Ibrani 5:1-14

  • Isa leuwih unggul tibatan imam-imam agung manusa (1-10)

    • Imam agung cara Mélkhizédék (6, 10)

    • Diajar taat tina kasangsaraan (8)

    • Jadi jalan kasalametan nu langgeng (9)

  • Ulah siga budak leutik (11-14)

5  Unggal imam agung nu dipilih ti antara manusa téh dilantik pikeun ngalalayanan jalma-jalma nu rék ibadah ka Allah, nyaéta nyanggakeun pangbakti jeung kurban keur dosa-dosa maranéhna.  Manéhna bisa ngarasa karunya* ka jalma-jalma nu teu nyaho naon nu bener sarta nu nyieun salah,* lantaran manéhna sorangan gé boga kalemahan.  Éta sababna, manéhna kudu nyanggakeun kurban lain keur dosa bangsa éta hungkul, tapi ogé keur dosa dirina.  Manusa narima kahormatan ieu téh lain ku kahayangna sorangan, tapi lantaran dipilih ku Allah, siga Harun.  Kitu ogé, Al-Masih teu ngamulyakeun dirina sorangan ku cara ngangkat dirina jadi imam agung. Tapi, manéhna dimulyakeun ku Allah nu ngomong ka manéhna, ”Manéh téh putra Kuring; ayeuna Kuring jadi Bapa manéh.”  Dina ayat séjén, Anjeunna gé ngomong, ”Manéh téh imam nu langgeng cara Mélkhizédék.”  Salila hirup di bumi, Al-Masih husu ngadoa jeung ménta, bari ngajerit jeung ceurik, ka Allah nu sanggup nyalametkeun manéhna tina maot, jeung doana dikabulkeun lantaran manéhna sieun ka Allah.  Sanajan manéhna téh putra, manéhna diajar taat tina kasangsaraanana.  Sanggeus jadi sampurna, manéhna jadi jalan kasalametan nu langgeng keur sakabéh jalma nu taat ka manéhna, 10  lantaran manéhna geus ditangtukeun ku Allah pikeun jadi imam agung cara Mélkhizédék. 11  Aya loba nu rék dicaritakeun ku urang-urang ngeunaan manéhna, tapi hésé ngajelaskeunana, da aranjeun mah teu ngarti-ngarti.* 12  Sanajan ayeuna téh* aranjeun sakuduna geus jadi guru, aranjeun masih kénéh perlu diajar ku batur ti mimiti deui ngeunaan pangajaran dasar kekecapan suci ti Allah. Aranjeun kalah ka balik deui butuh susu, lainna kadaharan nu teuas. 13  Jalma nu nginum susu hungkul mah teu ngarti kana firman bebeneran, da manéhna téh budak leutik kénéh. 14  Ari kadaharan nu teuas mah keur jalma déwasa* nu sering ngagunakeun pikiranana,* jadi manéhna kalatih pikeun ngabédakeun nu bener jeung nu salah.

Catetan Tambihan

Atawa ”bisa lemah lembut; bisa ngarti”.
Atawa ”sasab”.
Atawa ”lambat dina ngadéngé”.
As. ”Sanajan ditingali tina waktu mah”.
Atawa ”nu asak rohani”.
Atawa ”kasanggupan mikirna”.