Yakobus 2:1-26

  • Pilih kasih téh dosa (1-13)

    • Kanyaah téh hukum raja (8)

  • Iman henteu jeung lampah téh paéh (14-26)

    • Roh-roh jahat percaya jeung sieuneun (19)

    • Ibrahim disebut sobat Yéhuwa (23)

2  Dulur-dulur, sanggeus aranjeun boga iman ka Juragan Isa Al-Masih nu mulya, piraku aranjeun téh pilih kasih?  Misalna, aya dua jalma datang ka kumpulan ibadah aranjeun. Nu hiji maké cingcin-cingcin emas jeung baju méwah, ari nu hijina deui miskin, bajuna gé kotor.  Tapi, aranjeun leuwih hormat ka jalma nu bajuna méwah jeung ngomong, ”Mangga calik di dieu di tempat nu pangalusna,” ari ka nu miskin aranjeun ngomong, ”Nangtung wéh nya,” atawa, ”Sok diuk di handap, di deukeut suku* urang.”  Mun kitu mah lainna aranjeun téh ngabéda-béda jalma jeung jadi hakim nu nyieun putusan nu jahat?  Dulur-dulur nu dipikanyaah, déngékeun kuring. Lainna Allah téh milih jalma-jalma nu dianggap miskin ku dunya pikeun jadi beunghar ku iman jeung ngawaris Pamaréntahan, nu dijangjikeun ku Anjeunna ka jalma-jalma nu nyaah ka Anjeunna?  Aranjeun mah kalah ka ngarendahkeun jalma miskin. Lainna jalma beunghar nu nindes jeung nyéréd aranjeun ka pangadilan téh?  Lainna maranéhna nu ngahina ngaran alus nu dibikeun ku Allah ka aranjeun?  Lamun aranjeun ngajalankeun hukum raja sakumaha ayat nu nyebutkeun, ”Maranéh kudu nyaah ka sasama siga ka diri sorangan,” éta téh alus.  Tapi lamun aranjeun terus pilih kasih, aranjeun téh nyieun dosa, jeung nurutkeun hukum mah aranjeun kabukti salah. 10  Lamun saurang jalma taat kana sakabéh hukum Torét tapi ngalanggar salah sahiji hukumna, manéhna geus ngalanggar sakabéhna. 11  Allah nyebutkeun, ”Ulah jinah,” sarta nyebutkeun, ”Ulah maéhan.” Jadi lamun aranjeun henteu jinah tapi maéhan, nya aranjeun téh ngalanggar hukum. 12  Aranjeun bakal dihakiman nurutkeun hukum keur jalma merdéka,* jadi ucapan jeung laku lampah aranjeun kudu sajalan jeung hukum éta. 13  Jalma nu teu némbongkeun welas asih bakal dihakiman tanpa welas asih. Welas asih téh leuwih unggul tina panghakiman. 14  Dulur-dulur, lamun aya jalma nu ngaku boga iman, tapi éta teu ditunjukkeun dina lalampahanana, naon mangpaatna? Imanna moal bisa nyalametkeun manéhna, pan? 15  Lamun aya dulur saiman, boh awéwé boh lalaki, nu teu boga cukup pakéan* jeung kakurangan dahareun keur sapopoé, 16  terus aranjeun ngomong kieu, ”Jung indit, ulah hariwang, sing cukup pakéan jeung dahareun nya,” tapi aranjeun teu méré nanaon keur kabutuhan hirupna, naon mangpaatna? 17  Nya kitu ogé iman, ari henteu jeung lampah mah iman téh paéh. 18  Tapi meureun, aya nu ngomong kieu, ”Manéh boga iman, urang boga laku lampah. Sok témbongkeun siga kumaha iman henteu jeung lampah téh, ari urang mah rék némbongkeun iman ku lampah urang.” 19  Manéh percaya pan Allah téh ngan hiji? Éta alus. Tapi, roh-roh jahat gé percaya jeung sieuneun* ka Anjeunna. 20  Ari manéh, jalma bodo, hayang ningali buktina yén iman henteu jeung lampah téh percumah? 21  Lainna Ibrahim, bapa urang, disebut bener téh lantaran laku lampahna? Enya, manéhna disebut bener sanggeus ngorbankeun Ishak putrana dina mézbah. 22  Jadi jelas, imanna téh sajalan jeung laku lampahna, sarta imanna jadi sampurna ku lantaran laku lampahna. 23  Jadi, ayat ieu laksana: ”Ibrahim boga iman ka Yéhuwa, ku kituna manéhna dianggap bener,” jeung manéhna disebut sobat Yéhuwa. 24  Ayeuna aranjeun ngarti pan, jalma disebut bener téh ku lantaran laku lampahna, lain ku lantaran imanna hungkul. 25  Kitu ogé Rahab, palacur téa, lainna manéhna téh disebut jalma bener ku lantaran laku lampahna? Manéhna disebut bener téh sanggeus narima utusan ku cara nu soméah jeung ngabantu maranéhna kabur maké jalan séjén. 26  Tanpa roh* awak téh paéh, nya kitu ogé, ari henteu jeung lampah mah iman téh paéh.

Catetan Tambihan

As. ”tatapakan suku”.
As. ”hukum kamerdékaan”.
As. ”nu taranjang”.
Atawa ”ngadégdég”.
Atawa ”napas”. Tingali ”Roh” dina Daptar Istilah.