Wahyu nu Ditarima ku Yahya 20:1-15

  • Sétan diranté 1.000 taun (1-3)

  • Pamaréntahan 1.000 taun Al-Masih (4-6)

  • Sétan dileupaskeun, tuluy dibinasakeun (7-10)

  • Nu maraot dihakiman di hareupeun tahta bodas (11-15)

20  Tuluy, kuring ningali hiji malaikat turun ti sorga bari mawa konci lombang nu kacida jerona* jeung nyekel ranté nu gedé.  Malaikat éta néwak naga, oray nu mimiti téa, nu disebut Iblis jeung Sétan, tuluy ngaranté manéhna salila 1.000 taun.  Malaikat éta ngabalangkeun manéhna kana lombang nu kacida jerona,* tuluy lombangna ditutup jeung diségelan. Ku kituna, manéhna teu bisa deui nyasabkeun bangsa-bangsa nepi ka 1.000 taun éta bérés. Sanggeusna, manéhna bakal dileupaskeun sakeudeung.  Geus kitu, kuring ningali tahta-tahta, jeung nu dariukna geus dibéré kawasa pikeun ngahakiman. Kuring ningali getih* jalma-jalma nu dipaéhan* lantaran méré kasaksian ngeunaan Isa jeung nyarita ngeunaan Allah. Maranéhna téh jalma-jalma nu teu nyembah sato galak atawa patungna jeung teu narima tanda boh dina tarangna boh dina leungeunna. Maranéhna hirup deui sarta ngawasa jadi raja bareng jeung Al-Masih salila 1.000 taun.  Maranéhna téh nu mimiti dihirupkeun deui. (Jalma-jalma séjénna nu geus maraot moal waka narima kahirupan nepi ka 1.000 taun éta bérés.)  Jalma-jalma nu mimiti dihirupkeun deui téh bagja jeung suci. Maranéhna moal bakal ngalaman maot nu kadua, tapi bakal jadi imam-imam keur Allah jeung Al-Masih, sarta bakal ngawasa jadi raja bareng jeung Al-Masih salila 1.000 taun.  Teu lila sanggeus 1.000 taun éta bérés, Sétan bakal dileupaskeun ti panjara.  Manéhna bakal kaluar pikeun nyasabkeun bangsa-bangsa di opat juru bumi, nyaéta Gog jeung Magog. Maranéhna bakal dikumpulkeun pikeun perang. Jumlahna téh siga keusik di basisir.  Maranéhna bakal nyebar ka sakuliah bumi jeung ngepung pakémahan jalma-jalma suci sarta kota nu dipikanyaah ku Allah. Tapi, seuneu turun ti langit jeung ngabinasakeun maranéhna. 10  Ari Iblis nu nyasabkeun maranéhna dibalangkeun ka situ seuneu jeung walirang. Di dinya geus nyampak sato galak jeung nabi palsu téa. Maranéhna bakal dihukum* beurang peuting salalanggengna. 11  Tuluy, kuring ningali tahta gedé warna bodas jeung Allah diuk di dinya. Bumi jeung langit leungit ti hareupeun Anjeunna, sarta teu témbong deui. 12  Geus kitu, kuring ningali jalma-jalma nu maot, boh jalma penting boh jalma biasa, narangtung di hareupeun tahta, jeung gulungan-gulungan dibuka. Tapi aya gulungan séjén nu dibuka, nyaéta gulungan kahirupan. Jalma-jalma nu maot éta diadilan nurutkeun naon nu ditulis dina gulungan-gulungan éta, satimpal jeung kalakuanana. 13  Laut nyerahkeun jalma-jalma nu maot nu aya di dinya. Maot jeung Kuburan* gé nyerahkeun jalma-jalma nu maot nu aya di dinya. Jalma-jalma éta bakal diadilan satimpal jeung kalakuanana masing-masing. 14  Geus kitu, maot jeung Kuburan* dibalangkeun ka situ seuneu. Situ seuneu téh ngamaksudkeun maot nu kadua. 15  Salian ti éta, saha waé nu ngaranna teu ditulis dina buku kahirupan dibalangkeun ka situ seuneu éta.

Catetan Tambihan

Yunani: abyssos. Tingali Daptar Istilah.
Yunani: abyssos. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”jiwa”. Tingali Daptar Istilah.
As. ”dipaéhan ku kampak”.
Atawa ”ditahan; dipanjarakeun”.
Atawa ”Hadés”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”Hadés”. Tingali Daptar Istilah.