Galatia 2:1-21

  • Paulus panggih jeung para rasul di Yérusalém (1-10)

  • Paulus negor Pétrus (Kéfas) (11-14)

  • Disebut jalma bener lantaran boga iman (15-21)

2  Opat belas taun ti harita, kuring indit deui ka Yérusalém bareng jeung Barnabas, kuring gé ngajak Titus.  Kuring ka ditu téh ku lantaran naon nu disingkabkeun ka kuring. Tuluy, kuring nyarita ngeunaan warta hadé nu diwawarkeun ku kuring ka bangsa-bangsa séjén. Tapi, nyaritana téh ngan di hareupeun sadérék-sadérék nu kacida dihormatna. Ieu pikeun mastikeun yén palayanan kuring nu baheula jeung nu ayeuna téh henteu percumah.  Ari Titus nu milu jeung kuring téh urang Yunani, sanajan kitu euweuh nu maksa manéhna disunat.  Tapi, éta dimasalahkeun ku dulur-dulur palsu nu nyulusup siga mata-mata. Maranéhna hayang nyaho ngeunaan kabébasan urang salaku murid-murid Isa Al-Masih,* tujuanana supaya urang diperbudak ku maranéhna.  Tapi, urang-urang embung ngéléhan atawa nurut ka maranéhna, saeutik* gé henteu, supaya aranjeun bisa tetep nyekel bebeneran tina warta hadé.  Kumaha baheulana sadérék-sadérék nu dianggap penting téa euweuh bédana keur kuring, da Allah henteu ningali jalma tina lahirna. Kuring gé teu diajar hal-hal nu anyar ti sadérék-sadérék nu kacida dihormatna éta.  Malah, maranéhna ngarti yén kuring téh dipercaya pikeun nguarkeun warta hadé ka bangsa-bangsa nu lain Yahudi,* sakumaha Pétrus dipercaya pikeun nguarkeun warta hadé ka urang Yahudi.*  Allah méré kasanggupan ka Pétrus pikeun jadi rasul keur urang Yahudi.* Anjeunna gé méré kasanggupan ka kuring pikeun jadi rasul keur bangsa-bangsa séjén.  Lantaran sadar Allah geus némbongkeun welas asih nu taya bandingna* ka kuring, sadérék-sadérék nu jadi pamingpin,* nyaéta Yakobus, Kéfas,* jeung Yahya, nyalaman kuring sarta Barnabas tanda satuju yén urang-urang bakal ngawawar ka bangsa-bangsa séjén, ari maranéhna ngawawar ka urang Yahudi.* 10  Maranéhna ngan ménta supaya urang-urang merhatikeun sadérék-sadérék nu miskin, jeung éta nu geus satékah polah diupayakeun ku kuring. 11  Tapi, basa Kéfas* datang ka Antiokhia, manéhna ku kuring ditegor da jelas-jelas salah. 12  Biasana mah manéhna osok dahar bareng jeung jalma-jalma ti bangsa séjén. Tapi, basa sadérék-sadérék nu diutus ku Yakobus datang, manéhna jadi teu daékeun deui tuluy misah, da sieuneun ka jalma-jalma nu ngadukung sunat. 13  Urang Yahudi séjénna pipilueun munapék, malah Barnabas gé kabawakeun. 14  Waktu kuring ningali kalakuan maranéhna papalingpang jeung bebeneran tina warta hadé, kuring ngomong ka Kéfas* di hareupeun maranéhna kabéh, ”Ongkoh manéh téh urang Yahudi, tapi kalakuan siga bangsa séjén, lain siga urang Yahudi. Mun kitu mah kumaha manéh rék ngadesek jalma-jalma ti bangsa séjén pikeun nuturkeun kabiasaan Yahudi?” 15  Urang téh asli urang Yahudi, lain jalma dosa ti bangsa séjén. 16  Urang nyaho jelema disebut bener téh ngan ku lantaran boga iman ka Isa Al-Masih, lain lantaran ngajalankeun hukum. Jadi, urang boga iman ka Isa Al-Masih téh supaya urang disebut jalma bener ku lantaran boga iman ka Al-Masih, lain ku lantaran ngajalankeun hukum, da euweuh saurang-urang acan nu disebut jalma bener ku lantaran ngajalankeun hukum. 17  Ayeuna, lamun urang masih kénéh dianggap jalma dosa padahal urang geus ngupayakeun disebut jalma bener ku jalan Al-Masih, na éta hartina Al-Masih ngajurung urang nyieun dosa? Nya henteu atuh! 18  Lamun kuring ngabangun deui naon nu geus diruntuhkeun ku kuring, éta némbongkeun kuring téh ngalanggar hukum. 19  Ku lantaran hukum, kuring maot kana hukum* supaya bisa hirup keur Allah. 20  Kuring dipakukeun dina tihang bareng jeung Al-Masih. Jadi, nu hirup lain kuring deui, tapi Al-Masih nu ngahiji jeung kuring. Hirup kuring nu ayeuna téh sajalan jeung iman ka Putra Allah, nu nyaah ka kuring jeung ngorbankeun hirupna keur kuring. 21  Kuring henteu nolak welas asih Allah nu taya bandingna.* Lamun saurang jalma disebut bener ku lantaran ngajalankeun hukum, Al-Masih maot téh percumah atuh?

Catetan Tambihan

As. ”Al-Masih Isa”.
As. ”sajam”.
Atawa ”nu teu disunat”.
Atawa ”nu disunat”.
Atawa ”nu disunat”.
Atawa ”pilar-pilar sidang jamaah”.
Ngaran séjénna Pétrus.
Atawa ”nu disunat”.
Ngaran séjénna Pétrus.
Ngaran séjénna Pétrus.
Atawa ”bébas tina hukum”.