2 Korintus 9:1-15

  • Alesan pikeun méré (1-15)

    • Allah nyaah ka jalma nu méré bari jeung suka bungah (7)

9  Ngeunaan bantuan* keur jalma-jalma suci, sabenerna kuring teu perlu nyuratan heula ka aranjeun,  da kuring apal karélaan aranjeun, sakumaha nu diagulkeun ku kuring ka sadérék-sadérék di Makédonia. Kuring ngomong ka maranéhna, ”Akhaya* mah geus siap ti sataun ka tukang.” Tah, kalolobaan ti maranéhna téh jadi kabawakeun sumanget.  Nu matak, kuring ngutus sadérék-sadérék ieu supaya naon nu diagulkeun ku kuring ngeunaan aranjeun téh lain omong kosong, jeung supaya aranjeun bener-bener siap sakumaha omongan kuring ka maranéhna.  Saupama sadérék-sadérék ti Makédonia datang bareng jeung kuring terus aranjeun can siap, atuh urang-urang jeung aranjeun pasti éra, da urang-urang geus yakin ka aranjeun.  Jadi, kuring ngarasa perlu ngajurung sadérék-sadérék ieu datang ti heula ka aranjeun, sina ngumpulkeun loba sumbangan nu geus dijangjikeun ku aranjeun. Ku kituna lamun sumbanganana geus siap, katingali aranjeun téh béréhan, lain méré ku kapaksa.  Sing inget, anu melak saeutik ngalana gé saeutik, anu melak loba ngalana gé loba.  Masing-masing kudu méré sakumaha putusan haténa, ulah bari kukulutus* atawa asa kapaksa, sabab Allah nyaah ka jalma nu méré bari jeung suka bungah.  Salian ti éta, Allah sanggup ngagebrokeun welas asih nu taya bandingna* ka aranjeun, supaya aranjeun teu pernah kakurangan dina sagala hal sarta boga loba hal pikeun nyieun kahadéan.  Sakumaha aya ayat nu nyebutkeun, ”Manéhna téh béréhan. Manéhna téh resep méré ka nu miskin. Tindakanana nu bener bakal diinget salilana.” 10  Allah, anu méré loba binih ka nu nebar jeung roti keur didahar, bakal nyadiakeun binih keur ditebar, jeung loba nyadiakeunana. Allah gé bakal méré loba hasil tina tindakan aranjeun nu bener. 11  Allah ngaberkahan aranjeun dina sagala hal, supaya aranjeun gé bisa béréhan ku sagala cara. Ku kituna, sumbangan aranjeun nu ditepikeun liwat urang-urang bisa ngageuing batur ngucap sukur ka Allah, 12  sabab palayanan ieu téh lain ngan saukur nyumponan pangabutuh jalma-jalma suci, tapi ogé ngageuing loba jalma ngucap sukur ka Allah. 13  Palayanan ieu ngabuktikeun jalma nu siga kumaha aranjeun téh. Ku kituna, maranéhna bakal ngamulyakeun Allah lantaran aranjeun taat kana warta hadé ngeunaan Al-Masih nu diuarkeun ku aranjeun, jeung lantaran aranjeun béréhan dina méré sumbangan ka maranéhna sarta ka kabéh jalma. 14  Maranéhna bakal ngadoakeun aranjeun jeung mikanyaah aranjeun lantaran sakitu gedéna welas asih Allah nu taya bandingna* dina diri aranjeun. 15  Sukur ka Allah keur kurnia-Na nu teu bisa diungkabkeun ku kekecapan.

Catetan Tambihan

Atawa ”palayanan”.
Propinsi di Roma nu ibu kotana Korintus.
Atawa ”asa-asa”.