Jabur 146:1-10

  • Percaya ka Allah, lain manusa

    • Pas maot, les pipikiran manusa leungit (4)

    • Allah nguatkeun nu lemah (8)

146  Puji Yah!* Abdi hoyong muji Yéhuwa.   Saumur hirup, abdi bakal muji Yéhuwa. Abdi bakal ngawihkeun pupujian* kanggo Allah abdi sapanjang hirup abdi.   Ulah percaya ka para pamingpin*Atawa ka manusa, nu moal bisa nyalametkeun.   Lamun napasna eureun, manéhna balik deui jadi taneuh. Harita kénéh, les pipikiranana leungit.   Bagja jalma nu ménta tulung ka Allahna Yakub,Jeung nu ngaharep ka Yéhuwa Allahna,   Nu Ngadamel langit jeung bumi,Laut, jeung sagala eusina,Allah nu terus satia,   Nu adil ka jalma nu ditipu,Nu méré dahareun ka jalma nu lapar. Yéhuwa ngabébaskeun para tahanan,   Yéhuwa ngabeuntakeun nu lolong,Yéhuwa nguatkeun nu lemah,Yéhuwa nyaah ka jalma nu bener.   Yéhuwa ngalindungan penduduk asing,Anjeunna nulungan anak yatim jeung randa,Tapi rencana jalma jahat mah digagalkeun ku Anjeunna. 10  Yéhuwa bakal jadi Raja pikeun salamina. Hé Zion, Allah manéh bakal jadi Raja ti jaman ka jaman. Puji Yah!*

Catetan Tambihan

Atawa ”Haléluyah!” ”Yah” téh ngaran pondokna Yéhuwa.
Atawa ”maén musik”.
Atawa ”bangsawan”.
Atawa ”Haléluyah!” ”Yah” téh ngaran pondokna Yéhuwa.