Roma 5:1-21

  • Dirukunkeun jeung Allah ku jalan Al-Masih (1-11)

  • Maot ku lantaran Adam, hirup ku lantaran Al-Masih (12-21)

    • Dosa jeung maot nyebar ka sakabéh manusa (12)

    • Hiji tindakan nu ngalantarankeun kabéh jalma disebut bener (18)

5  Ayeuna mah urang geus disebut jalma bener lantaran boga iman. Jadi, hayu urang jaga hubungan urang jeung Allah tetep rukun* ku jalan Juragan urang Isa Al-Masih.  Ku lantaran boga iman ka Isa, urang dibéré jalan pikeun narima welas asih nu taya bandingna,* nu geus katampa ku urang ayeuna. Sing gumbira,* sabab urang boga harepan dimulyakeun ku Allah.  Lain éta hungkul, urang gé kudu gumbira* waktu ngalaman kasangsaraan, sabab urang apal kasangsaraan téh ngalantarankeun urang jadi tabah.  Lamun tabah, urang dipikaresep ku Allah. Lamun dipikaresep ku Allah, urang boga harepan,  jeung harepan éta moal nguciwakeun, ku sabab Allah ngagunakeun kawasa suci-Na nu dibikeun ka urang pikeun némbongkeun yén Anjeunna nyaah ka urang.  Malah, waktu urang masih kénéh boga dosa,* Al-Masih maot keur jalma-jalma nu boga dosa dina waktu nu geus ditangtukeun ku Allah.  Ampir euweuh nu daék maot keur jalma bener, ari keur jalma bageur mah bisa waé aya nu réla maot.  Tapi, Allah mah némbongkeun kanyaah-Na ka urang téh waktu urang masih kénéh boga dosa, nyaéta Al-Masih maot keur urang.  Jadi ayeuna, lantaran urang geus disebut jalma bener ku karana getih Al-Masih, urang leuwih yakin bakal disalametkeun tina amarah Allah. 10  Waktu urang masih kénéh jadi musuh Allah, urang dirukunkeun jeung Anjeunna ku jalan maotna Putra-Na. Komo deui ayeuna sanggeus urang dirukunkeun, urang bakal disalametkeun ku kahirupan Putra-Na. 11  Lain éta hungkul, urang gé bungah lantaran boga hubungan nu alus jeung Allah ku jalan Juragan urang Isa Al-Masih. Ku lantaran manéhna, urang ayeuna bisa rukun deui jeung Allah. 12  Dosa asup ka dunya ku lantaran saurang jalma. Éta dosa mawa maot, ku kituna maot téh nyebar ka sakabéh manusa sabab kabéhanana geus nyieun dosa. 13  Dosa geus aya di dunya saacan aya hukum Torét, tapi euweuh nu dituduh nyieun dosa waktu can aya hukum. 14  Najan kitu, maot ngawasa siga raja ti jaman Adam nepi ka Musa, malahan ngawasa ka jalma-jalma nu dosana béda jeung dosa Adam. Adam jeung jalma nu bakal datang téa aya saruana. 15  Kurnia Allah mah béda jeung dosa Adam. Ku lantaran dosa hiji jalma, loba nu maot. Tapi ku lantaran welas asih nu taya bandingna* ti hiji jalma, nyaéta Isa Al-Masih, loba jalma meunang mangpaat tina kurnia jeung welas asih Allah nu taya bandingna.* 16  Nu dihasilkeun ti kurnia Allah gé béda jeung nu dihasilkeun ti dosa jalma nu saurang téa. Ku lantaran hiji dosa, kabéh jalma disebut boga salah. Tapi ku lantaran kurnia éta, nu dibikeun sanggeus aya loba dosa, loba jalma bisa disebut jalma bener. 17  Ku lantaran dosa hiji jalma, maot ngawasa siga raja. Tapi, welas asih Allah nu taya bandingna* jeung kurnia nu ngalantarankeun urang disebut jalma bener mah leuwih gedé jeung leuwih hadé. Saha waé nu narimana bakal hirup jeung ngawasa jadi raja ku lantaran hiji jalma, nyaéta Isa Al-Masih! 18  Jadi, sakumaha hiji dosa ngalantarankeun sagala rupa jalma disebut boga salah, nya kitu ogé hiji tindakan nu bener ngalantarankeun sagala rupa jalma bisa disebut jalma bener jeung narima kahirupan. 19  Sakumaha teu taatna hiji jalma ngalantarankeun loba jalma jadi boga dosa, nya kitu ogé taatna hiji jalma ngalantarankeun loba jalma jadi jalma bener. 20  Ku ayana hukum Torét, jadi kaciri jalma-jalma téh boga loba dosa. Tapi ku lobana dosa éta, welas asih Allah nu taya bandingna* jadi beuki gedé. 21  Tujuanana naon? Sakumaha dosa jeung maot ngawasa siga raja, welas asih Allah nu taya bandingna* ogé ngawasa siga raja. Ku kituna, jalma-jalma bisa disebut jalma bener jeung meunangkeun kahirupan langgeng ku jalan Isa Al-Masih Juragan urang.

Catetan Tambihan

Atawa bisa jadi, ”Jadi, urang bisa rukun jeung Allah”.
Atawa bisa jadi, ”Urang gumbira”.
Atawa bisa jadi, ”urang gé gumbira”.
As. ”lemah”.