2 Timotius 2:1-26

  • Percayakeun ka priya-priya nu satia (1-7)

  • Tabah ngalaman sangsara demi warta hadé (8-13)

  • Ngajelaskeun firman Allah ku cara nu bener (14-19)

  • Jauhan kahayang budak ngora (20-22)

  • Carana nyanghareupan jalma-jalma nu sok ngalawan (23-26)

2  Ku kituna anaking, terus upayakeun sangkan manéh meunang kakuatan tina welas asih nu taya bandingna* nu ditémbongkeun ku Isa Al-Masih.  Hal-hal nu didéngé ku manéh ti kuring, nu geus didukung ogé ku loba saksi, percayakeun ka priya-priya nu satia ngarah engkéna maranéhna sanggup ngajarkeun ieu ka nu séjén.  Salaku prajurit Isa Al-Masih nu hadé, manéh kudu siap sangsara.  Prajurit anu hayang nyenangkeun haté jalma anu ngadaptarkeun manéhna jadi prajurit moal riweuh ku urusan bisnis.*  Dina lomba ogé, lamun saurang jalma hayang meunangkeun makuta, manéhna kudu nuturkeun aturan-aturan lomba.  Salian ti éta, patani nu digawé banting tulang geus sakuduna jadi nu mimiti ngasaan hasil tanina.  Terus pikirkeun omongan kuring ieu, jeung Gusti* bakal ngabantu manéh paham kana sagala hal.  Sing inget, Isa Al-Masih téh geus dihirupkeun ti antara nu maot sarta manéhna téh turunan* Daud. Éta sajalan jeung warta hadé nu diuarkeun ku kuring,  sarta demi hal éta kuring sangsara jeung dipanjarakeun siga penjahat. Sanajan kitu, firman Allah moal bisa diranté. 10  Éta sababna kuring tabah nyanghareupan sagala hal demi jalma-jalma nu dipilih ku Allah, supaya maranéhna gé bisa disalametkeun ku jalan Isa Al-Masih jeung dimulyakeun salilana. 11  Kekecapan ieu bisa dipercaya: Tangtu, lamun urang maot bareng jeung manéhna, urang gé bakal hirup bareng jeung manéhna. 12  Lamun urang terus tabah, urang gé bakal maréntah jadi raja bareng jeung manéhna. Lamun urang nolak manéhna, manéhna gé bakal nolak urang. 13  Lamun urang teu satia, Allah mah tetep satia, da Anjeunna teu bisa ngalawan diri-Na sorangan. 14  Terus ingetkeun maranéhna kana hal-hal ieu. Papatahan* maranéhna di hareupeun Allah sangkan teu ngaributkeun kekecapan. Éta téh bener-bener euweuh gunana lantaran bisa ngarugikeun* jalma-jalma nu ngadéngékeunana. 15  Manéh kudu nyieun upaya sabisa-bisa supaya dipikaresep ku Allah, jadi pagawé nu teu éra kana hasil gawéna, jeung bisa ngajarkeun sarta ngajelaskeun firman bebeneran ku cara nu bener. 16  Tong ngadéngékeun omong kosong nu teu sajalan jeung hal-hal nu suci, sabab nu kararitu téh ngalantarankeun jalma beuki jauh ti Allah, 17  jeung bisa nyebar siga gangrén.* Himénéus jeung Filétus téh kaasup jalma-jalma nu nyebarkeunana. 18  Maranéhna geus nyimpang tina bebeneran. Ceuk maranéhna, nu maraot téh geus dihirupkeun deui ayeuna, ku kituna sababaraha jalma jadi ruksak imanna. 19  Sanajan kitu, pondasi anu diadegkeun ku Allah mah weweg moal oyag, jeung di dinya aya tulisan, ”Yéhuwa apal ka jalma-jalma nu jadi milik-Na,” sarta, ”Saha waé nu nyambat ka ngaran Yéhuwa kudu nyingkahan hal-hal nu teu bener.” 20  Di imah nu gedé, parabotna téh lain ngan saukur tina emas jeung pérak, tapi ogé tina kai jeung taneuh liket. Aya anu penting, aya ogé anu biasa. 21  Jalma nu ngajauhan parabot nu biasa bakal jadi parabot nu penting, disucikeun, kapaké ku nu bogana, jeung siap dipaké pikeun ngalakukeun unggal pagawéan nu hadé. 22  Jadi, manéh kudu ngajauhan kahayangna budak ngora, sabalikna kudu ngudag hal-hal nu bener, iman, kanyaah, katengtreman, bareng jeung jalma-jalma anu sasambat ka Gusti* ku haté nu murni. 23  Salian ti éta, ulah pipilueun ngaributkeun hal-hal nu euweuh gunana jeung euweuh hartina. Nu kararitu téh matak pipaséaeun. 24  Palayan Gusti* mah ulah sok paséa, tapi kudu lemah lembut ka kabéh jalma, bisa ngajar, teu ngabales waktu dijahatan ku batur, 25  sarta kudu leuleuy waktu mapatahan jalma-jalma nu sok ngalawan. Sugan maranéhna ku Allah dikersakeun tobat,* supaya maranéhna boga pangaweruh nu bener ngeunaan bebeneran, 26  jadi sadar, jeung leupas tina jiret Iblis nu geus néwak maranéhna hirup-hirup pikeun ngalakukeun kahayangna.

Catetan Tambihan

Atawa ”urusan sapopoé”.
Yunani: Kyrios. Tingali Daptar Istilah.
As. ”binih”.
As. ”Béré kasaksian nu jéntré ka”.
Atawa ”ngancurkeun”.
Panyakit nu nyababkeun awak jadi buruk.
Yunani: Kyrios. Tingali Daptar Istilah.
Yunani: Kyrios. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”barobah pikiran”.