph

  • Jody Jedele

  • Joel Dellinger

  • Jonathan Smith

  • Leon Weaver Jr.

  • Seth Hyatt

  • William Turner Jr.

Pengajaran

  • David Schafer

  • Kenneth Flodin

  • Mark Noumair

  • Michael Banks

  • Ronald Curzan

  • William Malenfant

Penulisan

  • Clive Martin

  • Gene Smalley

  • Hermanus van Selm

  • Izak Marais

  • James Mantz

  • Kenneth Godburn

  • Leonard Myers

  • Nicholas Ahladis

  • Per Christensen

  • Robert Ciranko