Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Ku Naon Kudu Ménta Maap?

Ku Naon Kudu Ménta Maap?

 Manéh rék kumaha lamun ngalaman kaayaan kieu:

  1.   Manéh dicarékan ku guru sabab baong di kelas.

     Manéh ngarasa guruna nu kaleuleuwihi, jadi manéh kudu ménta maap teu?

  2.   Aya babaturan nu nyeri haté ku omongan manéh.

     Manéh ngarasa omongan manéh mémang bener, jadi manéh kudu ménta maap teu?

  3.   Pas diomongan ku si bapa, manéh ambek ka si bapa, tuluy jadi ngomong kasar.

     Manéh ambek téh gara-gara si bapa, jadi manéh kudu ménta maap teu?

 Jawaban ti kabéhanana téh manéh kudu ménta maap. Tapi, ku naon manéh kudu ménta maap sanajan manéh ngarasa teu salah?

 Ku naon kudu ménta maap?

  •   Ménta maap téh tandana manéh déwasa. Lamun manéh daék tanggung jawab kana omongan atawa laku lampah manéh, éta hartina manéh keur ngalatih sipat-sipat alus nu bakal kapaké waktu geus déwasa engké.

     ”Lamun manéh teu adigung jeung sabar, manéh bakal daék ménta maap jeung daék ngadéngékeun naon nu diomongkeun ku batur.”​—Rachel.

  •   Lamun daék ménta maap, manéh bakal akur jeung batur. Keur jalma nu osok ménta maap, nu penting mah akur jeung batur lainna néangan saha nu bener saha nu salah.

     Najan manéh ngarasa teu salah, nu penting mah néangan cara supaya akur jeung batur. Ménta maap téh bisa mulihkeun sosobatan, ngomongna gé teu hésé-hésé teuing da.”​—Miriam.

  •   Lamun geus ménta maap, manéh bakal ngarasa plong. Mun geus nganyenyeri batur téh, asana siga aya beban anu beurat. Tapi, lamun geus ménta maap mah haté téh asa ngemplong. a

     ”Urang pernah ngomong kasar ka mamah jeung ka bapa. Urang ngarasa teu ngeunah haté, tapi asa hésé rék ménta maap téh. Pas geus ménta maap, kulawarga téh jadi akur deui. Haté gé karasana jadi plong.”​—Nia.

    Parasaan kaduhung téh siga beban anu beurat; tapi lamun geus ménta maap mah haté téh asa ngemplong

 Hésé teu sih ménta maap téh? Enya! Aya budak ngora, nu ngaranna Dena, manéhna geus sababaraha kali ménta maap ka indungna lantaran geus kasar. Ceuk manéhna, ”Teu gampang sih ménta maap téh. Siga aya nu ngaganjel dina tikoro. Hésé rék ngomong téh!”

 Carana ménta maap

  •   Ménta maap langsung ka jelemana. Lamun ménta maapna langsung, manéhna bisa ningali urang téh bener-bener ménta maap atawa henteu. Tapi, batur bisa jadi moal percaya lamun urang ménta maapna ngan saukur liwat chat. Mun ditambahan emoji sedih gé, batur can tangtu ngarasa urang iklas.

     Saran: Lamun teu bisa ngomong langsung, manéh bisa nelepon atawa ngirim kartu. Teu sual carana, pikirkeun bener-bener kekecapanna.

     Prinsip Alkitab: ”Jelema hade mah memeh ngajawab teh mikir heula.”​—Siloka 15:28.

  •   Ulah diengké-engké. Beuki diengké-engké, masalahna jadi beuki gedé. Urang gé osok jadi kararagok mun panggih jeung jelemana.

     Saran: Tetepkeun tujuan. Contona, ’Poé ieu urang rék ménta maap.’ Tangtukeun iraha manéh rék ménta maap, tuluy jalankeun.

     Prinsip Alkitab: ”Geura béréskeun masalahna.”​—Mateus 5:25, Terjemahan Dunia Baru.

  •   Sing iklas ménta maapna. Lamun ngomong ”Maap atuh mun manéh ngarasa kitu mah”, éta téh lain ménta maap! Budak ngora nu ngaranna Janelle ngomong, ”Jalma nu dinyenyeri bakal ngahargaan manéh lamun manéh daék tanggung jawab kana kasalahan manéh.”

     Saran: Ulah ngarepkeun batur ménta maap ti heula. Ulah ngomong kieu, ”Mun manéh ménta maap, urang gé bakal ménta maap.”

     Prinsip Alkitab: ”Anu kudu dijieun tujuan teh salilana kudu hal-hal anu matak pirukuneun.”​—Rum 14:19.

a Lamun manéh ngaruksak barang batur, alusna mah teu ngan ménta maap tapi ogé ngagantian barang éta.