Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Kumaha Lamun Abdi Dibéré Naséhat?

Kumaha Lamun Abdi Dibéré Naséhat?

 Pariksa diri

 Sakapeung urang butuh kritik atawa naséhat supaya pagawéan jeung sipat-sipat urang leuwih alus. Pék pikirkeun kaayaan-kaayaan ieu:

  1.  Guru sakola ngabéjaan yén anjeun ngagawékeun tugasna mani gancang teuing. Ceuk si Bapa Guru, ”Sabenerna mun lalaunan, hasilna bisa leuwih alus.”

     Kumaha sikep anjeun waktu dibéré naséhat ieu?

    1.   Teu narima. (’Guruna wéh teu resep ka urang.’)

    2.   Narima. (’Enya engké mah moal kitu deui.’)

  2.  Si Mamah méré nyaho yén kamar anjeun téh pabalatak, padahal karék dibérésan ku anjeun.

     Kumaha sikep anjeun waktu dibéré naséhat ieu?

    1.   Teu narima. (’Da ceuk si Mamah mah abdi téh salah waé.’)

    2.   Narima. (’Enya engké mah bakal leuwih rapih.’)

  3.  Adi anjeun ngomong yén anjeun sok nitah-nitah waé.

     Kumaha sikep anjeun waktu dibéré naséhat ieu?

    1.   Teu narima. (’Manéhna gé sok kitu!’)

    2.   Narima. (’Sigana urang bisa leuwih bageur ka manéhna.’)

 Sababaraha budak ngora gampang pundungan. Teu pira dibéré naséhat saeutik wéh, langsung baeud. Anjeun siga kitu teu? Lamun enya, lebar pisan! Ku naon? Mun anjeun daék narima naséhat, éta téh alus pisan. Bisa jadi, éta aya mangpaat keur ayeuna jeung engké waktu anjeun geus déwasa.

Lebar lamun urang embung ngadéngékeun naséhat nu sabenerna urang butuhkeun

 Ku naon urang butuh naséhat?

  •   Ku sabab urang teu sampurna. Ceuk Alkitab, ”Urang, sarerea oge remen nyieun kasalahan.” (Yakobus 3:2) Ku kituna kabéh jalma butuh naséhat.

     ”Abdi kudu inget kabéh jalma téh teu sampurna jeung sok nyieun salah. Jadi waktu dinaséhatan, abdi mikirkeun naséhatna jeung ngupayakeun supaya henteu nyieun kasalahan nu sarua.”​—David.

  •   Ku sabab bisa nyieun urang jadi jalma nu leuwih hadé. Ceuk Alkitab, ”Keur nu bijaksana mah nasehat urang teh matak nambahan kabijaksanaanana.” (Siloka 9:9) Lamun anjeun dibéré naséhat, pasti aya mangpaatna.

     ”Baheula abdi sok hésé dibéjaan, ku sabab kakurangan abdi asa dibolékérkeun. Tapi ayeuna abdi daék narima naséhat, malah osok ménta naséhat. Abdi hayang jadi jalma nu leuwih hadé.​—Selena.

 Biasana, waktu urang nu ménta naséhat, urang gampang narimana. Tapi lamun ujug-ujug dinaséhatan, karasana teu ngeunah. Natalie dibéré kartu nu eusina kritik. Ceuk manéhna, ”Abdi reuwas jeung leutik haté. Padahal geus hésé-hésé digawé, ari pék téh nu ditarima ngan kritik!”

 Pernah teu anjeun ngalaman siga kitu? Lamun pernah, kumaha cara anjeun nyanghareupanana?

 Kumaha supaya urang daék narima naséhat?

  •   Déngékeun.

     Ceuk Alkitab, ”Jalma nu yakin kana dirina, tara ngomong sagawayah. Jelema bijaksana mah ayem.” (Siloka 17:27) Lamun batur keur méré naséhat, ulah geura dipotong. Pikir heula lamun rék ngajawab, ulah nepi ka engkéna kaduhung.

     ”Waktu dinaséhatan, abdi sok hayang ngabantah. Padahal sabenerna abdi kudu diajar narima naséhat supaya engké bisa leuwih hadé deui.”​—Sara.

  •   Pikirkeun naséhatna, lain nu ngomongna.

     Bisa jadi waktu batur méré naséhat, anjeun hayang néang-néang kakurangan manéhna. Tapi ceuk Alkitab, urang téh kudu ”cepet kana ngadenge, sing lambat kana nyarita, jeung ulah gancang ambek.” (Yakobus 1:19) Biasana, unggal naséhat téh sok aya benerna. Lebar lamun urang embung ngadéngékeun naséhat nu sabenerna urang butuhkeun.

     ”Waktu kolot abdi méré naséhat, biasana abdi sok ambek bari ngajawab, ’Enya . . . Enya . . .’. Tapi waktu abdi daék ngadéngékeun naséhatna, nya mémang aya mangpaatna.”​—Edward.

  •   Sing sadar diri.

     Lamun anjeun dinaséhatan, éta lain hartina anjeun téh gagal. Unggal jalma boga kakurangan, kitu ogé jeung anjeun. Malahan mah jalma nu ngiritik ogé, sakapeung butuh naséhat. Alkitab nyebutkeun, ”Di dunya moal aya jelema anu bener sapapanjangna teu kungsi milampah salah.”​—Pandita 7:20.

     ”Abdi dinaséhatan ku babaturan, tapi naséhatna téh asa teu cocog keur abdi. Nya nuhun sih, manéhna geus jujur, tapi basa éta abdi keuheul. Pandeuri abdi sadar sih naséhatna aya benerna. Untung dibéjaan, abdi jadi bisa ningali naon nu kudu dirobah. Mun henteu, abdi moal engeuh.”​—Sophia.

  •   Jieun tujuan.

     Ceuk Alkitab, ”Anu ngestokeun panggeuing bapana nandakeun yen tumarima.” (Siloka 15:5) Lamun anjeun daék narimakeun, anjeun moal nyeri haté teuing jeung anjeun ogé bakal ngupayakeun sangkan bisa barobah. Tangtukeun naon nu rék anjeun robah, terus tingali parobahan anjeun dina sababaraha bulan kahareup.

     ”Narima naséhat téh aya hubunganna jeung sipat jujur. Sualna anjeun kudu wani ngaku kasalahan sorangan, ménta hampura, jeung néang cara supaya bisa barobah.”​—Emma.

 Intina: Ceuk Alkitab, ”Budi akal datangna ti pada jalma, cara waja silih asah jeung waja.” (Siloka 27:17) Naséhat bisa jadi alat pikeun ”ngasah” anjeun, boh keur ayeuna boh engké pas geus déwasa.