Jabur 115:1-18

  • Ngan Allah nu layak dipuji

    • Berhala nu euweuh nyawana (4-8)

    • Bumi dibikeun ka manusa (16)

    • ”Nu maot teu bisa muji Yah” (17)

115  Sanés abdi-abdi, nun Yéhuwa, sanés abdi-abdi,Nu kedah dimulyakeun téh mung nami Gusti,Ku sabab Gusti téh Allah nu nyaahan* jeung satia.   Ulah nepi ka bangsa-bangsa ngaromong kieu,”Mana Allah maranéhna téh?”   Allah urang aya di sorga,Anjeunna midamel naon waé nu dipikahoyong-Na.   Berhala maranéhna téh tina pérak jeung emas,Dijieun ku leungeun manusa.   Berhalana boga sungut tapi teu bisa ngomong,Boga panon tapi teu bisa nempo,   Boga ceuli tapi teu bisa ngadéngé,Boga irung tapi teu bisa ngambeu,   Boga leungeun tapi teu bisa nyekel,Boga suku tapi teu bisa leumpang,Boga tikoro tapi teu bisa ngaluarkeun sora.   Nu nyarieunna bakal jiga kitu,Nya nu nyarembahna gé bakal jiga kitu.   Hé Israél, sing percaya ka Yéhuwa. Anjeunna téh panulung jeung taméng aranjeun. 10  Hé turunan Harun, sing percaya ka Yéhuwa. Anjeunna téh panulung jeung taméng aranjeun. 11  Aranjeun nu hormat* ka Yéhuwa, sing percaya ka Yéhuwa. Anjeunna téh panulung jeung taméng aranjeun. 12  Yéhuwa inget jeung bakal ngaberkahan urang kabéh,Anjeunna bakal ngaberkahan turunan Israél,Anjeunna bakal ngaberkahan turunan Harun. 13  Yéhuwa bakal ngaberkahan jalma-jalma nu hormat* ka Anjeunna,Boh nu kolot boh nu ngora.* 14  Aranjeun bakal dijadikeun loba ku Yéhuwa,Nya aranjeun nya barudak* aranjeun. 15  Mugia aranjeun diberkahan ku Yéhuwa,Nu Ngadamel langit jeung bumi. 16  Langit milik Yéhuwa,Tapi bumi geus dibikeun ku Anjeunna ka manusa. 17  Nu maot teu bisa muji Yah,Kitu ogé jeung saha waé nu turun ka kuburan. 18  Tapi urang bakal muji YahTi ayeuna nepi ka salalanggengna. Puji Yah!*

Catetan Tambihan

Atawa ”nunjukkeun asih satia”.
As. ”sieun”.
As. ”sieun”.
Atawa ”Boh nu gedé boh nu leutik”.
As. ”anak-anak lalaki”.
Atawa ”Haléluyah!” ”Yah” téh ngaran pondokna Yéhuwa.