Galatia 5:1-26

  • Kamerdékaan urang Kristen (1-15)

  • Nuturkeun bingbingan kawasa suci (16-26)

    • Nu dihasilkeun ku awak nu dosa (19-21)

    • Buah nu dihasilkeun ku kawasa suci (22, 23)

5  Al-Masih geus ngabébaskeun urang supaya urang boga kamerdékaan éta. Ku kituna, aranjeun sing pengkuh, ulah nepi ka diperbudak deui.*  Kuring, Paulus, rék ngabéjaan, lamun aranjeun disunat, pangorbanan Al-Masih moal aya gunana keur aranjeun.  Sakali deui, kuring ngingetkeun kabéh jalma nu rék disunat yén manéhna wajib ngajalankeun sakabéh hukum Torét.  Lamun aranjeun hayang disebut jalma bener ku lantaran ngajalankeun hukum, aranjeun téh misahkeun diri ti Al-Masih jeung megatkeun diri tina welas asihna nu taya bandingna.*  Ari urang mah ngarep-ngarep bisa disebut jalma bener téh ku lantaran kawasa suci jeung iman.  Keur jalma-jalma nu ngahiji jeung Isa Al-Masih, disunat atawa teu disunat teu penting, nu penting mah iman nu dihasilkeun ku kanyaah.  Salila ieu, naon nu dijalankeun ku aranjeun téh geus alus.* Saha nu ngahalangan aranjeun nepi ka eureun nuturkeun bebeneran?  Nu ngayakinkeun supaya aranjeun siga kitu téh lain Allah nu milih aranjeun.  Ku ragi saeutik, sakabéh adonan jadi beukah. 10  Kuring yakin, aranjeun nu ngahiji jeung Juragan bakal sapikiran jeung kuring. Tapi, saha waé nu nyusahkeun aranjeun bakal narima hukuman nu satimpal. 11  Dulur-dulur, lamun kuring masih kénéh ngawartakeun ngeunaan sunat mah kuring moal bakal dikaniaya, pan? Salian ti éta, moal aya nu kasinggung* ku pangajaran kuring ngeunaan Isa nu maot dina tihang siksaan.* 12  Kuring mah hayangna téh jalma-jalma nu nyasabkeun aranjeun ngabiri dirina sorangan.* 13  Dulur-dulur, aranjeun geus dipilih pikeun dimerdékakeun. Tapi, kamerdékaan éta ulah dipaké keur ngumbar kahayang jasmani, sabalikna aranjeun kudu silih ladénan ku kanyaah. 14  Sakabéh hukum Torét diringkeskeun jadi hiji paréntah, nyaéta: ”Maranéh kudu nyaah ka sasama siga ka diri sorangan.” 15  Lamun aranjeun terus silih nyenyeri jeung silih serang, kadé bisi aranjeun silih binasakeun. 16  Kuring rék ngabéjaan: Terus tuturkeun bingbingan kawasa suci. Ku kituna, aranjeun moal sakali-kali acan nuturkeun kahayang awak nu dosa, 17  sabab kahayang awak nu dosa patukang tonggong jeung kawasa suci, sarta kawasa suci patukang tonggong jeung awak nu dosa. Duanana téh silih lawan, matakna aranjeun henteu ngalakukeun naon nu dipikahayang. 18  Salian ti éta, lamun aranjeun dibingbing ku kawasa suci, aranjeun teu kabeungkeut ku hukum. 19  Nu dihasilkeun ku awak nu dosa téh jelas pisan, nyaéta lampah cabul,* hal-hal nu najis, lalampahan nu kurang ajar,* 20  pamujaan berhala, hal-hal nu aya patalina jeung roh-roh jahat,* mumusuhan, paséa, timburu, ngumbar amarah, pagétréng, papecah, sékte-sékte, 21  sirikan, mabok-mabokan, pésta-pésta liar, jeung hal-hal nu siga kitu. Sakumaha saacanna, kuring ayeuna mépélingan deui ka aranjeun: Saha waé nu ngalampahkeun hal-hal ieu moal ngawaris Pamaréntahan Allah. 22  Sabalikna, buah nu dihasilkeun ku kawasa suci mah kanyaah, suka bungah, katengtreman, sabar, bageur, kahadéan, iman, 23  lemah lembut, jeung bisa nahan diri. Euweuh hukum nu ngalarang hal-hal nu siga kitu. 24  Salian ti éta, jalma-jalma nu jadi milik Isa Al-Masih geus maéhkeun* napsu jeung kahayang awakna nu dosa. 25  Lamun hirup urang dibingbing ku kawasa suci, nya kalakuan urang gé kudu terus nuturkeun bingbingan kawasa suci. 26  Ulah ngarasa diri hébat, ulah papanas-panas supaya saingan, jeung ulah pasirik-sirik.

Catetan Tambihan

Atawa ”manggul deui kai tanggungan perbudakan”. Tingali ”Kai tanggungan” dina Daptar Istilah.
Atawa ”aranjeun geus alus lumpatna”.
As. ”titajong”.
Atawa ”neukteuk organ séksna sorangan; jadi saurang kasim”, ku kituna teu bisa nyumponan sarat pikeun ngajalankeun hukum nu dipusti-pusti ku maranéhna.
Yunani: pornéia. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”teu éra nyieun kagoréngan”. Yunani: asélgéia. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”spiritisme”. Tingali Daptar Istilah.
As. ”makukeun dina tihang”.