Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Kumaha Abdi jeung Kolot Bisa Ngabahas ngeunaan Aturan ti Maranéhna?

Kumaha Abdi jeung Kolot Bisa Ngabahas ngeunaan Aturan ti Maranéhna?

 ”Basa umur 15 taun, abdi ngarasa aturan ti kolot téh asup akal, tapi sanggeus umur 19, abdi ngarasa butuh leuwih loba kabébasan.”​—Sylvia.

 Naha anjeun ngarasa siga Sylvia? Lamun enya, artikel ieu bisa ngabantu anjeun pikeun ngabahas kaayaan éta jeung kolot.

 Nu kudu dipikanyaho

 Saacan anjeun ngomong ka kolot ngeunaan aturan ti maranéhna, pikirkeun sababaraha hal ieu:

  •  Kaayaan bisa kacow lamun euweuh aturan. Bayangkeun jalanan nu ramé. Naon jadina lamun euweuh lampu setopan, pelang, jeung watesan sabaraha gancang mawa kendaraan? Ku ayana aturan lalu lintas, jalanan jadi tartib. Kitu ogé jeung aturan di imah.

  •  Aturan téh bukti yén kolot anjeun nyaah ka anjeun. Lamun maranéhna teu nyieun aturan, éta hartina maranéhna teu paduli ka anjeun. Maenya kolot nu nyaah siga kitu?

 ANJEUN NYAHO TEU? Kolot ogé kudu nurut kana aturan! Mun anjeun teu percaya, pék tingali Kajadian 2:24; Pamindo 6:6, 7; Epesus 6:4; jeung 1 Timoteus 5:8.

 Kumaha lamun anjeun masih kénéh ngarasa aturan ti kolot téh teu adil?

 Nu bisa dilampahkeun

 Pikirkeun heula naon nu rék diobrolkeun. Waktu kolot méré aturan, biasana anjeun sok nurut teu? Lamun henteu, bisa jadi ayeuna lain waktu nu cocog pikeun ménta leuwih loba kabébasan. Pék tingali artikel ”Kumaha Carana Supaya Abdi Dipercaya ku Kolot Abdi?

 Lamun biasana anjeun mémang nurut, siapkeun naon nu rék anjeun tepikeun ka kolot. Anjeun bisa nulis heula naon nu rék ditepikeun, éta bisa ngabantu anjeun mariksa paménta anjeun téh asup akal teu. Tuluy, badamikeun jeung kolot rék iraha sarta di mana tempat nu cocog pikeun ngabahasna. Sanggeusna, engké waktu anjeun ngabahas jeung kolot, inget hal-hal ieu:

 Sing sopan. Alkitab nyebutkeun, ”Jawaban nyogok ngahudang napsu.” (Siloka 15:1) Jadi anjeun kudu inget, lamun anjeun kalah ka paadu omong atawa nuduh maranéhna teu adil, hasilna moal alus.

 ”Lamun abdi leuwih sopan ka kolot, maranéhna ogé jadi leuwih ngahargaan abdi. Jadi lamun urang silih hormat, bakal leuwih gampang pikeun nyieun putusan.”​—Bianca, 19 taun.

 Déngékeun. Alkitab nyebutkeun, ”Sing cepet kana ngadenge, sing lambat kana nyarita.” (Yakobus 1:19) Inget, anjeun téh keur badami jeung maranéhna, lainna keur méré caramah.

 ”Bisa jadi waktu urang geus rada gedé, urang ngarasa leuwih loba kanyaho ti batan kolot. Tapi éta téh teu bener. Urang tetep kudu ngadéngékeun naséhat jeung saran ti maranéhna.”​—Devan, 20 taun.

 Sing ngartikeun kolot anjeun. Upayakeun pikeun ngarti kana cara pikirna kolot. Tuturkeun naséhat ti Alkitab, ”Hargaan kapentingan batur, ulah mentingkeun diri sorangan bae”. (Pilipi 2:4) Jadi, urang kudu ngartikeun naon nu dipikahayang ku kolot.

Cara mana nu bisa ngabantu anjeun meunangkeun leuwih loba kabébasan?

 ”Baheula abdi nganggap kolot sabagé musuh, lainna sobat abdi. Tapi ayeuna abdi sadar maranéhna ogé keur diajar carana jadi kolot nu hadé, sarua siga abdi keur diajar supaya jadi jalma déwasa nu tanggung jawab. Éta kabéh téh bukti maranéhna nyaah ka abdi.”​—Joshua, 21 taun.

 Tawarkeun piliheun séjén. Misalna, kolot anjeun ngalarang anjeun milu acara ngumpul nu diayakeun peuting-peuting. Pastikeun heula naon nu dihariwangkeun ku kolot, naha waktuna atawa acarana?

  •   Lamun waktuna nu jadi masalah, naha kolot bakal ngidinan lamun aya nu maturan anjeun?

  •   Lamun acarana nu jadi masalah, naha anjeun bisa ngayakinkeun kolot ku cara méré nyaho saha waé nu aya di acara éta jeung saha nu bakal ngawaskeun éta acara.

 Inget, anjeun kudu tetep sopan sarta bener-bener ngadéngékeun naon nu rék ditepikeun ku kolot anjeun. Témbongkeun yén anjeun ”hormat ka bapa jeung ka indung” dina ucapan jeung kalakuan anjeun. (Epesus 6:2, 3) Naha maranéhna bakal ngarobah putusanana? Bisa jadi, tapi bisa ogé henteu. Sanajan kitu . . .

 Hargaan putusan kolot anjeun. Ieu téh hal nu penting pisan, tapi osok disapirakeun. Lamun kahayang anjeun teu dicumponan, terus kalah ka paadu omong, engkéna anjeun bakal leuwih hésé waktu rék badami deui. Sabalikna lamun anjeun daék nurut kana putusan kolot, anjeun bakal dibéré leuwih loba kabébasan.