Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Kumaha Carana Supaya Abdi Dipercaya ku Kolot Abdi?

Kumaha Carana Supaya Abdi Dipercaya ku Kolot Abdi?

 Nu kudu dipikanyaho

 Batur bisa leuwih percaya ka urang lamun urang kabukti bisa dipercaya. Nurut ka aturan kolot téh ibarat nyicil hutang. Anjeun boga tanggung jawab pikeun mayar hutang éta. Lamun anjeun bisa dipercaya dina nyicil ’hutang’, engkéna anjeun bakal meunang leuwih loba ’injeuman’ (atawa kabébasan) ti maranéhna. Tapi, lamun anjeun teu bisa dipercaya, ulah héran mun pas engké rék nginjeum deui, jumlah ’injeuman’ anjeun bakal dikurangan.

 Butuh waktu sangkan bisa dipercaya. Lamun anjeun hayang meunang leuwih loba kabébasan, anjeun kudu ngabuktikeun yén anjeun téh jelema nu tanggung jawab.

 PANGALAMAN: ”Lantaran geus rumaja, abdi leuwih ngarti naon kahayang kolot abdi. Jadi, abdi pura-pura ngalampahkeunana di hareupeun kolot. Padahal di tukangeun mah abdi ngalakukeun naon nu abdi hayang. Éta sababna kolot hésé percaya ka abdi. Lila-lila abdi ngarti, teu aya cara séjén supaya bisa leuwih dipercaya. Mun hayang dipercaya, nya anjeun kudu kabukti bisa dipercaya.”​—Craig.

 Nu bisa dilakukeun ku anjeun

 Sing jujur sanajan kudu nanggung balukarna. Kabéh jalma pasti nyieun kasalahan. Tapi nyumputkeun kasalahan ku cara ngabohong (atawa henteu nyaritakeun kabéh faktana) téh bisa bener-bener ngaruksak kapercayaan kolot. Sabalikna mun anjeun dikenal ku kolot sabagé jalma nu jujur, kolot ogé bakal ningali yén anjeun téh geus déwasa, sabab anjeun wani ngakukeun kasalahan sorangan. Jalma nu siga kitu nu bisa dipercaya.

 ”Urang bakal tetep dipercaya sanajan nyieun kasalahan, tapi urang moal bakal dipercaya deui lamun urang sok nyumputkeun kasalahan.”​—Anna.

 Ceuk Alkitab, ”Urang hayang jujur dina ngalampahkeun sagala hal.”—Ibrani 13:18, Terjemahan Dunia Baru (NW).

  •   Pék pikirkeun: Misalna pas rék indit, kolot sok tatanya, ’Rék ka mana? Aya naon?’ Atawa pas balik ka imah, kolot ogé sok nanyakeun, ’Ti mana waé?’ Naha anjeun bakal nyaritakeun kabéh fakta nu kolot perlu nyaho?

 Sing tanggung jawab. Jalankeun kabéh aturan di imah. Ulah ngaengké-engké pagawéan di imah. Ulah telat kana jangji nu geus dijieun. Sing tanggung jawab kana tugas sakola. Ulah balik ka imah liwat ti jam nu geus ditangtukeun ku kolot.

 ”Mun kolot ngidinan anjeun ulin nepi ka jam 9 peuting, tapi anjeun ngadon balik jam satengah 11, engkéna pas rék ulin deui, can tangtu kolot ngidinan!”​—Ryan.

 Ceuk Alkitab, ”Masing-masing kudu tanggung jawab kana kalakuanana sorangan.”—Galata 6:5.

  •   Pék pikirkeun: Naha anjeun tanggung jawab kana waktu, pagawéan di imah, sarta ngajalankeun aturan kolot kaasup nu teu pati anjeun resep?

 Sing sabar. Lamun anjeun geus nguciwakeun kolot, butuh waktu supaya kolot bisa percaya deui. Sing sabar nepi ka anjeun bisa dipercaya deui.

 ”Abdi kuciwa lantaran kolot teu méré leuwih loba tanggung jawab, padahal umur abdi geus cukup. Umur nambahan téh geuningan teu langsung nyieun urang jadi déwasa. Jadi abdi ménta kasempetan ka kolot supaya bisa dipercaya deui. Mémang perlu waktu, tapi aya hasilna. Abdi diajar nu nyieun dipercaya téh tindakan urang, lain umur urang.”​—Rachel.

 Ceuk Alkitab, ”Buktikeun kituh ku lampah nu hade.”—2 Korinta 13:5.

  •   Pék pikirkeun: Naon nu bisa anjeun buktikeun supaya bisa meunangkeun (atawa meunangkeun deui) kapercayaan ti kolot?

 SARAN: Jieun rencana supaya anjeun bisa leuwih disiplin ngatur waktu, atawa méréskeun pagawéan di imah, atawa balik teu leuwih ti jam nu geus ditangtukeun, atawa hal-hal séjénna. Béjakeun rencana anjeun ka kolot. Tuluy, tanyakeun naon kahayang kolot supaya anjeun bisa dipercaya deui. Jalankeun naséhat Alkitab, ”Adat kabiasaan heubeul anu geus ruksak ku angen-angen anu sasar teh geura piceun.” (Epesus 4:22) Kolot ogé pasti bakal ningali parobahan anjeun!