Pindah kana eusi

Na Iblis téh Pribadi nu Bener-Bener Aya?

Na Iblis téh Pribadi nu Bener-Bener Aya?

Jawaban Alkitab

 Enya. Manéhna téh ”pangawasa dunya ieu”. (Yahya 14:30) Iblis téh malaikat nu jadi jahat jeung barontak ka Allah. (Éfésus 6:11, 12) Alkitab nunjukkeun sipat-sipat Iblis ku cara méré sababaraha sebutan ka manéhna:

  •   Sétan, nu hartina ”Tukang Nangtang”.​—Ayub 1:6, Terjemahan Dunia Baru.

  •   Iblis, nu hartina ”Tukang Mitnah”.​—Wahyu 12:9.

  •   Oray, nu kadang digunakeun dina Alkitab pikeun ngamaksudkeun ”Tukang Tipu”.​—2 Korintus 11:3.

  •   Tukang ngagoda.​—Matius 4:3.

  •   Tukang bohong.​—Yahya 8:44.

Teu ngan saukur sipat jahat

 Aya nu mikir yén Sétan si Iblis téh ngan saukur sipat jahat nu aya dina diri saurang jalma. Tapi, Alkitab pernah nyaritakeun yén Allah ngobrol jeung Sétan. Allah téh sampurna, jadi Anjeunna moal mungkin ngobrol jeung sipat jahat nu aya dina diri-Na sorangan. (Ulangan 32:4; Ayub 2:1-6) Salian ti éta, Sétan gé pernah ngagoda Isa, saurang jalma nu teu boga dosa. (Matius 4:8-10; 1 Yahya 3:5) Ku kituna, Alkitab nunjukkeun yén Iblis téh pribadi nu bener-bener aya, teu ngan saukur sipat jahat.

 Urang teu kudu héran mun loba jalma teu percaya yén Iblis téh pribadi nu bener-bener aya. Ku naon? Alkitab geus ngajelaskeun yén Sétan bakal ngagunakeun sagala tipuan pikeun ngalaksanakeun tujuanana. (2 Tésalonika 2:9, 10) Salah sahiji tipuan nu panghébatna téh nyaéta ngayakinkeun loba jalma yén manéhna téh lain hiji pribadi nu bener-bener aya.​—2 Korintus 4:4.

Kasalahpahaman séjén ngeunaan si Iblis

  Mitos: Lusifer téh ngaran séjén ti Iblis.

 Fakta: Kecap Ibrani nu ditarjamahkeun jadi ”Lusifer” dina sababaraha Alkitab téh hartina ”nu moncorong”. (Yesaya 14:12) Mun maca ayat-ayat séjénna, istilah ieu téh ngamaksudkeun dinasti atawa raja-raja Babilon nu direndahkeun ku Allah ku lantaran kasombonganana. (Yesaya 14:4, 13-20) Istilah ”nu moncorong” digunakeun pikeun ngahina karajaan Babilon sanggeus karajaan éta diancurkeun.

  Mitos: Sétan ditugaskeun ku Allah pikeun nguji jalma-jalma.

 Fakta: Si Iblis téh lain palayan Allah, tapi musuh-Na. Sétan si Iblis ngamusuhan jeung mitnah umat Allah.​—1 Pétrus 5:8; Wahyu 12:10.