Ibrani 10:1-39

  • Kurban sato teu bisa nyingkirkeun dosa (1-4)

    • Torét téh saukur kalangkang (1)

  • Al-Masih dikorbankeun sakali keur salilana (5-18)

  • Jalan anyar anu brasna kana kahirupan (19-25)

    • Ulah ngalalaworakeun pasamoan (24, 25)

  • Ulah ngahaja terus nyieun dosa (26-31)

  • Tetep tabah lantaran yakin jeung boga iman (32-39)

10  Torét téh ngan saukur kalangkang* tina hal-hal alus nu bakal datang, lain nu sabenerna. Jadi, Torét* jeung kurban-kurban anu terus disanggakeun unggal taun moal bisa nyampurnakeun jalma-jalma nu ngaraket ka Allah.  Mun enya bisa mah, kurban-kurban téh geus teu kudu disanggakeun deui pan, lantaran jalma-jalma nu ngajalankeun palayanan suci geus disucikeun jeung teu ngarasa salah ku dosana deui?  Sabalikna, kurban-kurban anu disanggakeun unggal taun téh ngingetkeun yén maranéhna boga dosa,  da teu mungkin getih sapi jalu jeung getih embé nyingkirkeun dosa.  Jadi, basa Al-Masih datang ka dunya, manéhna ngomong, ”’Kurban sato jeung kurban séjénna teu dipikahayang ku Gusti, tapi Gusti nyiapkeun awak keur abdi.  Gusti teu resep ka kurban beuleuman jeung kurban keur dosa.’  Tuluy ceuk abdi, ’Nun Gusti, abdi datang téh pikeun ngajalankeun kahoyong Gusti. Dina gulungan* aya tulisan ngeunaan abdi.’”  Saacanna manéhna ngomong, ”Gusti teu mikahayang atawa mikaresep kurban sato, kurban séjénna, kurban beuleuman, jeung kurban keur dosa,” nyaéta kurban-kurban nu disanggakeun nurutkeun Torét.  Tuluy manéhna ngomong, ”Abdi datang téh pikeun ngajalankeun kahoyong Gusti.” Manéhna ngaleungitkeun pangaturan nu mimiti supaya pangaturan nu kadua bisa dijalankeun. 10  Ku sabab ”kahoyong” éta, urang disucikeun ku jalan awak Isa Al-Masih nu dikorbankeun sakali keur salilana. 11  Salian ti éta, imam-imam unggal poéna téh aya di tempatna pikeun ngajalankeun palayanan suci jeung mangkali-kali nyanggakeun kurban-kurban nu sarua. Kurban-kurban éta moal bener-bener bisa nyingkirkeun dosa. 12  Tapi, Al-Masih nyanggakeun hiji korban nu mupus dosa sakali keur salilana sarta diuk di katuhueun Allah, 13  bari ngadagoan nepi ka musuh-musuhna ditalukkeun di handapeun sukuna. 14  Ku hiji korban, manéhna nyampurnakeun jalma-jalma nu disucikeun éta pikeun salilana. 15  Salian ti éta, kawasa suci ngayakinkeun urang ngeunaan hal éta ku kekecapan ieu, 16  ”’Ieu perjangjian nu rék dijieun ku Kuring jeung maranéhna sanggeus mangsa éta,’ ceuk Yéhuwa. ’Hukum-hukum Kuring rék diteundeun dina haté maranéhna, jeung ditulis dina pikiran maranéhna.’” 17  Tuluy disebutkeun, ”Dosa-dosa sarta kasalahan-kasalahan maranéhna ku Kuring moal diinget-inget deui.” 18  Lamun dosa-dosa éta geus dihampura, teu perlu deui aya kurban keur dosa. 19  Ku kituna dulur-dulur, ku lantaran getih Isa, urang jadi wani* ngagunakeun jalan asup ka Rohangan Mahasuci. 20  Manéhna geus mangmukakeun jalan anyar anu brasna kana kahirupan siga ngaliwatan hordén, nyaéta awakna. 21  Lantaran urang boga imam agung nu ngapalaan imah Allah, 22  hayu urang ngadeukeutan Allah ku haté nu iklas jeung iman nu kuat, lantaran haté urang geus dimurnikeun, haté sanubari urang nu jahat geus dibersihkeun, jeung awak urang geus dimandian ku cai nu bersih. 23  Hayu urang terus nguarkeun harepan urang, ulah asa-asa, sabab Allah anu méré jangji éta téh satia. 24  Hayu urang silih perhatikeun* supaya urang kageuing* pikeun némbongkeun kanyaah jeung kahadéan. 25  Ulah ngalalaworakeun pasamoan* urang sakumaha kabiasaan sababaraha jalma, tapi sing silih kuatkeun. Lakukeun éta kabéh leuwih bener-bener deui, sabab poé éta geus beuki deukeut. 26  Lamun urang geus paham pisan kana bebeneran tapi kalah ka ngahaja terus nyieun dosa, geus euweuh deui korban keur dosa urang. 27  Nu aya mah kari ngadagoan hukuman anu pikasieuneun jeung amarah nu ngagedur nu bakal ngamusnakeun jalma-jalma nu nentang. 28  Saha waé nu ngalanggar Hukum Musa jeung geus kabukti ku katerangan ti dua atawa tilu saksi, manéhna dipaéhan, teu dibéré ampun. 29  Tah, komo deui jalma nu nincak ka Putra Allah, nu nyapirakeun getih perjangjian nu nyucikeun manéhna, jeung nu ngahina kawasa suci nu némbongkeun welas asih Allah nu taya bandingna.* Manéhna pantes narima hukuman nu leuwih beurat. 30  Urang apal Allah pernah ngomong kieu, ”Ngabales téh hak Kuring. Kuring nu bakal ngahukum.” Tuluy, ”Yéhuwa bakal ngahakiman umat-Na.” 31  Kacida pikasieuneunana mun dihukum ku Allah nu hirup! 32  Tapi, sing inget kana kaayaan aranjeun baheula. Harita sanggeus aranjeun dicaangan, aranjeun tabah sanajan kudu bajoang bari nyanghareupan loba kasangsaraan. 33  Sakapeung aranjeun diléléwé jeung dikaniaya di hareupeun jalma réa,* sarta sakapeung aranjeun milu sangsara jeung* jalma-jalma nu dikitukeun. 34  Aranjeun milu prihatin jeung némbongkeunana ka jalma-jalma nu dipanjarakeun. Aranjeun gé tetep suka bungah waktu harta banda aranjeun dirampas, lantaran aranjeun nyaho aranjeun téh boga harta nu leuwih hadé jeung langgeng. 35  Ku kituna, aranjeun ulah leungit kawani,* lantaran berkahna gedé pisan. 36  Aranjeun kudu tabah, supaya aranjeun narima naon nu dijangjikeun ku Allah sanggeus ngalakukeun kahayang Anjeunna. 37  Ngan ”sakeudeung” deui, ”nu bakal datang téa* téréh nepi jeung moal telat”. 38  ”Hamba Kuring nu bener lampahna bakal hirup ku lantaran imanna”, jeung ”lamun manéhna sieun tuluy undur, Kuring teu resep ka manéhna”. 39  Urang lain jalma nu sieunan tuluy undur jeung binasa. Urang mah boga iman, jadi tetep hirup.

Catetan Tambihan

Atawa ”bayangan”.
Atawa bisa jadi, ”manusa”.
As. ”gulungan kitab”.
Atawa ”yakin”.
Atawa ”pikirkeun; titénan”.
Atawa ”kajurung”.
Maksudna, pasamoan ibadah.
As. ”saolah-olah dijadikeun tongtonan di téater”.
Atawa ”aranjeun maturan”.
Atawa ”ulah asa-asa ngomong”.
Bisa jadi ngamaksudkeun Allah.