Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Naon nu Kudu Dilakukeun ku Abdi Sanggeus Dibaptis?​—Bagian 2: Mertahankeun Laku Lampah nu Bener

Naon nu Kudu Dilakukeun ku Abdi Sanggeus Dibaptis?​—Bagian 2: Mertahankeun Laku Lampah nu Bener

 Alkitab nyebutkeun mun Yéhuwa ”tara nolak pamenta nu layak ti sakur jelema nu bener lampahna”. (Jabur 84:12) Naon maksudna jalma nu bener lampahna? Éta ngamaksudkeun terus minuhan jangji ka Yéhuwa nu dijieun ku anjeun waktu ngabaktikeun diri ka Yéhuwa. (Pandita 5:4, 5) Kumaha abdi bisa tetep aya di jalan nu bener sanggeus dibaptis?

Nu dibahas dina artikel ieu

 Tetep tabah nyanghareupan masalah

 Ayat konci: ”Asup ka Pamaréntahan Allah mah kudu ngalaman loba kasangsaraan.”​—Kisah 14:22.

 Naon hartina: Kanyataanana, kabéh urang Kristen téh nyanghareupan masalah dina kahirupanna. Lantaran jadi urang Kristen, anjeun bakal dipoyokan jeung meunang tangtangan ti batur. Siga jalma umumna, urang ogé bisa ngalaman masalah ékonomi jeung panyakit.

 Kanyataanana: Naon nu bakal kaalaman ku anjeun téh teu kaduga-duga. Alkitab ngajelaskeun, hal nu goréng téh bisa kajadian ka saha waé, boh ka urang Kristen boh ka nu lain urang Kristen.​—Pandita 9:11.

 Naon nu bisa dilakukeun: Lantaran geus nyaho bakal ngalaman tangtangan, anjeun bisa nyiapkeun diri. Jadikeun tangtangan sabagé kasempetan pikeun leuwih ngandelkeun Yéhuwa jeung nguatkeun iman anjeun. (Yakobus 1:2, 3) Dina waktuna, anjeun bakal ngarasakeun benerna kekecapan Rasul Paulus, ”Dina kaayaan nu kumaha baé ogé, kuring sanggup nyanghareupanana lantaran dibéré kakuatan ku Allah.”​—Filipi 4:13.

 KISAH NYATA. ”Teu lila sanggeus dibaptis, lanceuk abdi nu lalaki ninggalkeun bebeneran, kolot abdi gering, tuluy teu lila abdi gé milu gering. Harita abdi rék nyerah jeung mopohokeun ikrar abdi pikeun ngajadikeun ibadah ka Yéhuwa téh hal nu pangpentingna dina hirup abdi. Sabenerna, minuhan ikrar abdi ka Yéhuwa téh ngabantu abdi pikeun nyanghareupan tangtangan-tangtangan éta.”​—Karen.

 Saran: Diajar ti Yusuf. Anjeun bisa maca kisah hirup Yusuf di buku Kajadian pasal 37, 39-41. Pék pikirkeun masalah nu teu kasangka-sangka nu dialaman ku Yusuf jeung kumaha manehna nyangahreupanana? Kumaha Yéhuwa mantuan Yusuf?

 Butuh leuwih loba bantuan?

 Terus lawan godaan

 Ayat konci: ”Sabalikna, unggal jalma beunang ku cocoba téh lantaran kapincut jeung kajiret ku kahayangna sorangan.”​—Yakobus 1:14.

 Naon hartina: Unggal waktu urang digoda ku kahayang nu salah, lamun teu dikadalikeun kahayang éta bisa nyieun urang ngalakukeun hal anu salah.

 Kanyataanana: Sanggeus dibaptis, anjeun meureun boga kénéh ”kahayang awak anu dosa”. (2 Pétrus 2:18) Anjeun bisa jadi kagoda pikeun ngalakukeun hubungan séks saacan nikah.

 Naon nu bisa dilakukeun: Saacan aya godaan, anjeun kudu boga tekad embung nuturkeun kahayang nu salah, ku kituna anjeun moal dikadalikeun ku kahayang éta. Inget kekecapan Yesus, ” Moal aya nu bisa jadi palayan keur dua dunungan.” (Matius 6:24) Anjeun bisa milih saha dunungan anjeun. Lamun anjeun milih Yéhuwa, teu sual sakumaha gedé kahayang nu salah, anjeun moal nuturkeun kahayang éta.​—Galatia 5:16.

 Saran: Pariksa naon kakuatan jeung kalemahan anjeun. Pilih babaturan nu boga sipat nu alus. Jauhan jalma-jalma, tempat, atawa kaayaan nu nyieun anjeun hésé ngalakukeun naon nu bener.​—Jabur 26:4, 5.

 Butuh leuwih loba bantuan?

 Pertahankeun sumanget anjeun tetep ngagedur

 Ayat konci: ”Terus getol . . . nepi ka panungtungan. Ku kituna, aranjeun moal jadi males.”​—Ibrani 6:11, 12.

 Naon hartina: Jalma nu teu fokus kana pagawéanana bakal hésé nyieun kamajuan jeung jadi males.

 Kanyataanana: Waku mimiti dibaptis, anjeun pasti sumanget jeung bungah pisan. Anjeun gé nyaah pisan ka Yéhuwa. Tapi kadieunakeun, meureun anjeun ngarasa taat kana sakabéh paréntah Yéhuwa téh teu gampang tuluy éta bisa nyieun anjeun jadi leutik hate jeung ngurangan sumanget anjeun dina palayanan.​—Galatia 5:7.

 Naon nu kudu dilakukeun: Terus lakukeun nu bener sanajan sakapeung anjeun hoream ngalakukeunana. (1 Korintus 9:27) Salian ti éta, anjeun ogé kudu terus ngaraket ka Yéhuwa ku cara diajar leuwih loba ngeunaan Yéhuwa jeung rutin ngadoa ka anjeunna. Anjeun ogé kudu terus nyobat jeung jalma-jalma nu resep ngawula Yéhuwa.

 Saran: Sing inget Yéhuwa téh nyaah pisan jeung siap nulungan anjeun. Ulah ngarasa Yéhuwa sedih waktu anjeun sakapeung ngarasa teu sumanget. Kitab Suci ngomong. ”sakur nu cape jeung lungse ku Mantenna disegerkeun.” (Yesaya 40:29) Dina waktuna, Allah Yéhuwa pasti ngaberkahan upaya anjeun pikeun terus ngagedurkeun sumanget anjeun.

 Butuh leuwih loba bantuan?

 Kasimpulan: Mun anjeun terus leumpang di jalan nu bener, anjeun bakal nyieun haté Yéhuwa senang! (Siloka 27:11) Anjeunna pasti bungah waktu urang mihak ka Anjeunna jeung Yéhuwa gé bakal méré naon waé nu dibutukeun supaya anjeun bisa nolak godaan sétan.