Nu Ditulis ku Matius 5:1-48

  • HUTBAH DI GUNUNG (1-48)

    • Isa mulai ngajar di gunung (1, 2)

    • Salapan kabagjaan (3-12)

    • Uyah jeung caang (13-16)

    • Isa ngalaksanakeun Torét (17-20)

    • Naséhat ngeunaan kaambek (21-26), jinah (27-30), pepegatan (31, 32), sumpah (33-37), ulah ngabales (38-42), nyaah ka musuh (43-48)

5  Basa ningali loba jalma, manéhna naék ka gunung, geus kitu diuk, jeung murid-muridna nyalampeurkeun.  Tuluy manéhna ngajar,  ”Bagja jalma-jalma nu ngarasa perlu dibingbing ku Allah,* sabab Pamaréntahan sorga téh eukeur maranéhna.  ”Bagja jalma-jalma nu keur sedih, sabab bakal diupahan.  ”Bagja jalma-jalma nu lemah lembut, sabab bakal ngawaris bumi.  ”Bagja jalma-jalma nu hayang pisan* ngalampahkeun nu bener, sabab kahayang éta bakal kacumponan.  ”Bagja jalma-jalma nu karunyaan, sabab bakal dipikarunya.  ”Bagja jalma-jalma nu haténa bersih, sabab bakal ningali Allah.  ”Bagja jalma-jalma nu ngupayakeun karukunan,* sabab ku Allah bakal diaku putra. 10  ”Bagja jalma-jalma anu dikaniaya lantaran ngalampahkeun hal-hal nu bener, sabab Pamaréntahan sorga téh eukeur maranéhna. 11  ”Bagja maranéh lamun maranéh dipoyokan, dikaniaya, jeung digogoréng lantaran jadi murid urang. 12  Sing atoh, sing bungah, sabab ganjaran maranéh gedé di sorga. Nabi-nabi saacan maranéh gé dikaniaya siga kitu. 13  ”Di dunya, maranéh téh siga uyah. Lamun uyahna geus teu asin deui, rék dikumahakeun? Éta moal bisa dipaké deui, paling gé dipiceun ka jalan, ditincakan ku jelema. 14  ”Di dunya, maranéh téh siga caang. Kota nu aya di luhur gunung pasti katempo. 15  Moal aya jelema nu nyeungeut lampu tuluy dituruban ku karanjang, nu aya mah diteundeunna di tempat nu luhur ngarah bisa nyaangan kabéh nu aya di imah. 16  Kitu ogé, pencarkeun caang maranéh ka jalma-jalma supaya maranéhna bisa ningali kalakuan maranéh anu hadé. Ku kituna, Bapa maranéh nu aya di sorga bakal dimulyakeun. 17  ”Ulah mikir urang datang téh rék mupus Torét atawa Kitab Para Nabi. Urang datang téh lain rék mupus, justru rék ngalaksanakeun éta. 18  Sing percaya, satungtung langit jeung bumi aya kénéh, moal aya hiji hurup pangleutikna atawa hiji titik nu leungit tina Torét nepi ka sakabéh eusina laksana. 19  Jadi, saha waé nu ngalanggar salah sahiji paréntah dina Torét, najan nu sapira, jeung ngajar batur ngalampahkeun nu sarua, manéhna bakal jadi nu pangrendahna dina* Pamaréntahan sorga. Sabalikna, saha waé nu ngajalankeunana jeung ngajarkeunana ka batur bakal dianggap penting dina* Pamaréntahan sorga. 20  Nu matak urang ngabéjaan, lamun hirup maranéh teu leuwih bener tibatan ahli Torét jeung urang Farisi, maranéh teu meunang asup ka Pamaréntahan sorga. 21  ”Maranéh geus ngadéngé karuhun-karuhun maranéh dibéjaan, ’Ulah maéhan, anu ­maéhan bakal dibawa ka pangadilan.’ 22  Tapi, ceuk urang mah saha nu terus ambek ka dulurna bakal dibawa ka pangadilan, jeung saha nu nyebut dulurna ku sebutan anu ngahina bakal dibawa ka Mahkamah Agung.* Tapi saha nu ngomong ka dulurna, ’Dasar belegug siah!’ bakal dialungkeun ka Géhéna* nu seuneuna ngagedur. 23  ”Jadi, lamun manéh mawa kurban ka mézbah, tuluy inget aya dulur manéh nu nyeri haté ka manéh, 24  tunda heula éta kurban di hareupeun mézbah. Geuwat indit, téangan heula dulur manéh tuluy ménta hampura, geus kitu kakara neruskeun ngurban. 25  ”Lamun aya nu rék merkarakeun manéh, béréskeun masalahna saacan manéh dibawa ka pangadilan. Sabab lamun geus di pangadilan mah, manéh bakal diserahkeun ka hakim, tuluy hakim bakal nyerahkeun manéh ka para patugas ngarah manéh dipanjarakeun. 26  Nu pasti, manéh moal bisa kaluar ti panjara kajaba manéh ngalunasan sakabéh hutang nepi ka nu kencring-kencringna.* 27  ”Maranéh geus ngadéngé, ’Ulah jinah.’ 28  Tapi ceuk urang mah, saha waé nu melong ka awéwé nepi ka napsu, manéhna geus jinah jeung éta awéwé dina haténa. 29  Jadi, lamun panon katuhu manéh matak pidosaeun,* mending cokél, tuluy piceun. Leuwih hadé leungit hiji panon tibatan saawak-awak dialungkeun ka Géhéna.* 30  Terus, lamun leungeun katuhu manéh matak pidosaeun,* mending teukteuk, tuluy piceun. Leuwih hadé buntung sabeulah tibatan saawak-awak dialungkeun ka Géhéna.* 31  ”Salian ti éta, disebutkeun ogé, ’Lamun aya nu rék megatkeun pamajikan, manéhna kudu méré surat talak.’ 32  Tapi urang ngabéjaan, lamun aya nu megatkeun pamajikan, tapi lain disababkeun ku lampah cabul,* manéhna ngajurung éta awéwé ngalampahkeun jinah. Lamun éta awéwé kawin deui, lalaki nu ngawinna gé milu jinah. 33  ”Maranéh gé geus ngadéngé karuhun-karuhun maranéh dibéjaan, ’Ulah nyieun sumpah bari teu dilaksanakeun. Lamun maranéh geus ikrar ka Yéhuwa, éta kudu dilaksanakeun.’ 34  Tapi urang ngabéjaan: Ulah ngucap sumpah. Ulah sumpah demi sorga lantaran sorga téh tahtana Allah. 35  Ulah sumpah demi bumi lantaran bumi téh tatapakan sukuna Allah. Ulah sumpah ogé demi Yérusalém lantaran éta téh kotana Raja nu agung. 36  Ulah sumpah demi sirah manéh sabab manéh teu bisa ngarobah buuk manéh jadi hideung atawa bodas salambar-lambar acan. 37  Jadi lamun manéh ngomong ’Enya’ kudu enya, lamun ’Henteu’ kudu henteu. Leuwih ti éta mah asalna ti si jahat.* 38  ”Maranéh geus ngadéngé, ’Panon bayar panon, huntu bayar huntu.’ 39  Tapi urang ngabéjaan: Lamun aya nu jahat ka maranéh, teu kudu dilawan. Malah lamun aya nu nampiling pipi katuhu, bikeun ogé nu kéncana. 40  Lamun aya nu ngadukeun maranéh ka pangadilan rék ngarebut baju maranéh, bikeun ogé baju luarna. 41  Lamun aya pangawasa nu nitah indit sakilométer, pék indit jeung manéhna dua kilométer. 42  Lamun aya nu ménta barang maranéh, sok bikeun. Lamun aya nu rék nginjeum,* injeumkeun. 43  ”Maranéh geus ngadéngé, ’Manéh kudu nyaah ka sasama, kudu ngéwa ka musuh.’ 44  Tapi urang ngabéjaan: Terus pikanyaah musuh-musuh maranéh, jeung doakeun nu nganiaya maranéh. 45  Éta bukti maranéh téh putra-putra Allah. Anjeunna gé méré hujan jeung panonpoé boh ka nu jahat boh ka nu bageur, boh ka nu bener boh ka nu teu bener. 46  Lamun maranéh ngan nyaah ka nu mikanyaah maranéh, naon ganjaranana? Tukang mulung pajeg gé sarua kawas kitu, pan? 47  Lamun maranéh ngucapkeun salam ngan ka dulur maranéh hungkul, naon hébatna? Jalma-jalma ti bangsa séjén gé sarua kawas kitu, pan? 48  Maranéh kudu sampurna,* siga Bapa maranéh nu di sorga ogé sampurna.

Catetan Tambihan

Atawa ”nu ménta-ménta bakat ku butuh kana hal-hal rohani”.
As. ”lapar jeung haus”.
Atawa ”resep rukun”.
Atawa ”teu pantes asup ka”.
Atawa ”pantes asup ka”.
Atawa ”Sanhédrin”.
Tempat ngaduruk runtah di luareun Yérusalém. Tingali Daptar Istilah.
As. ”kuadran nu pangahirna”. Kuadran téh duit kencring nu nilaina leutik pisan.
As. ”titajong”.
As. ”titajong”.
Yunani: pornéia. Tingali Daptar Istilah.
Maksudna, Sétan.
Maksudna, nginjeum teu maké bunga.
Atawa ”lengkep”.