Pindah kana eusi

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Boga Alkitab Sorangan?

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Boga Alkitab Sorangan?

 Waktu diajar Alkitab, Saksi-Saksi Yéhuwa ngagunakeun rupa-rupa tarjamahan Alkitab. Tapi lamun geus aya dina basa nu biasa digunakeun, urang ngagunakeun Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru. Alkitab ieu ngamuat nami Allah, akurat, jeung jelas.

  •   Ngamuat nami Allah. Sababaraha pamedal Alkitab henteu méré kahormatan ka Pangarang Alkitab. Contona, hiji tarjamahan Alkitab nyebutkeun ngaran leuwih ti 70 jalma nu milu ngadukung dijieunna éta Alkitab. Tapi dina Alkitab éta kénéh, nami Pangarang Alkitab, nyaéta Yéhuwa, dileungitkeun kabéh!

     Alkitab Terjemahan Dunia Baru mah béda. Dina Alkitab ieu, nami Allah nu disebutkeun rébuan kali dina naskah aslina dimunculkeun deui, tapi panitia nu nyieun ieu tarjamahan teu disebutkeun ngaranna.

  •   Akurat. Henteu kabéh tarjamahan akurat dina nepikeun warta asli Alkitab. Misalna dina hiji tarjamahan, Mateus 7:13 ditarjamahkeun kieu, ”Kudu milih asup kana lawang nu sempit. Sabab lawang anu rubak mah brasna ka naraka, jalan ka dinya gampang.” Tapi, naskah aslina ngagunakeun istilah ”kabinasaan”, lainna ”naraka”. Bisa jadi, para panarjamah ngagunakeun kecap ”naraka” lantaran maranéhna percaya yén nu jahat bakal disiksa salilana di naraka. Tapi, éta teu saluyu jeung pangajaran Alkitab. Sacara akurat, Terjemahan Dunia Baru narjamahkeunana jadi, ”Heug arasup ka gerbang nu heureut, sabab gerbang nu rubak jeung jalan nu lega mah brasna kana kabinasaan.”

  •   Jelas. Tarjamahan nu alus lain ngan saukur akurat, tapi ogé kudu jelas jeung gampang kaharti. Misalna di Mateus 5:3, Yésus ngagunakeun ungkapan nu sacara harfiah hartina ”bagja jelema anu ngarasa jiwana miskin”. Lantaran ungkapan ieu teu jelas hartina, Terjemahan Dunia Baru narjamahkeunana jadi, ”Bagja jelema anu sadar kana pangabutuh rohanina.” Ieu leuwih gampang kaharti.

 Salian ngamuat nami Allah, akurat, jeung jelas, aya deui kaleuwihan ti Terjemahan Dunia Baru: Dibagikeun sacara haratis. Jadi jutaan jalma, kaasup maranéhna nu teu mampuh meuli Alkitab, bisa maca Alkitab dina basa indungna.