Éfésus 5:1-33

  • Suci dina ucap jeung lampah (1-5)

  • Hirup salaku anak-anak caang (6-14)

  • Pinuh ku kawasa suci (15-20)

    • Gunakeun waktu sahadé-hadéna (16)

  • Naséhat keur salaki jeung pamajikan (21-33)

5  Ku kituna, pék piconto Allah salaku anak-anak nu dipikanyaah,  jeung terus témbongkeun kanyaah, sakumaha Al-Masih ogé nyaah ka urang* sarta ngorbankeun dirina demi urang* sabagé korban nu seungit keur Allah.  Sakumaha layakna jalma-jalma suci, geus tangtu lampah cabul* jeung sagala rupa kanajisan atawa kasarakahan ulah disebut-sebut acan di antara aranjeun,  kitu ogé jeung kalakuan nu ngérakeun atawa omong kosong atawa bobodoran jorang, sabab éta kabéh téh teu pantes. Sabalikna, ucapkeun sukur ka Allah.  Aranjeun gé nyaho jeung paham pisan yén jalma nu lampahna cabul* atawa nu ngalampahkeun hal-hal najis atawa nu sarakah, nu sarua jeung jalma nu nyembah berhala, moal ngawaris Pamaréntahan Allah nu diparéntah ku Al-Masih.  Ulah katipu ku jalma nu omonganana teu bener, sabab hal-hal éta nu ngalantarankeun Allah ambek ka jalma-jalma nu teu taat.  Ulah pipilueun jeung nu kararitu.  Baheula, aranjeun aya di nu poék, tapi ayeuna aya di nu caang, ku sabab aranjeun geus jadi milik Juragan. Terus hirup salaku anak-anak caang,  sabab caang ngabantu urang jadi jalma bageur, ngalakukeun kahayang Allah, sarta hirup bener dina sagala hal. 10  Terus pastikeun naon nu dipikaresep ku Gusti.* 11  Ulah pipilueun deui ngalampahkeun hal-hal nu euweuh mangpaatna, nu asalna ti nu poék. Sabalikna, anu kararitu téh kudu dibolékérkeun. 12  Hal-hal nu dilakukeun ku maranéhna bari susulumputan téh ngérakeun. Nyebutkeunana gé urang mah éra. 13  Sagala hal dibolékérkeun téh ku lantaran ayana caang. Ku kituna, sagala anu dibolékérkeun jadi katingali jelas.* 14  Aya ayat nu nyebutkeun, ”Éh, nu keur sararé, geura hudang tina maot, Al-Masih bakal nyaangan maranéh.” 15  Ku kituna, terus perhatikeun bener-bener cara hirup aranjeun, kudu jadi jalma nu bijaksana, ulah jadi jalma nu teu bijaksana. 16  Gunakeun waktu aranjeun sahadé-hadéna,* sabab jaman kiwari téh jahat. 17  Nu matak, ulah jadi jalma nu teu asup akal deui, tapi aranjeun kudu terus paham naon kahayang Yéhuwa. 18  Salian ti éta, ulah mabok ku cianggur, sabab éta bisa ngajurung aranjeun ngalampahkeun nu bejad.* Sabalikna, sing pinuh ku kawasa suci. 19  Aranjeun kudu silih kuatkeun* ku jabur, pupujian ka Allah, jeung lagu-lagu rohani. Pék ngawih keur Yéhuwa bari diiring ku musik dina haté aranjeun. 20  Terus ucapkeun sukur keur sagala hal ka Allah, Bapa urang, ku ngaran Juragan urang Isa Al-Masih. 21  Aranjeun kudu tunduk ka papada batur ku lantaran ngahormat ka Al-Masih. 22  Pamajikan kudu tunduk ka salakina sakumaha ka Juragan, 23  sabab salaki téh kapalana pamajikan, sakumaha Al-Masih kapalana sidang jamaah jeung nu nyalametkeun awak éta. 24  Pamajikan gé kudu tunduk ka salakina dina sagala hal, sakumaha sidang jamaah tunduk ka Al-Masih. 25  Salaki, terus pikanyaah pamajikan aranjeun, sakumaha Al-Masih ogé mikanyaah sidang jamaah jeung ngorbankeun diri keur maranéhna. 26  Éta téh supaya maranéhna disucikeun, dibersihkeun ku cai, nyaéta firman Allah. 27  Ku kituna di hareupeun manéhna, sidang jamaah téh jadi éndah, henteu kotor atawa kusut atawa nu sarupa kitu, tapi suci jeung euweuh cacadna. 28  Kitu ogé, salaki kudu nyaah ka pamajikanana sakumaha ka awakna sorangan. Jalma nu nyaah ka pamajikanana téh nyaah ka dirina sorangan, 29  da euweuh jalma nu ngéwa ka awakna. Sabalikna, awakna téh dibéré dahar jeung dipikanyaah, sakumaha Al-Masih ka sidang jamaah, 30  lantaran urang téh anggota awak manéhna. 31  ”Éta sababna lalaki bakal ninggalkeun indung bapana tuluy ngahiji* jeung pamajikanana, sarta duanana jadi satunggal.”* 32  Rasiah suci ieu téh penting. Ayeuna kuring ngomong ngeunaan Al-Masih jeung sidang jamaah. 33  Sanajan kitu, aranjeun masing-masing kudu nyaah ka pamajikan siga ka diri sorangan. Sabalikna, pamajikan kudu bener-bener ngahormat salakina.

Catetan Tambihan

Atawa bisa jadi, ”aranjeun”.
Atawa bisa jadi, ”aranjeun”.
Yunani: pornéia. Tingali Daptar Istilah.
Tingali ”Lampah cabul” dina Daptar Istilah.
Yunani: Kyrios. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”jadi caang”.
As. ”Beuli waktu”.
Atawa ”jadi teu bisa nahan diri”.
Atawa bisa jadi, ”Aranjeun kudu nguatkeun diri sorangan”.
Atawa ”tetep bareng”.
As. ”sadaging”.