Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 9

Kumaha Supaya Kulawarga Sadérék Bagja?

Kumaha Supaya Kulawarga Sadérék Bagja?

1. Ku naon perkawinan nu sah téh matak bagja?

Kabar gumbira téh asalna ti Yéhuwa, Gusti nu bagja nu hoyong kulawarga-kulawarga ogé baragja. (1 Timoteus 1:11, NW) Gusti nyiptakeun Adam jeung Hawa, sarta ngayakeun perkawinan keur maranéhna. Jadi, Mantenna bisa masihan naséhat nu panghadéna keur salaki pamajikan. Gusti hoyong nu taat ka Mantenna, taat ogé kana hukum pamaréntah pikeun ngadaptarkeun perkawinan. Perkawinan nu sah sacara hukum luyu jeung kahoyong Gusti. (Lukas 2:1, 4, 5, NW) Hasilna, salaki, pamajikan, sarta barudak bakal hirup bareng jeung ngarasa aman, dipikacinta, sarta bagja. Baca Kajadian 2:24.

Kumaha pandangan Gusti ngeunaan perkawinan? Gusti hoyong perkawinan téh jadi pameungkeut nu langgeng keur salaki jeung pamajikan. Yéhuwa hoyong maranéhna silih satia. (Ibrani 13:4) Mantenna teu resep kana pepegatan. (Malaki 2:16) Tapi, Yéhuwa ngidinan jalma megatkeun batur hirupna jeung nikah deui, lamun batur hirupna jinah. Baca Mateus 19:3-6, 9.

2. Kudu kumaha sikep sarta omongan salaki jeung pamajikan?

Yéhuwa nyiptakeun lalaki jeung awéwé pikeun silih dukung dina perkawinan. (Kajadian 2:18) Salaki wajib nyumponan pangabutuh kulawarga sarta ngajar kulawargana ngeunaan Gusti. Salaki nu nyaah ka pamajikan bakal réla nyieun pangorbanan. Salaki pamajikan kudu silih pikanyaah jeung silih hormat. Euweuh salaki atawa pamajikan nu sampurna. Jadi supaya bagja, maranéhna kudu silih hampura. Baca Epesus 4:31, 32; 5:22, 33; 1 Petrus 3:7.

3. Lamun perkawinan teu bagja, naha meunang papisah?

Lamun aya masalah, Sadérék duaan kudu upaya pikeun tetep silih pikanyaah. (1 Korinta 13:4, 5) Mémang, loba nu papisah lantaran perkawinanana teu bagja, tapi Kitab Suci teu ngajurung urang ngaréngsékeun masalah ku cara papisah. Baca Markus 10:9.

4. Barudak, naon nu dipiharep Gusti ti hidep?

Yéhuwa hoyong hidep hirup senang. Jadi, Mantenna masihan naséhat nu panghadéna supaya hidep hirup gumbira ti ngongora kénéh. Gusti hoyong hidep nurut ka kolot, lantaran kolot téh bijaksana jeung loba pangalaman. Yéhuwa ogé hoyong hidep ngajalankeun kahoyong-Na supaya hidep bagja.​—Mateus 19:13-15; 21:15, 16. Baca Pandita 11:9–12:1; Epesus 6:1.

5. Kolot, kumaha supaya barudak Sadérék bagja?

Sadérék kudu getol digawé pikeun nyadiakeun kadaharan, imah, jeung papakéan barudak. (1 Timoteus 5:8) Tapi supaya barudak bagja, maranéhna perlu diajar pikeun nyaah sarta nurut ka Gusti. (Epesus 6:4, NW) Lamun Sadérék nyaah ka Gusti, barudak ogé bakal nyaah ka Gusti. Lamun Sadérék méré naséhat tina Kitab Suci, barudak bakal boga cara pikir nu hadé. Baca Pamindo 6:4-7; Siloka 22:6.

Barudak bakal bungah lamun dipuji jeung dibéré sumanget. Tapi maranéhna gé butuh dipapatahan jeung didisiplin. Lamun dilatih, barudak moal ngalakukeun hal-hal nu matak kaduhung. (Siloka 22:15) Tapi, disiplin téh teu meunang kasar atawa kejem. Baca Kolosa 3:21.

Saksi-Saksi Yéhuwa medalkeun buku-buku nu dirancang husus pikeun ngabantu kolot jeung barudakna. Buku-buku ieu dumasar kana Kitab Suci. Baca Jabur 19:8, 12.