Jabur 83:1-18

  • Doa waktu nyanghareupan musuh

    • ”Nun Allah, ulah teu ngawaler” (1)

    • Musuh-musuh téh kawas jukut garing nu ngagorolong (13)

    • Nami Allah téh Yéhuwa (18)

Lagu. Jabur karangan Asaf. 83  Nun Allah, ulah teu ngawaler. Nun Allah Nu Mahakawasa, sok atuh nyarios, ulah ngan saukur ningalikeun.   Tingali! Musuh-musuh Gusti nyieun huru-hara. Jalma-jalma nu ngéwa ka Gusti garedé hulu.   Maranéhna cicing-cicing nyieun siasat pikeun ngalawan umat Gusti. Maranéhna sakongkol pikeun nyerang jalma-jalma nu dipikanyaah* ku Gusti.   Ceuk maranéhna, ”Hayu urang basmi éta bangsa,Ngarah ngaran Israél teu diinget-inget deui.”   Maranéhna ngahiji pikeun ngarancang siasat.* Maranéhna sakongkol* pikeun ngalawan Gusti.   Maranéhna téh urang Édom, urang Ismail, urang Moab, urang Hagri,   Urang Gébal, urang Ammon, urang Amalék,Urang Filistia, jeung penduduk Tirus.   Malah urang Asiria gé ngagabung jeung maranéhna. Kabéhanana ngadukung turunan Lot. (Sela)   Maranéhna sing dihukum sakumaha Gusti ngahukum Midian,Sakumaha Gusti ngahukum Siséra jeung Yabin di Walungan Kisyon. 10  Maranéhna dibasmi di Én-dor. Maranéhna jadi pupuk dina taneuh. 11  Para bangsawanna sina kawas Oréb jeung Zééb,Para pamingpinna sina kawas Zébah jeung Zalmuna, 12  Sabab maranéhna ngomong, ”Hayu urang rebut panglinggihan Allah.” 13  Nun Allah abdi, jadikeun maranéhna kawas jukut garing nu ngagorolong,Kawas jarami nu katebak ku angin, 14  Kawas seuneu ngaduruk leuweung,Kawas seuneu ngaléntab gunung nepi ka tutung. 15  Mugia maranéhna diudag ku angin ribut ti Gusti. Mugia maranéhna sarieuneun ku angin topan ti Gusti. 16  Tutupan beungeut maranéhna ku kahinaan,Supaya maranéhna sasambat ka nami Gusti, nun Yéhuwa. 17  Mugia maranéhna aréraeun jeung sarieuneun salilana. Mugia maranéhna direndahkeun jeung binasa. 18  Mugia jalmi-jalmi terang, mung Gusti nu namina Yéhuwa,Nu Maha Agung di sakuliah bumi.

Catetan Tambihan

As. ”disumputkeun”.
As. ”Maranéhna sahaté jeung mupakat”.
Atawa ”nyieun perjangjian”.