Nu Ditulis ku Yahya 8:12-59

  • Bapa méré kasaksian ngeunaan Isa (12-30)

    • Isa, ”caangna dunya” (12)

  • Anak-anak Ibrahim (31-41)

    • ’Nu bener bakal ngabébaskeun maranéh’ (32)

  • Anak-anak Iblis (42-47)

  • Isa jeung Ibrahim (48-59)

8  12  Tuluy Isa ngomong deui ka maranéhna, ”Urang téh caangna dunya. Saha waé nu nuturkeun urang moal leumpang di nu poék, tapi bakal boga caang kahirupan.” 13  Ceuk urang Farisi, ”Omongan manéh teu bener, sabab nyaritakeun diri sorangan.” 14  Isa ngajawab, ”Sanajan urang nyaritakeun diri sorangan, omongan urang téh bener, da urang mah apal asal urang ti mana jeung rék ka mana. Ari maranéh mah teu nyaho asal urang ti mana jeung rék ka mana. 15  Maranéh ngahakiman nurutkeun pamikiran manusa, tapi urang mah teu ngahakiman sasaha. 16  Mun ngahakiman gé urang mah adil, sabab urang teu sorangan tapi disarengan ku Bapa nu ngutus urang. 17  Dina Torét maranéh gé ditulis, ’Kasaksian ti dua jalma téh bener.’ 18  Urang méré kasaksian ngeunaan urang, jeung nu kadua, Bapa nu ngutus urang méré kasaksian ngeunaan urang.” 19  Tuluy maranéhna nanya, ”Di mana Bapa manéh?” Isa ngajawab, ”Maranéh teu kenal ka urang jeung ka Bapa urang. Lamun kenal ka urang, maranéh gé kenal ka Bapa urang.” 20  Isa ngomongna téh di tempat kotak-kotak sumbangan basa keur ngajar di bait. Tapi euweuh nu néwak manéhna, sabab can waktuna. 21  Jadi manéhna ngomong deui, ”Urang rék indit jeung bakal ditéangan ku maranéh, tapi maranéh bakal maot lantaran boga dosa. Maranéh moal bisa datang ka tempat urang indit.” 22  Urang Yahudi pada ngaromong kieu, ”Ku naon manéhna bet ngomong, urang teu bisa datang ka tempat manéhna indit. Rék maéhan manéh, kitu?” 23  Isa neruskeun, ”Maranéh mah asalna ti handap, ari urang mah ti luhur. Maranéh asalna ti dunya ieu, ari urang mah lain ti dunya ieu. 24  Éta sababna urang ngomong ka maranéh: Maranéh bakal maot lantaran boga dosa. Lamun maranéh teu percaya urang téh pribadi nu bakal datang téa, maranéh bakal maot lantaran boga dosa.” 25  Jadi maranéhna nanya, ”Manéh téh saha?” Isa ngajawab, ”Urang rék ngomong naon deui ka maranéh? 26  Loba nu kudu diomongkeun ngeunaan maranéh jeung loba nu kudu dihakiman ku urang. Sabenerna, naon nu diomongkeun ku urang téh hal-hal nu didéngé ti Anjeunna nu ngutus urang ka dunya. Anjeunna mah pasti bener.” 27  Nu dimaksud ku Isa téh Bapana, tapi maranéhna teu ngalartieun. 28  Isa tuluy ngomong, ”Sanggeus maranéh ngagantung Putra manusa, maranéh bakal nyaho urang téh jelemana jeung nyaho nu dilakukeun ku urang téh lain kahayang urang sorangan, sarta naon nu diajarkeun ku Bapa, éta nu diomongkeun ku urang. 29  Urang disarengan ku Anjeunna nu ngutus urang, urang moal ditinggalkeun ku Anjeunna, sabab sagala nu dilakukeun ku urang téh nyenangkeun Anjeunna.” 30  Waktu manéhna ngomongkeun sakabéh hal ieu, loba jalma jadi boga iman ka manéhna. 31  Terus Isa ngomong ka urang Yahudi nu percaya ka manéhna, ”Lamun maranéh tetep nyekel pangajaran urang, maranéh bener-bener murid urang. 32  Maranéh gé bakal nyaho naon nu bener, jeung nu bener éta bakal ngabébaskeun maranéh.” 33  Nu séjénna némbalan, ”Urang kabéh pan turunan Ibrahim jeung teu pernah diperbudak ku sasaha. Naon maksudna manéh ngomong urang bakal dibébaskeun?” 34  Isa ngajawab, ”Urang ngomong nu sabener-benerna, unggal jalma nu ngalampahkeun dosa téh diperbudak ku dosa. 35  Salian ti éta, jalma nu diperbudak mah moal terus cicing di imah dununganana, nu terus cicing di dinya mah anakna. 36  Jadi mun maranéh dibébaskeun ku Putra, maranéh bener-bener bébas. 37  Urang nyaho maranéh téh turunan Ibrahim. Tapi maranéh rék maéhan urang lantaran teu daék narima omongan urang. 38  Urang nyaritakeun hal-hal nu ditingali basa keur bareng jeung Bapa urang, ari maranéh mah ngalakukeun hal-hal nu didéngé ti bapa maranéh.” 39  Jawab maranéhna, ”Bapa urang mah Ibrahim.” Ceuk Isa, ”Lamun maranéh anak-anak Ibrahim, maranéh bakal nyonto naon nu dilakukeun ku Ibrahim. 40  Tapi ayeuna, maranéh kalah ka rék maéhan urang, nu méré nyaho hal nu bener nu didéngé ti Allah. Ibrahim mah teu kawas maranéh. 41  Kalakuan maranéh mah sarua jeung kalakuan bapa maranéh.” Ceuk maranéhna, ”Urang mah lain anak haram.* Bapa urang ngan hiji, nyaéta Allah.” 42  Isa ngomong ka maranéhna, ”Lamun Bapa maranéh téh Allah, maranéh bakal nyaah ka urang, sabab urang aya di dieu téh diutus ku Allah. Urang datang téh lain ku kahayang sorangan, tapi ku kahayang Anjeunna nu ngutus urang. 43  Ku naon maranéh teu ngarti kana omongan urang? Sabab maranéh teu daék narima omongan urang. 44  Bapa maranéh mah Iblis, jeung nu ditarurut téh kahayang bapa maranéh. Ti mimiti gé, manéhna téh tukang maéhan jeung nyimpang ti nu bener, sabab manéhna teu resep ka nu bener. Lamun manéhna ngabohong, éta téh mémang geus watekna, lantaran manéhna téh tukang bohong jeung bapana tukang bohong. 45  Sabalikna, urang mah ngomongkeun nu bener, tapi maranéh teu percaya. 46  Saha nu bisa ngabuktikeun urang boga dosa? Lamun omongan urang bener, ku naon maranéh bet teu percaya? 47  Jalma nu asalna ti Allah ngadéngékeun ucapan Allah. Matakna, maranéh mah teu daék ngadéngékeun da asalna lain ti Allah.” 48  Urang Yahudi ngajawab, ”Nya pantes urang nyebut manéh téh urang Samaria jeung jalma nu kasurupan.” 49  Ceuk Isa, ”Urang teu kasurupan. Urang mah hormat ka Bapa, tapi maranéh teu hormat ka urang. 50  Urang teu néangan kamulyaan, da nu hayang urang dimulyakeun mah Allah, jeung Anjeunna nu jadi hakim. 51  Urang ngomong nu sabener-benerna, saha waé nu nurut kana omongan urang, manéhna moal pernah maot.” 52  Ceuk urang Yahudi, ”Tah, bener pan manéh téh kasurupan? Ibrahim jeung nabi-nabi geus maraot, tapi ceuk manéh, saha waé nu nurut kana omongan manéh moal pernah maot. 53  Manéh téh leuwih hébat kitu tibatan bapa urang Ibrahim nu geus maot? Nabi-nabi gé geus maraot. Mémangna manéh téh saha?” 54  Isa ngajawab, ”Lamun urang ngamulyakeun diri sorangan, éta euweuh hartina. Nu ngamulyakeun urang mah Bapa urang, nu diaku Allah ku maranéh. 55  Tapi maranéh teu kenal ka Anjeunna, ari urang mah kenal. Lamun urang ngomong teu kenal ka Anjeunna, urang téh tukang bohong, siga maranéh. Tapi urang mémang kenal jeung nurut kana kekecapana-Na. 56  Ibrahim bapa maranéh geus ngadago-dago poé kadatangan urang, manéhna ngabayangkeun* poé éta jeung atoh pisan.” 57  Urang Yahudi ngomong ka manéhna, ”Manéh téh can gé 50 taun, maenya pernah ningali Ibrahim?” 58  Isa ngomong, ”Urang ngomong nu sabener-benerna, saacan Ibrahim lahir, urang geus aya.” 59  Jadi, maranéhna mulungan batu rék malédogan Isa, tapi Isa nyumput tuluy kaluar ti bait.

Catetan Tambihan

As. ”anak hasil lampah cabul”. Yunani, pornéia. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”ningali”.