Pindah kana eusi

Kumaha Korban Yésus Bisa ”Nebus Jalma Rea”?

Kumaha Korban Yésus Bisa ”Nebus Jalma Rea”?

Jawaban Alkitab

 Korban tebusan Yésus digunakeun ku Allah pikeun ngabébaskeun, atawa nyalametkeun, umat manusa tina dosa jeung maot. Alkitab nyebutkeun nu jadi panebusna téh getih Yésus. (Epesus 1:7, Terjemahan Dunia Baru (NW); 1 Petrus 1:18, 19, Sunda Formal [SF]) Éta sababna, Yésus ngomong yén anjeunna datang ka dunya pikeun ”narohkeun pati geusan nebus jalma rea”.—Mateus 20:28, SF.

Ku naon ”jalma rea” perlu ditebus?

 Adam, manusa nu mimiti, diciptakeun sampurna, atawa teu boga dosa. Manéhna boga harepan hirup salilana, tapi harepan éta leungit lantaran manéhna milih teu taat ka Allah. (Kajadian 3:17-19) Basa boga turunan, Adam ngawariskeun dosa ka maranéhna. (Rum 5:12) Éta sababna, Alkitab nyebutkeun yén Adam ’ngajual’ dirina jeung turunanana jadi budak dosa jeung maot. (Rum 7:14) Lantaran teu sampurna, euweuh turunan Adam nu mampuh meuli deui naon nu geus dileungitkeun ku Adam.—Jabur 49:8, 9.

 Allah karunyaeun ka turunan Adam lantaran maranéhna teu boga harepan. (Yohanes 3:16) Tapi lantaran adil, Allah teu bisa langsung ngahampura atawa peureum kana dosa maranéhna. Pikeun ngahampura, malah ngaleungitkeun dosa maranéhna, kudu aya dasarna, nyaéta tebusan. (Jabur 89:15; Rum 3:23-26) Allah nyadiakeun tebusan lantaran nyaah ka umat manusa.—Rum 5:6-8.

Naon hartina tebusan?

 Dina Alkitab, istilah ”tebusan” nyakup tilu hal:

  1.   Tebusan téh harga nu kudu dibayar.​—Bilangan 3:​46, 47.

  2.   Tebusan bisa dipaké keur ngabébaskeun.​—Budalan 21:30.

  3.   Tebusan kudu sarua nilaina jeung naon nu dibeuli atawa ditebus. a

 Perhatikeun kumaha tebusan Yésus Kristus nyakup tilu hal ieu.

  1.   Harga nu kudu dibayar. Alkitab ngajelaskeun yén aya harga nu kudu dibayarkeun pikeun ’ngagaleuh’ urang Kristen. (1 Korinta 6:20; 7:23) Wahyu 5:​8, 9 (SF) nyebutkeun, ”Getih [Yésus] dianggo nebus manusa ti saban kaom, saban basa, saban bangsa, katut seler-seler bangsa pikeun diwangsulkeun ka Pangeranna.”

  2.   Kabébasan. Korban Yésus bisa ”ngabebaskeun urang” tina dosa.—1 Korinta 1:30; Kolosa 1:14; Ibrani 9:15.

  3.   Nilai nu sarua. Korban Yésus téh nilaina sarua jeung naon nu dileungitkeun ku Adam, nyaéta kahirupan manusa nu sampurna. (1 Korinta 15:21, 22, 45, 46) Alkitab nyebutkeun, ”Sakumaha halna kabeh jelema keuna ku dosa ku lantaran henteu ta’atna jelema anu saurang [Adam], nya kitu keneh maranehanana bakal diangken bener deui ku lantaran ta’atna manusa anu saurang deui [Yésus Kristus].” (Rum 5:19) Éta sababna, maotna saurang jalma bisa nebus loba jalma. Jadi, korban Yésus téh ”tebusan nu sabanding keur kabéh jalma”. (1 Timoteus 2:5, 6, NW) Lamun urang nyieun tindakan nu diperlukeun, urang bakal meunang mangpaat tina tebusan éta.

a Dina basa aslina, kecap nu ditarjamahkeun jadi ”tebusan” téh ngamaksudkeun harga nu dibayarkeun, atawa barang nu nilaina sarua pikeun dipaké mayar. Kecap pagawéan kafar dina basa Ibrani hartina téh ”nutupan”. Biasana kecap ieu dipaké keur istilah nutupan atawa ngahampura dosa. (Jabur 65:4) Kitu ogé, kecap barang kofer ngamaksudkeun harga nu dibayarkeun pikeun nebus. (Budalan 21:30) Sarupa kitu, kecap Yunani lytron, nu biasana ditarjamahkeun jadi ”tebusan”, bisa ogé ngamaksudkeun ”harga tebusan”. (Mateus 20:28; The New Testament in Modern Speech, ku R.F. Weymouth) Dina basa Yunani, istilah ieu osok dipaké keur harga nu dibayarkeun pikeun nebus tawanan perang atawa ngabébaskeun budak beulian.