Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Kumaha Supaya Abdi Teu Éraan Teuing?

Kumaha Supaya Abdi Teu Éraan Teuing?

 Hal goréngna: Lamun urang éraan, urang jadi hésé boga babaturan anyar jeung embung nyobaan hal-hal nu anyar.

 Hal alusna: Sipat éraan bisa ngabantu urang mikirkeun heula naon nu rék diomongkeun. Urang gé jadi leuwih loba ngadéngékeun jeung merhatikeun batur.

 Untungna: Sipat éraan bisa dirobah. Jadi, sipat ieu bisa dikadalikeun supaya teu nepi ka ngaganggu kahirupan urang. Artikel ieu bakal méré nyaho carana.

 Pikirkeun naon nu dihariwangkeun ku anjeun

 Meureun anjeun sieun lamun ngobrol pahareup-hareup jeung batur. Tapi mun kitu terus, engké anjeun bisa ngarasa teu boga batur jeung ngarasa teu dianggap. Jadi coba pikirkeun, mun ngobrol téh, naon nu matak pikasieuneun keur anjeun. Bisa jadi kanyataanana teu jiga nu dihariwangkeun. Cik pikirkeun tilu hal ieu.

  •   Kahariwangan #1: ”Sok teu nyaho kudu ngomong naon.”

     Kanyataanana: Sanggeus panggih, jalma-jalma biasana leuwih inget kana sikep anjeun tibatan kana omongan anjeun. Jadi, anjeun bisa ngadalikeun sipat éraan anjeun, ku cara ngadéngékeun jeung merhatikeun naon nu diomongkeun ku batur.

     Nu bisa dipikirkeun: Anjeun leuwih resep boga babaturan nu jiga kumaha? Nu loba ngomong atawa nu resep ngadéngékeun?

  •   Kahariwangan #2: ”Batur bakal bosen mun ngobrol jeung urang.”

     Kanyataanana: Teu sual anjeun éraan atawa henteu, sabenerna batur téh boga pandangan sorangan ngeunaan anjeun. Tapi mun anjeun nyoba ngéléhkeun sipat éraan, terus sikep anjeun gé teu dijieun-jieun, engké batur bisa ningali anjeun téh sabenerna jalma jiga kumaha. Jadi, batur gé bisa boga pandangan nu leuwih alus ngeunaan anjeun.

     Nu bisa dipikirkeun: Lamun anjeun nganggap batur téh mikir nu goréng ngeunaan anjeun, éta bisa jadi hartina anjeun sorangan nu mikir nu goréng ngeunaan batur.

  •   Kahariwangan #3: ”Mun salah ngomong, engké urang pasti éra pisan.”

     Kanyataanana: Kabéh jalma gé osok salah ngomong. Jadi lamun anjeun salah ngomong, anjeun téh jiga méré nyaho ka batur mun anjeun gé bisa nyieun kasalahan jiga maranéhna.

     Nu bisa dipikirkeun: Anjeun resep pan, babaturan jeung jalma nu daék ngaku lamun manéhna ogé bisa nyieun kasalahan?

 Na anjeun apal? Jalma-jalma mikir manéhna téh lain jalma nu éraan, da ngarasa sok SMS-an atawa chat jeung batur. Tapi sabenerna urang téh leuwih gampang nyobat lamun panggih langsung jeung manéhna. Sherry Turkle, saurang ahli nu merhatikeun pangaruh téknologi jeung hubungan sosial, nulis kieu, ”Urang bakal bisa nyobat langsung jeung batur, lamun urang téh ningali langsung rarayna jeung ngadéngé langsung sorana.” a

Lamun anjeun bisa ngadalikeun sipat éraan anjeun, anjeun bakal sadar geuning ngobrol jeung batur téh henteu pikasieuneun

 Nu bisa dilakukeun

  •   Ulah ngabanding-bandingkeun diri jeung batur. Anjeun teu perlu jadi jalma nu pinter gaul. Tapi, anjeun bisa ngupayakeun pikeun ngadalikeun sipat éraan anjeun. Jadi, anjeun bisa boga babaturan anyar jeung nyobaan hal-hal anyar.

     ”Mun rék ngobrol, teu kudu nu panjang-panjang. Pas ngobrol gé, teu kudu urang terus pan nu ngomong? Cukup kenalkeun diri ka babaturan nu anyar jeung tanyakeun wé hal-hal nu umum.”​—Alicia.

     Naséhat Alkitab: ”Pariksa kalakuan sorangan, lamun bener, atohna rarasakeun bae, teu kudu dibanding-banding jeung kalakuan batur.”​—Galata 6:4.

  •   Perhatikeun batur. Urang bisa ningali jeung merhatikeun jalma-jalma nu pinter gaul. Naon nu ditanyakeun ku maranéhna? Naon nu teu dipikaresep ku jalma-jalma? Naon nu bisa dipiconto ku anjeun ti maranéhna?

     ”Urang bisa ningali jeung merhatikeun jalma-jalma nu pinter gaul. Perhatikeun pas maranéhna panggih jeung jalma nu anyar, kumaha sikep maranéhna jeung naon nu diomongkeun.”​—Aaron.

     Naséhat Alkitab: ”Budi akal datangna ti pada jalma, cara waja silih asah jeung waja.”​—Siloka 27:17.

  •   Tanya. Jalma-jalma biasana resep mun ditanya ngeunaan pandanganana kana hiji hal. Jadi, anjeun bisa nanyakeun hiji hal, éta téh cara nu alus pikeun ngamimitian obrolan. Batur gé moal fokus teuing ka anjeun.

     ”Supaya teu strés jeung teu hariwang teuing, urang bisa nyiapkeun diri saacanna. Mun aya acara kumpul-kumpul, urang bisa mikirkeun heula naon nu rék diomongkeun jeung naon nu rék ditanyakeun mun panggih jeung jalma nu anyar.”​—Alana.

     Naséhat Alkitab: ”Hargaan kapentingan batur, ulah mentingkeun diri sorangan bae.”​—Pilipi 2:4.

a Tina buku Reclaiming Conversation.