Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 12

Kumaha Kagiatan Pangwawaran Urang Diorganisasi?

Kumaha Kagiatan Pangwawaran Urang Diorganisasi?

Spanyol

Belarus

Hong Kong

Peru

Saacan maot, Yésus ngomong, ”Injil Kasalametan anu mertelakeun hal Karajaan Sawarga bakal diuarkeun ka sakuliah dunya, kadenge ku unggal jelema, geus kitu kakara datang poe kiamat.” (Mateus 24:14) Kumaha kagiatan pangwawaran sadunya ieu dilaksanakeun? Ku cara nuturkeun pola nu ditetepkeun ku Yésus basa di bumi.—Lukas 8:1.

Urang ngadatangan jalma-jalma di imahna. Yésus ngalatih murid-muridna pikeun ngawawarkeun warta hadé ti imah ka imah. (Mateus 10:11-13; Rasul 5:42; 20:20) Dina abad kahiji, murid-murid ditugaskeun pikeun ngawawar di daérah nu geus ditangtukeun. (Mateus 10:5, 6; 2 Korinta 10: 13, Sunda Formal) Kitu ogé kiwari, kagiatan pangwawaran urang diatur supaya tartib. Unggal sidang boga daérah pangwawaranana masing-masing. Ku kituna, urang bisa ngalaksanakeun paréntah Yésus pikeun ”ngembarkeun Injil Kasalametan”.—Rasul 10:42.

Urang ngawawar ka jalma-jalma di mana waé. Yésus méré tuladan ngawawar ka jalma-jalma di tempat umum, saperti di basisir atawa di sisi sumur. (Markus 4:1; Yohanes 4:5-15) Urang ogé ngajak ngobrol jalma-jalma ngeunaan Alkitab di mana waé, misalna di jalan, di tempat bisnis, di taman, atawa liwat telepon. Salian ti éta, urang ngawawar ka tatangga, batur gawé, batur sakola, jeung baraya lamun aya kasempetan nu cocog. Ku cara-cara ieu, jutaan jalma di sakuliah dunya bisa ngadéngé ”warta hade” ngeunaan kasalametan.—Jabur 96:2.

Naha Sadérék hayang nyaritakeun warta hadé Karajaan Allah jeung mangpaatna pikeun mangsa kahareup ka batur? Naha kapikir ku Sadérék rék nyarita ka saha? Warta pangharepan ieu ulah disimpen sorangan. Geura caritakeun ka batur!

  • Naon nu kudu diwawarkeun ku urang?

  • Kumaha Saksi-Saksi Yéhuwa nyonto cara-cara Yésus ngawawar?