Kisah Para Rasul 11:1-30

  • Pétrus méré laporan ka para rasul (1-18)

  • Barnabas jeung Saulus di Antiokhia Siria (19-26)

    • Murid-murid mimiti disebut urang Kristen (26)

  • Agabus ngaramalkeun bahla kalaparan (27-30)

11  Para rasul jeung dulur-dulur di Yudéa ngadéngé yén jalma-jalma ti bangsa séjén gé narima firman Allah.  Jadi waktu Pétrus datang ka Yérusalém, jalma-jalma nu ngabéla hukum sunat ngiritik* manéhna,  jeung ngomong kieu, ”Ku naon manéh bet asup ka imah jalma nu teu disunat, malah dahar bareng jeung maranéhna deuih?”  Jadi Pétrus ngajéntrékeun perkarana ka maranéhna, cenah,  ”Di Yopa, basa keur ngadoa, urang meunang titingalian. Urang ningali aya nu turun ti langit siga kaén rubak nu opat juruna siga keur dicekelan, éta diturunkeun percis di hareupeun urang.  Barang ditilik-tilik, urang ningali sagala rupa sasatoan: nu sukuna opat, nu liar, nu ngarayap,* jeung bangsa manuk.  Urang gé ngadéngé aya sora nu ngomong, ’Cengkat Pétrus, éta peuncit, tuluy dahar!’  Tapi ku urang dijawab, ’Moal atuh Juragan, abdi mah tara ngadahar naon waé nu haram atawa najis.’  Kadua kalina, sora éta ngomong deui ti langit, ’Tong nganggap haram sagala nu geus dihalalkeun ku Allah.’ 10  Sora éta ngomong deui katilu kalina, geus kitu éta kaén jeung sakabéh eusina ditarik ka langit. 11  Harita kénéh aya tilu lalaki nangtung di hareupeun imah tempat urang mondok. Maranéhna téh diutus ti Kaisaréa pikeun manggihan urang. 12  Geus kitu Allah liwat kawasa suci-Na ngomong ka urang sangkan teu asa-asa indit bareng jeung maranéhna. Aya genep dulur ogé nu milu bareng jeung urang. Urang kabéh asup ka imahna jalma éta. 13  ”Manéhna nyarita yén di imahna, manéhna ningali malaikat nu ngomong kieu, ’Kirim utusan ka Yopa jeung titah datang Simon nu disebut Pétrus, 14  engké manéhna bakal méré nyaho carana supaya manéh sakulawarga bisa disalametkeun.’ 15  Kakara gé urang ngomong, maranéhna narima kawasa suci siga urang-urang basa mimiti narima kawasa éta. 16  Urang jadi inget Juragan baheula sok ngomong kieu, ’Yahya ngabaptis ku cai, ari maranéh mah bakal ngabaptis ku kawasa suci.’ 17  Jadi, lamun Allah méré kurnia nu sarua ka maranéhna, siga nu ditarima ku urang nu percaya ka Juragan Isa Al-Masih, saha atuh urang téh bisa ngahalang-halang Allah?” 18  Waktu ngadéngé hal ieu, maranéhna teu ngabarantah deui,* malah ngamulyakeun Allah jeung ngomong, ”Lamun kitu, Allah gé hayang jalma-jalma ti bangsa séjén tarobat supaya bisa meunangkeun kahirupan.” 19  Sanggeus Stéfanus dipaéhan, murid-murid séjén nu dikaniaya pada papencar nepi ka Fénisia, Siprus, jeung Antiokhia, tapi maranéhna ngawartakeun firman ngan ka urang Yahudi. 20  Sanajan kitu, murid-murid ti Siprus jeung Kiréné datang ka Antiokhia sarta nguarkeun warta hadé ngeunaan Juragan Isa ka jalma-jalma nu ngomong basa Yunani. 21  Maranéhna disarengan ku panangan Yéhuwa nepi ka loba pisan jalma nu percaya jeung jadi murid Juragan. 22  Béja ngeunaan maranéhna kadéngé ku sidang jamaah di Yérusalém. Jadi sidang jamaah ngutus Barnabas ka Antiokhia. 23  Barang nepi ka ditu jeung ningali welas asih Allah nu taya bandingna,* Barnabas bungah jeung nguatkeun maranéhna kabéh supaya tetep satia ka Juragan ku sapinuh haté. 24  Manéhna téh jalma bageur nu boga iman jeung pinuh ku kawasa suci. Éta sababna aya loba pisan jalma nu katarik jadi murid Juragan. 25  Ti dinya, manéhna indit ka Tarsus pikeun néangan Saulus nepi ka kapanggih. 26  Sanggeus panggih, Saulus dibawa ka Antiokhia. Salila sataun maranéhna ngumpul bareng jeung sidang jamaah di dinya jeung ngajar loba jalma. Di Antiokhia, ku bingbingan Allah, murid-murid téh mimiti disebut urang Kristen. 27  Harita, sababaraha nabi datang ti Yérusalém ka Antiokhia. 28  Ku bingbingan kawasa suci, saurang nabi nu ngaranna Agabus ngaramalkeun ayana bahla kalaparan nu parah nu narajang sakuliah dunya. Bahla éta téh bener-bener kajadian dina jamanna Klaudius. 29  Jadi murid-murid mutuskeun pikeun méré bantuan* ka dulur-dulur di Yudéa, sakamampuhna masing-masing. 30  Barnabas jeung Saulus diutus pikeun ngirim éta bantuan ka para kokolot.

Catetan Tambihan

Atawa ”débat jeung”.
Atawa ”réptil”.
As. ”maranéhna jarempé”.
Atawa ”ngalalayanan pikeun méré bantuan”.