Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Naon nu Kudu Dipikanyaho ku Abdi ngeunaan Pelécéhan Séksual?—Bagian 2: Mulihkeun Diri

Naon nu Kudu Dipikanyaho ku Abdi ngeunaan Pelécéhan Séksual?—Bagian 2: Mulihkeun Diri

 Mun ngarasa salah

 Loba korban pelécéhan séksual ngarasa éra pisan kana kaayaan manéhna. Malah aya korban nu ngarasa éta salah manéhna. Contona Karen nu umurna 19 taun. Manéhna pernah dilécéhkeun ti umur 6 nepi ka 13 taun. Manéhna ngomong, ”Nu paling susah téh nyaéta eureun nyalahkeun diri sorangan. Abdi sok mikir, ’Ku naon abdi bet ngantep jelema éta ngalécéhkeun abdi sakitu lilana?’”

 Lamun éta nu dirasakeun ku anjeun, pék pikirkeun hal-hal ieu:

  •   Sacara fisik jeung émosi, budak can siap ngalakukeun hubungan séks. Maranéhna can ngarti nanaon ngeunaan hal éta, jeung teu nyaho kudu kumaha waktu dilécéhkeun. Jadi, pelécéhan séksual lain kasalahan budak.

  •   Biasana budak leutik percayaan ka jalma déwasa, manéhna gampang kabobodo ku jalma nu rék ngajahatan manéhna. Buku The Right to Innocence nyebutkeun, ”Jalma nu ngalécéhkeun téh jago ’nipu’, budak leutik mah tangtu gampang katipu.”

  •   Budak bisa karangsang waktu dilécéhkeun. Lamun éta nu dirasakeun ku anjeun, sing yakin yén éta mah réaksi awak nu otomatis waktu dirangsang. Tapi, éta lain hartina anjeun satuju kana pelécéhan éta atawa anjeun kudu milu tanggung jawab.

 Saran: Pék bayangkeun budak leutik nu umurna sarua jeung anjeun waktu dilécéhkeun. Terus pikirkeun, ’Adil teu lamun budak sagedé kitu dilécéhkeun tuluy kudu tanggung jawab?’

 Karen sadar kana hal ieu waktu manéhna digawé ngasuh tilu budak, nu salah sahijina umurna ampir genep taun. Karen umur sakitu waktu mimiti dilécéhkeun. Ceuk Karen, ”Abdi sadar sakitu teu walakayana budak umur sakitu téh. Jeung sakitu teu walakayana abdi harita.”

 Fakta: Jalma nu ngalécéhkeun nu kudu tanggung jawab. Ceuk Alkitab, ”Kajahatan ti jalma jahat bakal dibales. Ngan manéhna sorangan nu bakal dihukum.”—Yeheskel 18:20, Terjemahan Dunia Baru.

 Mangpaatna nyarita ka batur

 Parasaan anjeun bisa leuwih plong lamun nyarita ka jalma déwasa nu bisa dipercaya. Ceuk Alkitab, ”Sobat salawasna sok nembongkeun kanyaahna. Ari dulur pikeun naon mun lain keur silih tulungan dina kasusah?”—Siloka 17:17.

 Mémang, anjeun bisa jadi ngarasa leuwih aman lamun teu ngomongkeun hal éta. Meureun, ku cara jempé téh anjeun saperti keur ngawangun témbok nu bisa ngalindungan anjeun. Tapi sok pikirkeun, témbok nu ngalindungan anjeun bisa ogé ngahalangan anjeun pikeun narima bantuan.

Mun jempé, anjeun ibarat ngawangun témbok. Éta bisa jadi ngalindungan anjeun, tapi ogé ngahalangan anjeun pikeun narima bantuan

 Saurang awéwé nu ngaranna Janet ngarasa leuwih plong waktu nyaritakeun kajadian éta ka batur. Ceuk manéhna, ”Abdi dilécéhkeun basa leutik kénéh ku jalma nu dikenal jeung dipercaya ku abdi. Éta mangtaun-taun ku abdi dipendem. Tapi waktu abdi nyarita ka Mamah, abdi ngarasa beban beurat abdi geus kaangkat.”

 Janet bisa ngarti ku naon aya jalma nu embung ngomongkeun hal éta. Ceuk manéhna, ”Nyaritakeun ngeunaan pelécéhan téh matak risi. Tapi keur abdi mah teterusan dipendem gé teu alus. Jadi, mending disanghareupan ti mimiti ti batan diengké-engké.”

 ’Waktuna cageur’

 Lantaran geus dilécéhkeun, bisa jadi anjeun boga pandangan nu salah ngeunaan diri sorangan. Misalna, anjeun téh geus ruksak jeung euweuh hargaan atawa anjeun téh hirup ngan saukur keur muaskeun hasrat séksual batur. Ayeuna waktuna pikeun miceun pandangan nu salah éta jeung mulihkeun diri. (Pandita 3:3) Kumaha carana?

 Diajar Alkitab. Alkitab téh eusina pikiran Allah nu ”ampuh . . . [pikeun] ngagempur alesan-alesan palsu”, kaasup pandangan nu salah ngeunaan diri anjeun. (2 Korinta 10:4, 5) Sok baca jeung pikirkeun ayat-ayat ieu: Yesaya 41:10; Yermia 31:3; Malaki 3:​16, 17; Lukas 12:​6, 7; 1 Yohanes 3:​19, 20.

 Ngadoa. Mun keur baluweng lantaran ngarasa salah atawa ngarasa euweuh hargaan, ”pasrahkeun kasusah [anjeun] ka Allah” liwat doa. (Jabur 55:23) Anjeun teu sorangan!

 Ménta bantuan kokolot sidang. Maranéhna téh ”ibarat tempat nyalindung ari keur hujan jeung angin”. (Yesaya 32:2) Maranéhna bisa ngabantu anjeun pikeun boga pandangan nu bener ngeunaan diri sorangan, jadi anjeun bisa ngajalankeun hirup anjeun saterusna.

 Milih pergaulan nu hadé. Perhatikeun tuladan lalaki jeung awéwé nu hirupna nuturkeun prinsip Alkitab. Tingali kumaha sikep maranéhna ka lawan jenis. Engké anjeun bisa ningali yén teu kabéh jalma ngalécéhkeun batur nu cenah dipikanyaah ku manéhna.

 Saurang awéwé ngora nu ngaranna Tanya ahirna diajar ngeunaan hal penting ieu. Ti leuleutik kénéh, manéhna geus dilécéhkeun ku sababaraha lalaki. Ceuk manéhna, ”Lalaki nu deukeut jeung abdi kalah ka ngalécéhkeun abdi.” Tapi, lila-lila Tanya sadar yén aya lalaki nu bisa bener-bener nyaah. Naon nu nyadarkeun manéhna?

 Tanya osok gaul bareng jeung pasangan salaki pamajikan nu nuturkeun prinsip Alkitab. Éta ngarobah pandanganana. Ceuk manéhna, ”Tina conto salakina, abdi jadi sadar teu kabéh lalaki téh jahat. Manéhna mah ngalindungan pamajikanana. Éta nu sabenerna dipikahoyong ku Allah.” aEpesus 5:​28, 29.

a Lamun anjeun nepi ka ngalaman déprési kronis, gangguan dahar, ngaraheutan awak sorangan, nyalahgunakeun narkoba, teu bisa saré, atawa mikir rék maéhan manéh, alus mun anjeun ménta bantuan dokter nu ahli.