Jabur 127:1-5

  • Tanpa Allah mah, kabéh percumah

    • ”Mun lain Yéhuwa nu ngabangun imah” (1)

    • Barudak téh kurnia ti Allah (3)

Lagu waktu keur nanjak ka kota. Jabur karangan Sulaéman. 127  Mun lain Yéhuwa nu ngabangun imah,Percumah jalma-jalma tohtohan ngabangunna. Mun lain Yéhuwa nu ngajaga kota,Percumah terus dijaga ku pangawal gé.   Percumah maranéh hudang isuk-isuk,Digawé nepi ka peuting,Sarta banting tulang néangan dahareun,Da Anjeunna nu nyadiakeun pangabutuh jalma-jalma nu dipikanyaah-Na, malah saréna gé disina tibra.   Barudak* téh kurnia ti Yéhuwa,Barudak téh anugerah.   Barudak nu dilahirkeun waktu bapana ngora kénéh téhLir panah-panah nu dicekel ku jalma nu perkasa.   Bagja jalma anu boga loba budak.* Maranéhna moal diéra-éra ku musuh,Sabab barudakna éta nu bakal ngabéla maranéhna di gerbang kota.

Catetan Tambihan

Atawa ”Anak-anak lalaki”.
As. ”Bagja jalma anu minuhan kantong panahna ku panah-panah”.