1 Korintus 1:1-31

  • Salam (1-3)

  • Paulus muji sukur ka Allah lantaran urang Korintus (4-9)

  • Naséhat supaya ngahiji (10-17)

  • Al-Masih, bukti kawasa jeung kabijaksanaan Allah (18-25)

  • Agul ku karana Yéhuwa (26-31)

1  Ti Paulus, nu dipilih jadi rasulna Isa Al-Masih* ku kersa Allah, jeung ti Sosténés dulur urang,  ka sidang jamaah Allah di Korintus. Aranjeun geus disucikeun pikeun ngahiji jeung Isa Al-Masih sarta geus dipilih jadi jalma-jalma suci, bareng jeung sakabéh jalma di mana-mana nu nguarkeun ngaran Isa Al-Masih, nyaéta Juragan urang jeung Juragan maranéhna.  Mugia aranjeun narima welas asih nu taya bandingna* jeung katengtreman ti Allah, Bapa urang, jeung ti Juragan Isa Al-Masih.  Kuring teu eureun-eureun muji sukur ka Allah lantaran aranjeun geus narima welas asih-Na nu taya bandingna* ku jalan Isa Al-Masih.  Lantaran geus ngahiji jeung manéhna, aranjeun narima sagala hal, matakna aranjeun bisa tarampil dina nguarkeun firman Allah sarta paham pisan kana firman Allah.  Éta tandana kasaksian ngeunaan Al-Masih geus nanceb pageuh dina diri aranjeun.  Ku kituna, aranjeun teu kakurangan kurnia naon-naon salila aranjeun ngadago-dago waktuna Juragan urang Isa Al-Masih nunjukkeun kawasana.  Allah gé bakal nguatkeun aranjeun nepi ka ahir. Ku kituna, dina poéna Juragan urang Isa Al-Masih, moal aya nu bisa nuduh aranjeun.  Allah téh satia, jeung Anjeunna nu milih aranjeun pikeun babarengan jeung Putra-Na, nyaéta Juragan urang Isa Al-Masih. 10  Dulur-dulur, ku ngaran Isa Al-Masih Juragan urang, kuring ngajurung supaya omongan aranjeun sajalan, ulah béda-béda. Aranjeun gé ulah papecah, tapi kudu bener-bener sapikiran jeung sapaham. 11  Dulur-dulur, kuring dibéjaan ku kulawarga Khloé yén aranjeun téh osok pagétréng. 12  Maksudna kieu, aya nu ngomong, ”Urang muridna Paulus.” Nu séjénna ngomong, ”Urang mah muridna Apolos.” Nu séjénna deui ngomong, ”Urang muridna Kéfas.”* Aya ogé nu ngomong, ”Urang muridna Al-Masih.” 13  Sidang jamaah Al-Masih téh kabagi-bagi, kitu? Lain Paulus pan nu dipaéhan dina tihang demi aranjeun? Atawa, aranjeun téh dibaptis ku ngaran Paulus, kitu? 14  Sukur ka Allah, kuring teu ngabaptis aranjeun saurang-urang acan kajaba Krispus jeung Gayus, 15  jadi euweuh nu bisa ngaku-ngaku dibaptis ku ngaran kuring. 16  Salian ti éta, kuring gé ngabaptis kulawargana Stéfanas. Sainget kuring mah ngan maranéhna nu dibaptis ku kuring téh. 17  Kuring diutus ku Al-Masih lain keur ngabaptis, tapi keur nguarkeun warta hadé. Sanajan kitu, kuring teu maké kekecapanana jalma-jalma pinter,* ngarah maotna Al-Masih dina tihang siksaan* téh teu cumah. 18  Keur jalma-jalma nu bakal binasa, warta ngeunaan tihang siksaan* téh omong kosong, tapi keur urang nu bakal salamet mah éta téh bukti kawasa Allah. 19  Sabab aya ayat nu nyebutkeun, ”Kabijaksanaan ti jalma bijaksana ku Kuring rék dileungitkeun, jeung kapinteran ti jalma palinter ku Kuring rék ditolak.”* 20  Cik, mana jalma bijaksana, ahli Torét,* jeung nu jago débat ti dunya* ieu? Lainna geus dibuktikeun ku Allah kabijaksanaan dunya téh hal nu bodo? 21  Lantaran ngandelkeun kabijaksanaanana sorangan, jalma-jalma di dunya ieu teu kenal ka Allah. Tapi, Allah ngagunakeun warta nu dianggap bodo ku dunya ieu pikeun nyalametkeun jalma-jalma nu percaya kana warta éta. Ku cara kitu, kabukti Allah téh bijaksana. 22  Urang Yahudi marénta tanda, urang Yunani naréangan kabijaksanaan, 23  ari urang-urang mah nguarkeun warta ngeunaan Al-Masih nu dipaéhan dina tihang. Warta éta hésé ditarima ku urang Yahudi,* jeung dianggap hal nu bodo ku bangsa-bangsa séjén. 24  Tapi, keur urang Yahudi jeung urang Yunani nu dipilih mah Al-Masih téh bukti kawasa jeung kabijaksanaan Allah. 25  Hal-hal ti Allah dianggap bodo jeung lemah ku manusa, padahal éta téh leuwih bijaksana jeung leuwih kuat tibatan maranéhna. 26  Dulur-dulur, aranjeun bisa ningali yén di antara aranjeun nu dipilih téh teu loba nu bijaksana dina pandangan manusa, teu loba nu boga kawasa, jeung teu loba nu asalna ti kulawarga bangsawan. 27  Tapi, naon nu dianggap bodo ku dunya ieu dipilih ku Allah pikeun ngéra-ngéra nu bijaksana, jeung naon nu dianggap lemah ku dunya ieu dipilih ku Allah pikeun ngéra-ngéra nu kuat. 28  Hal-hal nu teu dianggap penting ku dunya, nu disapirakeun, jeung nu teu dihargaan, dipilih ku Allah pikeun ngancurkeun nu dihargaan ku dunya ieu, 29  supaya euweuh nu bisa ngagulkeun diri di hareupeun Allah. 30  Nya ku lantaran Allah ayeuna aranjeun ngahiji jeung Isa Al-Masih. Al-Masih némbongkeun kabijaksanaan* Allah ka urang sarta ngalantarankeun urang dianggap bener, disucikeun, jeung dibébaskeun ku tebusan. 31  Ku kituna, ayat ieu laksana, ”Mun rék agul, kudu agul ku karana Yéhuwa.”

Catetan Tambihan

As. ”Al-Masih Isa”.
Ngaran séjénna Pétrus.
Atawa ”kekecapan nu bijaksana”.
Atawa ”disingkirkeun”.
Atawa ”jurutulis”.
Atawa ”sistim dunya”. Tingali Daptar Istilah.
As. ”matak urang Yahudi titajong”.
Atawa ”hikmat”.