Wahyu nu Ditarima ku Yahya 5:1-14

  • Gulungan nu ditutup ku tujuh ségel (1-5)

  • Anak Domba nyokot gulungan éta (6-8)

  • Anak Domba layak muka ségel-ségelna (9-14)

5  Tuluy, kuring ningali Anjeunna nu diuk dina tahta éta nyekel gulungan dina leungeun katuhu-Na. Gulungan éta bulak-balik* pinuh ku tulisan jeung ditutup rapet ku tujuh ségel.  Geus kitu, kuring ningali aya hiji malaikat nu kuat ngomong ku sora nu tarik, ”Saha nu layak muka gulungan éta jeung ségel-ségelna?”  Tapi di sorga, di bumi, kitu deui di handapeun bumi, euweuh nu bisa muka gulungan éta atawa ningali eusina.  Ku lantaran euweuh nu layak muka gulungan éta jeung ningali eusina, kuring ceurik sajadi-jadina.  Tapi, salah saurang kokolot ngomong kieu ka kuring, ”Ulah ceurik. Singa ti kaom Yéhuda, ti kulawarga Daud, geus meunang, jadi manéhna layak muka gulungan éta jeung tujuh ségelna.”  Tuluy, kuring ningali aya anak domba nangtung di tengah, di deukeut tahta jeung opat kérub, nyaéta di tengah-tengah para kokolot. Manéhna boga tapak urut dipeuncit sarta boga tujuh tanduk jeung tujuh panon. Tujuh panon éta ngalambangkeun tujuh kawasa suci Allah nu dikirim ka sakuliah bumi.  Anak Domba éta langsung maju jeung nyokot gulungan éta tina leungeun katuhu Anjeunna nu diuk dina tahta.  Waktu gulungan éta dicokot ku Anak Domba, kaopat kérub jeung ka-24 kokolot éta sujud ka manéhna. Kabéh kokolot éta nyekel harpa jeung mangkok emas nu pinuh ku dupa. (Dupa éta ngalambangkeun doa jalma-jalma suci.)  Tuluy, maranéhna ngawihkeun lagu anyar, ”Anjeun layak nyokot gulungan éta jeung muka ségel-ségelna, lantaran anjeun geus dipeuncit. Ku getih anjeun, anjeun meuli jalma-jalma ti unggal suku bangsa, basa, kaom, jeung bangsa pikeun jadi milik Allah. 10  Ku anjeun, maranéhna dijadikeun raja jeung imam pikeun ngalalayanan Allah urang. Maranéhna bakal jadi raja nu maréntah bumi.” 11  Geus kitu, kuring ningali aya loba pisan malaikat di sakurilingeun tahta, opat kérub, jeung para kokolot. Para malaikat éta téh jumlahna puluhan rébu kali puluhan rébu jeung rébuan kali rébuan. Kuring gé ngadéngé sora maranéhna 12  nu ngomong ku sora nu tarik, ”Anak Domba nu pernah dipeuncit éta layak narima kawasa, kabeungharan, kabijaksanaan, kakuatan, kahormatan, kamulyaan, jeung pujian.” 13  Tuluy kuring ngadéngé sakabéh mahluk nu aya di sorga, di bumi, di handapeun bumi, jeung di laut, nya kabéhanana ngomong kieu, ”Mugia Anjeunna nu diuk dina tahta sarta mugia Anak Domba, dipuji, dihormat, dimulyakeun, jeung boga kawasa salalanggengna.” 14  Kaopat kérub éta nyebut, ”Amin!” tuluy bruk para kokolot sembah sujud ka Allah.

Catetan Tambihan

As. ”dina beulah jero jeung tukangna”.