Pamindo 18:1-22

  • Bagian para imam jeung urang Léwi (1-8)

  • Élmu gaib dilarang (9-14)

  • Nabi nu saperti Musa (15-19)

  • Ciri nabi palsu (20-22)

18  ”Para imam Léwi jeung sakabéh kaom Léwi moal meunang bagian atawa warisan kawas urang Israél séjénna. Maranéhna bakal dahar tina kurban milik Yéhuwa, nyaéta kurban nu dibeuleum keur Anjeunna.  Di antara dulur-dulurna, maranéhna moal meunang warisan. Yéhuwa nu bakal nyumponan pangabutuh* maranéhna, sakumaha ucapan Anjeunna ka maranéhna.  ”Tina pangbakti éta bangsa, ieu nu bakal jadi hak para imam: Lamun aya nu méré kurban, teu sual sapi atawa domba, manéhna kudu mikeun bagian pingping hareup, bagian cacapék, jeung bagian beuteung éta sato ka imam.  Hasil nu mimiti tina sisikian, cianggur anyar, minyak, jeung bulu domba nu dicukur kudu dibikeun ka imam.  Ti antara kaom-kaom Israél, sakabéh lalaki turunan Léwi téh geus dipilih ku Yéhuwa Allah maranéh pikeun ngalalayanan demi nami Yéhuwa salalanggengna.  ”Lamun aya urang Léwi ninggalkeun salah sahiji kota di Israél, tempat manéhna matuh, lantaran hayang ka tempat nu dipilih* ku Yéhuwa,  manéhna meunang ngalalayanan di dinya demi nami Yéhuwa Allahna, sakumaha kabéh dulurna, nyaéta urang Léwi nu ngalalayanan di dinya, di hareupeun Yéhuwa.  Manéhna bakal narima hasil tina ngajual harta karuhunna. Salian ti éta, manéhna gé bakal narima jatah dahareun nu sarua kawas urang Léwi séjénna.  ”Waktu maranéh asup ka tanah nu rék dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh, ulah nurutan lalampahan pikageuleuheun bangsa-bangsa urang ditu. 10  Di antara maranéh ulah aya nu ngaduruk anak lalaki atawa anak awéwé pikeun dijadikeun kurban. Ulah aya nu ngaramal, ngagunakeun élmu gaib, néangan tanda-tanda, jadi tukang sihir, 11  ngajampé-jampé batur, tatanya ka tukang manggil arwah atawa tukang ramal, jeung tatanya ka nu maot, 12  sabab Yéhuwa geuleuh ka saha waé nu ngalampahkeun hal-hal éta. Ku lantaran hal-hal éta, Yéhuwa Allah maranéh ngusir bangsa-bangsa éta ti hareupeun maranéh. 13  Maranéh kudu bener-bener bersih di hareupeun Yéhuwa Allah maranéh. 14  ”Éta bangsa-bangsa nu tanahna rék direbut ku maranéh téh sok ngadéngékeun pituduh ti jalma-jalma nu ngagunakeun élmu gaib jeung tukang ramal. Tapi, Yéhuwa Allah maranéh mah ngalarang maranéh ngalampahkeun nu kararitu. 15  Engké, Yéhuwa Allah maranéh bakal ngangkat hiji nabi nu saperti kuring ti antara maranéh. Maranéh kudu nurut ka manéhna. 16  Éta téh jawaban paménta maranéh* basa kumpul di Horéb. Harita, maranéh ménta kieu ka Yéhuwa Allah maranéh, ’Ulah dugi ka abdi sadaya ngadangu sora Yéhuwa Allah abdi sadaya atawa ningal seuneu nu ageung kawas kieu deui, sangkan abdi sadaya teu maot.’ 17  Geus kitu Yéhuwa nyarios kieu ka kuring, ’Naon nu diucapkeun ku maranéhna téh hadé. 18  Kuring rék ngangkat hiji nabi kawas manéh ti antara maranéhna. Kuring bakal ngabéjaan naon nu kudu diucapkeun ku manéhna, tuluy sagala nu diparéntahkeun ku Kuring bakal ditepikeun ka maranéhna. 19  Saha waé nu teu nurut kana omongan Kuring, nu ditepikeun ku éta nabi nu ngawakilan Kuring, kudu tanggung jawab ka Kuring. 20  ”’Lamun aya nabi nu wani-wani ngawakilan Kuring padahal teu dititah ngomong nanaon, atawa manéhna ngomong téh ngawakilan allah-allah séjén, éta nabi kudu dipaéhan. 21  Tapi, meureun maranéh ngomong kieu di jero haté, ”Ti mana urang nyaho omongan manéhna téh asalna ti Yéhuwa atawa lain?” 22  Tah, lamun aya nabi nu ngakuna mah ngawakilan Yéhuwa, tapi ucapanana teu laksana atawa henteu kajadian, éta hartina ucapanana téh lain ti Yéhuwa. Éta nabi téh lancang. Ulah sieun ka manéhna.’

Catetan Tambihan

As. ”bakal jadi warisan”.
Nyaéta tempat nu dipilih ku Yéhuwa pikeun jadi puseur ibadah.
Atawa ”jamaah”.