Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Kumaha Carana Ngalatih Haté Sanubari?

Kumaha Carana Ngalatih Haté Sanubari?

 Ceuk anjeun, haté sanubari téh bisa disaruakeun jiga naon?

  •   péta

  •   eunteung

  •   sobat

  •   hakim

 Kabéhanana téh bener. Artikel ieu bakal ngabahas alesanana.

 Naon haté sanubari téh?

 Haté sanubari téh nyaéta parasaan nu méré nyaho anjeun ngeunaan bener henteuna hiji hal. Ceuk Kitab Suci, éta téh jiga ’hukum nu katulis di jero haté’. (Rum 2:15) Haté sanubari anu alus bisa méré nyaho bener henteuna hal nu rék dilakukeun jeung nu geus dilakukeun ku anjeun.

  •   Haté sanubari téh jiga péta. Éta bisa méré nyaho jalan nu bener supaya anjeun teu keuna masalah.

  •   Haté sanubari téh jiga eunteung. Éta bisa nunjukkeun anjeun téh jalma nu jiga kumaha.

  •   Haté sanubari téh jiga sobat. Éta bisa méré saran nu alus. Lamun anjeun nuturkeunana, anjeun bakal suksés.

  •   Haté sanubari téh jiga hakim. Éta bisa ngingetan lamun anjeun ngalakukeun hal nu salah.

Haté sanubari anu hadé bisa mantuan anjeun nyieun putusan anu bijaksana

 Palajaran penting: Haté sanubari téh penting pisan. Éta bisa mantuan anjeun (1) nyieun putusan nu bijaksana, jeung (2) ngalempengkeun kasalahan anjeun.

 Ku naon haté sanubari anjeun kudu dilatih?

 Kitab Suci méré nyaho yén urang kudu boga ”haté anu beresih”. (1 Petrus 3:16) Lamun haté sanubari anjeun tara dilatih, hésé pikeun boga haté sanubari nu beresih.

 ”Mun iinditan, abdi sok ngabohong ka kolot. Tara méré nyaho abdi geus ka mana waé. Mimitina abdi ngarasa teu ngeunah haté, tapi lila-lila mah biasa.”—Jennifer.

 Ka dieunakeun, haté sanubari ngajurung Jennifer pikeun jujur jeung teu ngabohong deui ka kolotna.

 Pikeun dipikirkeun: Kuduna iraha haté sanubari Jennifer méré paringetan?

 ”Pura-pura jadi jalma bener téh hésé. Abdi kalah ka jadi strés. Mun sakali waé haté sanubari ngantep urang ngalakukeun nu salah, engkéna urang jadi leuwih babari nyieun kasalahan séjénna.”—Matthew.

 Aya sababaraha jalma anu ngabaékeun haté sanubarina. Ceuk Kitab Suci, jalma-jalma siga kitu téh ”resep ngalajur napsu”. (Epesus 4:19, Sunda Formal) Maranéhna ”geus areuweuh kaera”.

 Pikeun dipikirkeun: Na jalma-jalma nu teu ngarasa salah padahal geus ngalakukeun hal goréng téh hirupna leuwih bagja? Maranéhna bakal boga masalah naon waé?

 Palajaran penting: Supaya bisa boga haté sanubari anu hadé, anjeun kudu boga kamampuh mikir jeung ”bisa ngabédakeun mana nu hade mana nu jahat.”—Ibrani 5:14.

 Kumaha carana ngalatih haté sanubari?

 Pikeun ngalatih haté sanubari, anjeun butuh patokan anu bisa dijadikeun conto. Aya nu patokanna téh nuturkeun:

  •   kulawarga jeung kabudayaan

  •   babaturan

  •   jalma-jalma nu kasohor

 Tapi, patokan anu panghadéna keur kahirupan téh aya dina Kitab Suci. Ku naon? Sabab Kitab Suci téh ”wahyu ti Allah”, Pribadi anu nyiptakeun urang sarta apal naon nu panghadéna keur urang.—2 Timoteus 3:16.

 Perhatikeun sababaraha contona:

 PATOKAN: ”Nu dipambrih taya deui salian ti hayang salawasna bisa ngalampahkeun anu bener.”—Ibrani 13:18.

  •   Lamun nuturkeun patokan éta, kumaha haté sanubari bisa ngabantu anjeun waktu digoda pikeun ngalakukeun anu teu bener atawa nu teu jujur, misalna nyonték, ngabohong ka kolot, atawa maok?

  •   Lamun haté sanubari anjeun ngingetan pikeun jujur, anjeun bakal meunang mangpaat naon ayeuna jeung kahareupna?

 PATOKAN: ”Pahing lacur!”—1 Korinta 6:18.

  •    Lamun nuturkeun patokan éta, kumaha haté sanubari bisa ngabantu anjeun waktu anjeun kagoda hayang ningali hal-hal anu cabul atawa hayang ngalakukeun hubungan séks saacan nikah?

  •   Lamun haté sanubari anjeun ngingetan pikeun ngajauhan hal-hal anu cabul, anjeun bakal meunang mangpaat naon ayeuna jeung kahareupna?

 PATOKAN: ”Kudu sareh, alus budi, jeung kudu silih hampura.”—Epesus 4:32.

  •    Lamun nuturkeun patokan éta, kumaha haté sanubari bisa ngabantu anjeun waktu pagétréng jeung adi lanceuk atawa babaturan?

  •   Lamun haté sanubari anjeun ngingetan supaya anjeun bageur jeung réla ngahampura, anjeun bakal meunang mangpaat naon ayeuna jeung kahareupna?

 PATOKAN: ”Yéhuwa . . . ngéwa ka jalma nu resep kana kakerasan.”—Jabur 11:5, Terjemahan Dunia Baru.

  •    Kumaha patokan éta ngabantu anjeun waktu milih film, acara TV, jeung game?

  •   Lamun haté sanubari anjeun ngabantu anjeun ngajauhan hiburan anu aya gelut jeung bunuh-bunuhanna, anjeun bakal meunang mangpaat naon ayeuna jeung kahareupna?

 PANGALAMAN: ”Aya sababaraha babaturan nu resep maén game nu aya kakerasanna. Abdi gé osok maén game éta. Sakali waktu si Bapa mapatahan, ulah maén game jiga kitu deui. Jadi abdi susulumputan, maénna pas keur ulin di imah babaturan wungkul. Terus pas balik ka imah, biasana abdi sok cicing waé, teu nyarita ka si Bapa. Si Bapa sok nanya, ’Aya naon?’ Terus abdi bakal ngajawab, ’Teu, teu aya nanaon.’ Dina hiji poé, abdi maca Jabur 11:5. Abdi jadi ngarasa, naon nu dilakukeun ku abdi téh salah. Abdi sadar, abdi kudu eureun maén game anu jiga kitu. Ahirna, abdi bener-bener eureun. Ningali kitu, salah saurang babaturan abdi gé jadi eureun maén game éta.”—Jeremy.

 Pikeun dipikirkeun: Iraha haté sanubari Jeremy ngingetan manéhna, jeung iraha Jeremy mulai ngagugu haté sanubarina? Anjeun diajar naon tina pangalaman Jeremy?

 Palajaran penting: Haté sanubari bisa nunjukkeun anjeun téh jalma anu jiga kumaha. Ari ceuk haté sanubari anjeun, anjeun jalma nu jiga kumaha?