Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Naha Hal-Hal Gaib téh Ngan Saukur Hiburan nu Teu Bahaya?

Naha Hal-Hal Gaib téh Ngan Saukur Hiburan nu Teu Bahaya?

 Kumaha ceuk anjeun?

  •   Naha aya bahayana lamun urang maca ramalan béntang, maén jelangkung, atawa tatanya ka dukun?

  •   Naha carita gaib téh ngan saukur dongéng nu ngagambarkeun perang antara nu bageur jeung nu jahat, atawa éta téh pibahayaeun?

 Artikel ieu bakal ngabahas ku naon spiritisme kacirina pikaresepeun jeung ku naon anjeun kudu ati-ati.

 Ku naon kacirina pikaresepeun?

 Industri hiburan meunang loba kauntungan tina film, acara TV, video game, jeung buku nu nonjolkeun hal-hal gaib. Hasilna, loba budak ngora jadi resep kana hal-hal saperti ramalan béntang, roh-roh jahat, vampir, jeung sihir. Ku naon? Ieu sababaraha alesanana:

  •   Panasaran: Hayang nyaho naha mahluk roh téh bener-bener aya

  •   Hariwang: Hayang nyaho naon nu bakal kajadian dina mangsa kahareup

  •   Parasaan sono: Hayang ngobrol jeung jalma nu dipikanyaah nu geus maot

 Alesan-alesan éta mémang teu salah. Misalna, wajar lamun urang hayang nyaho mangsa kahareup atawa sono ka jalma nu dipikanyaah nu geus maot. Tapi, urang kudu nyaho bahayana.

 Ku naon kudu ati-ati?

 Alkitab ngélingan urang kalawan tegas ngeunaan hal-hal nu aya patalina jeung spiritisme. Misalna, Alkitab nyebutkeun:

 ”Ulah aya bangsa maraneh anu metangan atawa nujum, ngajampe, atawa neangan tanda-tanda galagat, atawa ngumaha ka arwah jelema anu geus paraeh. PANGERAN Allah maraneh mikaijid ka jelema anu kalakuanana sarupa kitu.”—Pamindo 18:10-12.

 Naon sababna Alkitab bener-bener ngutuk spiritisme?

  •   Spiritisme ngajurung urang kontak jeung roh-roh jahat. Alkitab nyaritakeun yén aya sababaraha malaikat barontak ka Allah jeung jadi musuh Mantenna. (Kajadian 6:2; Yudas 6) Malaikat-malaikat jahat ieu, nu disebut roh-roh jahat, nyasabkeun jalma-jalma liwat dukun, tukang ramal, jeung tukang napsirkeun béntang atawa tanda-tanda. Maranéhna bisa nyababkeun urang jadi nyobat jeung musuh Allah.

  •   Spiritisme ngajarkeun kabohongan yén sababaraha manusa bisa nyaho mangsa kahareup. Tapi, ngan Allah nu bisa ngomong kieu, ”Sakur anu enggeus kajadian, ku Kami geus diwejangkeun ti samemehna, didawuhkeunana geus ti baheulana keneh.”—Yesaya 46:10; Yakobus 4:13, 14.

  •   Spiritisme ngajarkeun kabohongan yén nu maot bisa ngomong jeung nu hirup. Tapi, ceuk Alkitab, ”Nu paeh mah teu nyaho naon-naon . . . ari geus paeh mah moal bisa obah-obah acan, moal bisa mikir, moal aya kanyaho, moal pinter.”—Pandita 9:5, 10.

 Éta sababna, Saksi-Saksi Yéhuwa nyingkahan kabiasaan nu aya patalina jeung spiritisme. Maranéhna ogé nampik hiburan nu aya zombi, vampir, jeung dukunna. Ceuk saurang budak ngora nu ngaranna Maria, ”Abdi moal lalajo hiburan nu aya spiritismena.” a

Siga penjahat nu nyamur jadi jalma séjén pikeun nipu anjeun, roh-roh jahat gé nyamur jadi jalma nu dipikanyaah nu geus maot

 Nu bisa dilampahkeun

  •   Sing boga tékad pikeun ”ngajaga haté sanubari nu bersih” di payuneun Yéhuwa ku cara nyingkahan kabiasaan atawa hiburan nu aya patalina jeung hal-hal gaib.—Rasul 24:16, Terjemahan Dunia Baru.

  •   Piceun sagala hal nu aya unsur gaibna. Pék baca Rasul 19:19, 20, jeung perhatikeun conto alus ti urang Kristen abad kahiji.

 Inget: Lamun anjeun nampik kabiasaan atawa hiburan nu aya patalina jeung hal-hal gaib, éta hartina anjeun mihak ka Yéhuwa. Mantenna pasti bungah!—Siloka 27:11.

a Ieu lain hartina kabéh carita dongéng aya unsur spiritismena. Tapi, urang Kristen bakal nuturkeun haté sanubarina nu geus dilatih Alkitab pikeun nyingkahan kabiasaan atawa hiburan nu aya patalina jeung spiritisme.—2 Korinta 6:17; Ibrani 5:14.