Nu Ditulis ku Yahya 14:1-31

  • Isa hiji-hijina jalan ka Bapa (1-14)

    • ”Urang téh jalan, bebeneran, jeung kahirupan” (6)

  • Isa ngajangjikeun kawasa suci (15-31)

    • ”Bapa leuwih agung tibatan urang” (28)

14  ”Maranéh teu kudu saredih, tapi kudu boga iman ka Allah jeung boga iman ka urang.  Di imah Bapa urang aya loba tempat tinggal. Mun teu kitu mah urang moal ngabéjaan maranéh. Éta sababna urang indit téh rék nyiapkeun tempat keur maranéh.  Waktu urang geus nyiapkeun tempat keur maranéh, urang bakal datang deui pikeun mawa maranéh ka imah urang, supaya maranéh gé aya di tempat urang.  Maranéh nyaho jalan ka tempat urang indit.”  Ceuk Tomas, ”Juragan, urang teu apal Juragan rék indit ka mana, rék apal jalanna kumaha?”  Isa ngomong ka manéhna, ”Urang téh jalan, bebeneran, jeung kahirupan. Euweuh nu bisa datang ka Bapa lamun teu liwat urang.  Lamun manéh wanoh ka urang, manéh gé tangtu wanoh ka Bapa urang. Ti ayeuna gé, manéh bakal wanoh ka Anjeunna, malah geus ningali Anjeunna.”  Filipus ngomong ka manéhna, ”Juragan, témbongkeun atuh Bapa téh ka urang-urang, ngarah urang teu panasaran.”  Ceuk Isa, ”Filipus, sakitu geus lila urang bareng jeung maranéh, manéh masih can wanoh kénéh ka urang? Saha waé nu ningali urang sarua jeung ningali Bapa. Ku naon manéh bet ngomong, ’Témbongkeun Bapa ka urang’? 10  Manéh teu percaya urang ngahiji jeung Bapa, Bapa ngahiji jeung urang? Naon nu diucapkeun ku urang téh lain ti pikiran urang sorangan, tapi Bapa nu ngahiji jeung urang ngalakukeun pagawéana-Na liwat urang. 11  Sing percaya urang téh ngahiji jeung Bapa, Bapa gé ngahiji jeung urang. Mun teu percaya, sahenteuna percaya kana hal-hal nu dipigawé ku urang. 12  Urang ngomong nu sabener-benerna, saha waé nu némbongkeun iman ka urang, manéhna bakal ngalakukeun ogé naon nu dilakukeun ku urang, malah leuwih ti urang, sabab urang rék indit ka Bapa. 13  Salian ti éta, naon waé nu dipénta ku maranéh maké ngaran urang, ku urang bakal dikabulkeun. Ku kituna, Bapa urang bakal dimulyakeun ku lantaran Putra. 14  Maranéh ménta naon waé maké ngaran urang, ku urang bakal dikabulkeun. 15  ”Lamun nyaah ka urang, maranéh bakal nurut kana paréntah urang. 16  Urang bakal ménta ka Bapa, terus ku Bapa, maranéh bakal dibéré panulung séjén* nu bakal nyarengan maranéh salilana. 17  Éta téh kawasa suci nu nyingkabkeun hal nu bener, nu teu bisa ditarima ku dunya, sabab dunya mah teu ningali jeung teu nyaho kana kawasa éta. Ari maranéh mah nyaho, sabab éta aya di maranéh, jeung tetep aya dina diri maranéh. 18  Ku urang, maranéh moal diantep nyorangan.* Urang tangtu bakal datang deui ka maranéh. 19  Sakeudeung deui, dunya moal ningali urang, tapi maranéh bakal ningali urang, sabab urang hirup jeung maranéh gé bakal hirup. 20  Dina poé éta, maranéh bakal nyaho urang téh ngahiji jeung Bapa, maranéh ngahiji jeung urang, sarta urang ngahiji jeung maranéh. 21  Saha waé nu narima jeung nurut kana paréntah urang, éta tandana nyaah ka urang. Saha waé nu nyaah ka urang bakal dipikanyaah ku Bapa urang, urang gé bakal nyaah ka manéhna jeung bakal nyingkabkeun diri urang ka manéhna.” 22  Yudas (lain Iskariot) ngomong ka Isa, ”Juragan, naon alesanna Juragan nyingkabkeun diri ka urang-urang, tapi ka dunya mah henteu?” 23  Isa ngajawab, ”Jalma nu nyaah ka urang bakal nurut kana ucapan urang, Bapa urang gé bakal nyaah ka manéhna. Urang jeung Bapa bakal datang sarta cicing jeung manéhna. 24  Jalma nu teu nyaah ka urang moal nurut kana ucapan urang. Naon nu diucapkeun ku urang téh lain ti urang sorangan, tapi éta téh ucapan Bapa nu ngutus urang. 25  ”Urang ngomong kieu téh meungpeung bareng kénéh jeung maranéh. 26  Tapi panulung, nyaéta kawasa suci, nu dikirim ku Bapa liwat urang,* éta bakal ngajarkeun sagala hal ka maranéh jeung ngingetkeun maranéh kana sagala nu pernah diucapkeun ku urang. 27  Urang bakal terus méré katengtreman nu ayeuna dirasakeun ku maranéh pas bareng jeung urang. Katengtreman ti urang téh béda jeung katengtreman ti dunya. Maranéh ulah nepi ka susah haté atawa kaéléhkeun ku kasieun. 28  Maranéh geus ngadéngé omongan urang, ’Urang rék indit, jeung bakal datang deui ka maranéh.’ Lamun maranéh nyaah ka urang, maranéh bakal bungah urang indit ka Bapa, sabab Bapa leuwih agung tibatan urang. 29  Jadi ayeuna urang ngabéjaan maranéh saacan éta kajadian supaya maranéh percaya waktu éta kajadian. 30  Urang geus teu bisa ngomong leuwih loba deui ka maranéh, sabab pangawasa dunya ieu geus datang, sanajan kitu manéhna teu bisa ngawasaan urang. 31  Tapi supaya dunya nyaho urang nyaah ka Bapa, urang rék ngalampahkeun naon nu diparéntahkeun Bapa ka urang. Cengkat, hayu urang indit.

Catetan Tambihan

Atawa ”bantuan séjén nu negerkeun haté”.
Atawa ”jadi siga yatim pahatu”.
Atawa ”maké ngaran urang”.