Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 15

Naon nu Dilakukeun ku Para Kokolot Sidang?

Naon nu Dilakukeun ku Para Kokolot Sidang?

Finlandia

Ngajar

Ngangon jamaah

Ngawawar

Di organisasi urang teu aya pendéta nu digajih. Sabalikna, aya para pangawas atawa kokolot nu nyumponan sarat jeung dilantik pikeun ’ngurus jamaah Allah’, saperti di sidang Kristen abad kahiji. (Rasul 20:28) Para kokolot téh priya-priya nu kuat sacara rohani nu mingpin kagiatan sidang jeung ngurus atawa ngangon domba-domba Allah. Maranéhna ngalalayanan téh lain ku kapaksa atawa rék néangan kauntungan, tapi enya-enya jeung iklas sakumaha nu dipikahoyong ku Allah. (1 Petrus 5:1-3) Naon nu dilakukeun ku maranéhna pikeun urang?

Ngurus jeung ngajaga urang. Para kokolot ngabingbing jeung ngalindungan sidang sacara rohani. Lantaran sadar maranéhna dibéré tanggung jawab penting ku Allah, para kokolot henteu ngawasa ka umat Allah, tapi ngupayakeun sangkan urang bagja jeung kuat sacara rohani. (2 Korinta 1:24) Saperti pangangon nu enya-enya ngurus unggal dombana, para kokolot ngupayakeun wanoh ka unggal anggota sidang.—Siloka 27:23, Terjemahan Dunia Baru.

Ngajar urang carana ngalampahkeun kahoyong Allah. Unggal minggu, para kokolot ngajar di sidang supaya iman urang kuat. (Rasul 15:32) Priya-priya nu satia ieu ogé jadi tuladan dina pangwawaran. Maranéhna gawé bareng jeung ngalatih urang ngawawar ku rupa-rupa cara.

Ngagedékeun haté urang. Pikeun nguatkeun hubungan urang jeung Yéhuwa, para kokolot sakapeung osok datang ka imah atawa ngobrol di Balé Karajaan pikeun ngabantu jeung ngalilipur urang maké Alkitab.—Yakobus 5:14, 15.

Salian ti tugasna di sidang, kalolobaan kokolot boga pagawéan jeung tanggung jawab kulawarga nu ngabutuhkeun waktu jeung perhatian. Sadérék-sadérék nu garetol ieu layak diajénan ku urang.—1 Tesalonika 5:12, 13.

  • Naon waé nu dilakukeun ku kokolot sidang?

  • Kumaha para kokolot merhatikeun urang sacara pribadi?