Jabur 1:1-6

  • Dua jalan hirup nu béda pisan

    • Bagja lantaran maca hukum Allah (2)

    • Jalma bener téh siga tangkal nu buahna loba (3)

    • Jalma jahat téh siga huut badag anu katiup angin (4)

1  Bagja jalma anu leumpangna teu nuturkeun pituduh jalma jahatJeung teu nangtung di jalanna jalma dosaSarta teu diuk bareng jeung nu sok moyok,   Tapi resepna téh kana hukum Yéhuwa. Hukum-Na ku manéhna dibaca beurang peuting bari dipikirkeun bener-bener.*   Manéhna bakal siga tangkal anu dipelak di sisi aliran cai,Tangkal nu buahan dina usumna,*Nu daunna moal garing. Sagala nu dilampahkeun ku manéhna hasilna pasti alus.   Sabalikna, jalma jahat mah teu kitu. Maranéhna siga huut badag anu katiup angin.   Jalma jahat moal bisa lolos tina hukuman. Jalma nu nyieun dosa moal aya di antara jalma bener.   Yéhuwa terang jalan hirup jalma bener,Tapi jalan hirup jalma jahat mah bakal musna.

Catetan Tambihan

Atawa ”bari dilenyepan; ku sora nu laun”.
Atawa ”usimna”.