Nu Ditulis ku Yahya 20:1-31

  • Makam nu kosong (1-10)

  • Isa némbongan ka Maryam Magdaléna (11-18)

  • Isa némbongan ka murid-muridna (19-23)

  • Tomas cangcaya tapi tuluy jadi percaya (24-29)

  • Tujuan gulungan ieu ditulis (30, 31)

20  Isuk-isuk dina poé nu kahiji minggu éta, waktu poék kénéh, Maryam Magdaléna datang ka makam jeung ningali batu tutup makam aya nu mindahkeun.  Jadi, manéhna lumpat manggihan Simon Pétrus jeung murid nu dipikanyaah ku Isa, tuluy ngomong ka maranéhna, ”Aya nu nyokot Juragan ti jero makam, tapi teuing dibawa ka mana.”  Pétrus jeung murid nu hiji deui indit ka makam.  Beretek duanana lumpat, tapi murid nu hiji deui leuwih gancang tibatan Pétrus jeung nepi ti heula di makam.  Manéhna teu asup, tapi ngalongok ka jero jeung ningali kaén-kaén linén numpuk di dinya.  Teu lila, jol Simon Pétrus datang nuturkeun manéhna. Ari Pétrus mah asup ka makam, jeung ningali kaén-kaén linén numpuk di dinya.  Kaén urut ngabulen sirahna mah teu numpuk jeung kaén-kaén séjén, tapi misah sarta ngagulung.  Terus murid nu hiji deui, nu nepi ti heula téa, milu asup. Manéhna ningali jeung percaya.  Tapi, maranéhna can ngarti kana ayat nu nyebutkeun Isa kudu dihirupkeun deui tina maot. 10  Jadi, murid-murid éta balik deui ka imah. 11  Tapi, Maryam tetep cicing di luar di deukeut makam. Bari ceurik manéhna ngalongok ka jero makam. 12  Tuluy manéhna ningali dua malaikat maké baju bodas diuk di tempat tadina Isa digolérkeun, nu hiji di palebah sirahna nu hiji deui di palebah sukuna. 13  Maranéhna nanya, ”Nyai, ku naon bet ceurik?” Ceuk Maryam, ”Aya nu mawa Juragan abdi, tapi duka dibawa ka mana.” 14  Sanggeus ngomong kitu, manéhna ngalieuk jeung ningali Isa nangtung, tapi manéhna teu engeuh éta téh Isa. 15  Isa nanya ka manéhna, ”Nyai, ku naon ceurik? Néangan saha?” Disangkana Maryam, manéhna téh tukang kebon, jadi Maryam ngomong, ”Pa, lamun dibawa ku Bapa, béjaan dibawa ka mana, ku abdi rék dibawa deui.” 16  Ceuk Isa, ”Maryam!” Maryam malik jeung ngomong ku basa Ibrani, ”Rabuni!” (nu hartina ”Guru!”) 17  Isa ngomong, ”Ulah nyekelan urang waé, da urang moal waka indit ka Bapa. Ayeuna mah panggihan wéh dulur-dulur urang, béjaan maranéhna, ’Urang rék indit ka Bapa urang jeung Bapa maranéh, ka Allah urang jeung Allah maranéh.’” 18  Maryam Magdaléna indit jeung ngabéjaan murid-murid, ”Urang geus panggih jeung Juragan!” Tuluy manéhna nyaritakeun ka murid-murid omongan Isa ka manéhna. 19  Pas mulai peuting, dina poé kahiji minggu éta, murid-murid karumpul bari jeung pantona dikonci sabab maranéhna sieun ka urang Yahudi. Bréh baé Isa ngadeg di tengah-tengah maranéhna jeung ngomong, ”Mugia maranéh meunang katengtreman.” 20  Sanggeus ngomong kitu, manéhna némbongkeun leungeun jeung bagian rusukna. Murid-murid atoh pisan ningali Juraganna. 21  Isa ngomong deui, ”Mugia maranéh meunang katengtreman. Sakumaha Bapa ngutus urang, urang gé ngutus maranéh.” 22  Sanggeus ngomong kitu, Isa niupkeun napas ka maranéhna jeung ngomong, ”Pék tarima kawasa suci. 23  Saha-saha anu ku maranéh dihampura dosana, ku Allah gé bakal dihampura, tapi lamun ku maranéh henteu dihampura, ku Allah gé moal dihampura.” 24  Tapi Tomas, salah saurang ti 12 rasul, nu disebut ogé si Kembar, teu aya di dinya waktu Isa datang. 25  Jadi murid-murid séjén ngabéjaan manéhna, ”Urang-urang geus panggih jeung Juragan!” Tapi ceuk manéhna, ”Lamun can ningali sorangan, can nyabak tapak paku dina leungeunna, jeung can nyabak bagian rusukna, urang moal percaya.” 26  Dalapan poé sanggeusna, murid-murid karumpul deui di hiji rohangan, ayeuna mah Tomas aya. Bréh baé Isa ngadeg di tengah-tengah maranéhna, padahal panto-pantona dikonci. Ceuk Isa, ”Mugia maranéh meunang katengtreman.” 27  Tuluy Isa ngomong ka Tomas, ”Yeuh, tempo jeung cabak leungeun urang, cabak ogé bagian rusuk urang. Tong cangcaya deui, sing percaya.” 28  Tomas ngomong ka manéhna, ”Juragan abdi, Allah abdi!” 29  Ceuk Isa, ”Manéh percaya lantaran geus ningali urang? Bagja jalma nu percaya sanajan teu ningali.” 30  Tangtu loba kénéh mujijat nu dijieun ku Isa di hareupeun murid-muridna, nu teu ditulis dina gulungan ieu. 31  Tapi ieu kabéh ditulis supaya maranéh percaya Isa téh Al-Masih, Putra Allah. Lamun percaya, maranéh bakal meunangkeun kahirupan ku jalan ngaranna.

Catetan Tambihan