2 Korintus 6:1-18

  • Welas asih Allah ulah disapirakeun (1, 2)

  • Palayanan Paulus dijéntrékeun (3-13)

  • Ulah ngahiji jeung nu teu saiman (14-18)

6  Salaku batur gawé Allah, urang-urang ngajurung aranjeun supaya welas asih Allah nu taya bandingna* nu ditarima ku aranjeun ulah disapirakeun.  Anjeunna nyebutkeun, ”Dina mangsa Kuring ngaberkahan, Kuring ngadéngékeun maranéh. Dina poé kasalametan, Kuring nulungan maranéh.” Tah, mangsana Allah ngaberkahan urang téh ayeuna, jeung poéna kasalametan téh ayeuna!  Dina sagala hal, urang-urang embung ngalantarankeun batur pegat iman,* supaya palayanan urang-urang henteu digogoréng.  Sabalikna dina sagala hal, urang-urang némbongkeun yén urang-urang téh palayan Allah: Urang-urang tabah nyanghareupan rupa-rupa cocoba, kasangsaraan, kakurangan, kasusahan,  digebugan, dipanjarakeun, dikoroyok, gawé beurat, kurang saré, malah sering teu manggih dahar.  Kahirupan urang-urang téh bersih, lalampahan urang-urang gé sajalan jeung pangaweruh. Urang-urang téh sabar, bageur, dibingbing ku kawasa suci, jeung iklas mikanyaah.  Urang-urang ngomongna jujur, ngandelkeun kawasa Allah, sarta di leungeun kénca* jeung katuhu* nyekel senjata-senjata bebeneran.  Urang-urang dihormat jeung dihina, sarta digogoréng jeung dipuji. Urang-urang dianggap tukang tipu padahal jujur,  dianggap teu dikenal padahal dikenal ku Allah, dianggap sakarat* padahal hirup, dihukum tapi teu paéh, 10  dianggap keur sedih padahal gumbira, dianggap miskin padahal ngabeungharkeun loba jalma, dianggap teu boga nanaon padahal boga sagalana. 11  Dulur-dulur di Korintus, urang-urang geus ngomong terus terang ka aranjeun. Urang-urang gé geus muka haté sagedé-gedéna. 12  Urang-urang teu nahan-nahan kanyaah ka aranjeun,* ari aranjeun mah nahan-nahan kanyaah ka urang-urang. 13  Kuring ngomong téh asa ka anak sorangan, mugia aranjeun gé ngalakukeun nu sarua ka urang-urang. Buka haté aranjeun sagedé-gedéna. 14  Ulah ngahiji* jeung nu teu saiman. Mémangna aya saruana kitu antara nu bener jeung nu jahat?* Atawa aya saruana kitu antara caang jeung poék? 15  Terus, Al-Masih jeung Sétan* téh sajalan, kitu? Atawa aya saruana kitu antara nu boga iman jeung nu teu boga iman? 16  Mémangna bait Allah aya patalina jeung berhala? Urang téh bait Allah nu hirup, sakumaha Allah nyebutkeun, ”Kuring bakal cicing di antara maranéhna jeung aya di antara maranéhna. Kuring bakal jadi Allah maranéhna jeung maranéhna bakal jadi umat Kuring.” 17  ”’Ku kituna, kaluar ti antara maranéhna, pisahkeun diri maranéh,’ ceuk Yéhuwa, ’jeung ulah nyabak deui anu najis.’” ”’Geus kitu, maranéh ku Kuring bakal ditarima.’” 18  ”’Kuring bakal jadi Bapa maranéh, maranéh bakal jadi anak lalaki jeung anak awéwé Kuring,’ ceuk Yéhuwa Nu Mahakawasa.”

Catetan Tambihan

As. ”titajong”.
Meureun pikeun nangkis.
Meureun pikeun nyerang.
Atawa ”pantes maot”.
Atawa ”Dina haté urang-urang, aya tempat nu lega keur aranjeun”.
Atawa ”Ulah nanggung kai tanggungan ku cara nu teu saimbang”. Tingali ”Kai tanggungan” dina Daptar Istilah.
As. ”nu ngalanggar hukum”.
As. ”Bélial”. Tina kecap Ibrani nu hartina ”Euweuh Gunana”.