Kisah Para Rasul 3:1-26

  • Pétrus nyageurkeun tukang ménta-ménta nu lumpuh (1-10)

  • Hutbah Pétrus di Lorong Sulaéman (11-26)

    • ”Sagala hal dianyarkeun” (21)

    • Saurang nabi saperti Musa (22)

3  Hiji poé, kira-kira jam tilu soré* pas waktuna ngadoa, Pétrus jeung Yahya indit ka bait.  Harita gé, aya saurang lalaki lumpuh ti barang lahir nu keur digotong. Unggal poé, manéhna dibawa ka deukeut gerbang nu disebut Gerbang Éndah, supaya bisa ménta sidekah ka jalma-jalma nu asup ka bait.  Barang nempo Pétrus jeung Yahya rék asup ka bait, manéhna ménta sidekah.  Tapi Pétrus jeung Yahya neuteup manéhna jeung ngomong, ”Teuteup urang duaan.”  Manéhna neuteup Pétrus jeung Yahya bari ngarep-ngarep dibéré.  Tapi ceuk Pétrus, ”Urang mah teu boga emas jeung pérak, tapi urang rék méré naon nu dipiboga ku urang. Ku ngaran Isa Al-Masih urang Nazarét, geura leumpang!”  Pétrus nyekel leungeun katuhuna tuluy ditangtungkeun. Harita kénéh, suku jeung pigeulang sukuna ngadak-ngadak jadi kuat,  koréjat manéhna nangtung, tuluy leuleumpangan. Geus kitu, lalaki éta nuturkeun maranéhna asup ka bait, leumpangna bari ajrug-ajrugan jeung muji Allah.  Kabéh jalma narempokeun manéhna leumpang jeung muji Allah. 10  Waktu maranéhna engeuh lalaki éta téh nu sok diuk bari ménta sidekah di Gerbang Éndah di bait, maranéhna kacida tajubna ningali kaayaan lalaki éta ayeuna. 11  Waktu manéhna nyenyekel Pétrus jeung Yahya, jalma-jalma lalumpatan ngarubung maranéhna di Lorong Sulaéman. Jalma-jalma haréraneun pisan. 12  Barang éta katempo ku Pétrus, manéhna ngomong ka jalma-jalma, ”Urang Israél, ku naon maranéh bet héran jeung marelong ka urang? Disangka maranéh jelema ieu bisa leumpang téh pédah urang jelema soléh jeung boga kakuatan? 13  Allahna karuhun urang, nyaéta Allahna Ibrahim, Ishak, jeung Yakub, geus ngamulyakeun Isa, hamba-Na, nu ditolak jeung diserahkeun ku maranéh ka Pilatus, padahal ku manéhna rék dibébaskeun. 14  Maranéh nolak jelema nu suci jeung bener éta. Maranéh kalah ka ménta Pilatus ngabébaskeun jalma séjén, si tukang maéhan. 15  Maranéh maéhan Pamingpin Utama nu dilantik pikeun méré kahirupan. Tapi ku Allah, manéhna dihirupkeun deui, urang-urang saksina. 16  Ku jalan ngaranna jeung lantaran urang boga iman ka ngaranna, lalaki nu ditingali jeung dikenal ku maranéh ieu bisa jagjag. Kasaksian ku maranéh, jelema ieu bisa cageur téh lantaran urang boga iman ka Isa. 17  Dulur-dulur, maranéh jeung para pangawasa maranéh kitu téh lantaran maranéh teu nyaho saha sabenerna Isa. 18  Ku kituna, naon nu baheula diucapkeun ku Allah ka para nabi jadi kanyataan, nyaéta Al-Masih kudu ngalaman sangsara. 19  ”Geura tarobat jeung baralik ka Allah, supaya dosa-dosa maranéh dipupus jeung maranéh bakal disegerkeun ku Yéhuwa.* 20  Anjeunna gé bakal ngutus Al-Masih nu dilantik demi maranéh, nyaéta Isa. 21  Manéhna kudu tetep aya di sorga nepi ka sagala hal dianyarkeun, sakumaha nu diucapkeun ku Allah ka nabi-nabi-Na nu suci baheula. 22  Malah, Musa nyebutkeun, ’Yéhuwa Allah maranéh bakal ngalantik saurang nabi saperti urang ti antara bangsa maranéh. Déngékeun sagala nu diucapkeun ku manéhna. 23  Saha waé nu teu ngadéngékeun Nabi éta bakal dimusnakeun ti antara bangsana.’ 24  Sakabéh nabi gé, ti saprak Samuél jeung nabi-nabi saterusna, geus nguarkeun naon nu kajadian dina mangsa ayeuna. 25  Para nabi nyebutkeun perjangjian nu dijieun ku Allah jeung karuhun maranéh. Perjangjian éta téh jang maranéh ogé, sabab Allah jangji ka Ibrahim, ’Ku jalan turunan* manéh, kabéh kulawarga di bumi bakal meunang berkah.’ 26  Sanggeus ngalantik Hamba-Na, Allah ngutus manéhna pikeun ngaberkahan maranéh ti heula, ku cara ngabantu maranéh tobat tina lampah jahatna masing-masing.”

Catetan Tambihan

As. ”jam nu kasalapan [sanggeus meleték panonpoé]”.
Atawa ”ngarasakeun mangsa nu nyegerkeun ti Yéhuwa”.
As. ”binih”.