Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Urang Kudu Kumaha mun Ngalanggar Aturan ti Kolot?

Urang Kudu Kumaha mun Ngalanggar Aturan ti Kolot?

 Ampir kabéh kulawarga biasana boga aturan. Misalna, jam sabaraha geus kudu aya di imah, sabaraha lila meunang maké gadget, kabiasaan di imah, jeung aturan séjénna.

 Tapi kumaha mun anjeun ngalanggar aturan-aturan éta? Anjeun mémang teu bisa ngarobah nu geus kajadian, tapi anjeun bisa ngupayakeun sangkan kaayaanna teu beuki kacow. Artikel ieu bakal méré nyaho kumaha carana.

 Nu ulah dilakukeun

  •   Mun kolot can nyaho anjeun geus ngalanggar aturan, bisa jadi anjeun hayang nyumputkeun kasalahan.

  •   Mun maranéhna nyaho anjeun geus ngalanggar aturan, bisa jadi anjeun hayang néang-néang alesan atawa nyalahkeun batur.

 Éta kabéh lain jalan kaluar nu alus. Ku naon? Lamun nutupan kasalahan, anjeun katingali can déwasa. Malah, anjeun bakal dianggap bubudakeun kénéh ku kolot.

 ”Ngabohong téh lain jalan kaluarna. Engké mun kolot nyahoeun, hukumanana bakal leuwih beurat tibatan lamun anjeun nyarita ti mimiti kénéh.” —Diana.

 Nu perlu dilakukeun

  •   Ngakukeun kasalahan. Ceuk Kitab Suci, ”Nu ngabunian dosa, moal jamuga hirupna.” (Siloka 28:13) Sabenerna, kolot ogé paham mun anjeun bisa ngalakukeun kasalahan. Tapi, Na anjeun jujur?

     ”Kolot bakal leuwih gampang ngahampura lamun anjeun nyaritakeun nu sabenerna. Jadi lamun anjeun jujur, kolot bakal leuwih percaya ka anjeun.”—Olivia.

  •   Ménta maap. Ceuk Kitab Suci, ”Kudu ngarendahkeun diri.” (1 Petrus 5:5) Urang kudu rendah haté waktu ménta maap jeung tong méré loba alesan.

     ”Lamun urang sok méré loba alesan waktu nyieun kasalahan, lalaunan urang moal pati rumasa salah. Lila-lila urang moal rumasa salah sama sakali.” —Heather.

  •   Tarima akibatna. Ceuk Kitab Suci, ”Lenyepkeun sakur anu ku kami diwurukkeun.” (Siloka 8:33) Ulah sok kukulutus jeung tarima disiplin ti kolot anjeun.

     ”Beuki urang protés, beuki kacow ogé kaayaanana. Jadi, tarima hukumanana jeung jalankeun, sanajan urang téh rugi.”—Jason.

  •   Carana supaya di percaya deui. Ceuk Kitab Suci, ”Adat kabiasaan heubeul anu geus ruksak ku angen-angen anu sasar teh geura piceun.” (Epesus 4:22) Terus lakukeun nu hadé supaya kolot percaya deui ka anjeun.

     ”Mun kolot ningali anjeun terus nyieun putusan nu hadé, maranéhna bakal percaya deui ka anjeun.”—Karen.

 SARAN: Lakukeun leuwih ti nu dipénta ku kolot pikeun ngabuktikeun yén anjeun bisa dipercaya deui. Contona, sanajan anjeun moal telat balik, béré nyaho kolot mun anjeun geus di jalan rék balik. Éta téh sarua siga anjeun ngomong ka kolot, ’Abdi siap dipercaya deui.’