Pandita 1:1-18

  • Kabéh mubadir (1-11)

    • Bumi tetep aya salilana (4)

    • Siklus alam nu tara eureun (5-7)

    • Di dunya mah euweuh nu anyar (9)

  • Kabijaksanaan manusa aya watesna (12-18)

    • Ngudag-ngudag angin (14)

1  Kekecapan sang pandita,* putra Daud, raja Israél di Yérusalém.   ”Mubadir!” ceuk sang pandita,”Mubadir! Kabéh mubadir!”   Naon atuh hasilna jelema tohtohan digawéJeung susah payah di ieu dunya* téh?   Génerasi nu ieu lahir, génerasi nu itu maot,Tapi bumi mah tetep aya* salilana.   Bray panonpoé medal,* reup panonpoé surup,Buru-buru* balik deui ka tempatna medal.   Angin ngahiuk ti kidul muter ka kalér,Puputeran teu eureun-eureun, teterusan muter.   Kabéh walungan caina ngalir ka laut, tapi laut teu pinuh-pinuh. Cai téh mulang deui ka sirah walungan, geus kitu ngalir deui.   Sagala hal téh ngan matak capé,Euweuh nu sanggup nyaritakeunana. Panon moal seubeuh ku nempo,Ceuli gé moal cukup ku ngadéngé.   Nu baréto geus aya, engkéna aya deui.Nu baréto geus dilampahkeun, engkéna dilampahkeun deui.Di dunya mah euweuh nu anyar. 10  Mémangna aya nu bisa nyebutkeun, ”Tah, ieu téh anyar”? Da éta mah geus aya ti baheula gé,Geus aya ti saacan jaman urang. 11  Moal aya nu inget ka jalma-jalma dina jaman baheula,Nya kitu ogé ka jalma-jalma sanggeusna.Maranéhna moal diinget-inget deui ku jalma-jalma sanggeus maranéhna. 12  Kuring téh sang pandita, raja Israél di Yérusalém. 13  Kuring geus boga tékad rék maké kabijaksanaan kuring pikeun diajar sarta nalungtik sagala nu dilampahkeun di kolong langit. Manusa téh ku Allah geus dibéré pagawéan nu nyusahkeun haté, sina maranéhna sibuk. 14  Kuring geus nempo sagala nu dipigawé di ieu dunya.Geuning sagalana téh mubadir, kawas ngudag-ngudag angin. 15  Nu béngkok moal bisa dilempengkeun,Nu euweuh moal bisa diitung. 16  Kuring ngomong di jero haté, ”Aing téh leuwih bijaksana ti sakabéh jalma nu pernah hirup di Israél. Aing beunghar ku pangarti jeung kanyaho.”* 17  Kuring boga tékad hayang ngarti tindakanana jalma bijaksana, kalakuanana jalma gélo, jeung kalakuanana jalma bodo. Tapi éta kabéh gé kawas ngudag-ngudag angin. 18  Sihoréng jelema mah beuki bijaksana téh beuki susah haté.Beuki loba kanyaho* téh beuki nyeri haté.

Catetan Tambihan

Tina basa Ibrani Qoheleth, nu hartina ”jalma nu ngumpulkeun jamaah”.
As. ”handapeun panonpoé”. Istilah ieu muncul 29 kali dina buku Pandita.
As. ”ngadeg”.
Atawa ”panonpoé mencarkeun caang”.
Atawa ”Bari hahéhoh”.
Atawa ”pangaweruh”.
Atawa ”pangaweruh”.