Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Kumaha Supaya Beurat Badan Abdi Bisa Turun?

Kumaha Supaya Beurat Badan Abdi Bisa Turun?

 Na abdi mémang kudu nurunkeun beurat badan?

 Sababaraha rumaja hayang nurunkeun beurat badan. Tapi. . .

  •   Loba nu leuwih mentingkeun dedegan ti batan kaséhatan. Maranéhna hayang beurat badanna gancang turun. Jadi, sok aya nu teu dahar. Aya ogé nu nginum ubar ngarah langsing. Tapi cara jiga kitu téh cumah, malah bisa ngaruksak awak.

     ”Aya barudak awéwé nu milih teu dahar ngarah gancang begang. Tapi éta téh ngaruksak awak, jeung butuh waktu lila supaya awak bisa pulih deui.”—Hailey.

  •   Loba nu ngarasa gendut, padahal mah ngan rarasaan. Sabenerna, beurat badan maranéhna téh normal. Tapi lantaran maranéhna ningali babaturan atawa jalma-jalma dina iklan mani baregang, maranéhna jadi ngarasa gendut.

     ”Waktu umur 13, abdi ngabanding-bandingkeun awak abdi jeung babaturan. Abdi ngarasa bakal boga leuwih loba babaturan mun awak abdi begang pisan jiga maranéhna.”—Paola.

 Tapi, aya barudak ngora nu mémang kudu nurunkeun beurat badan. Organisasi Kesehatan Dunia ngalaporkeun . . .

  •   Di sakuliah dunya, kira-kira 340 juta budak ngora nu umurna 5 nepi ka 19 taun téh kaleuwihan beurat badan.

  •   Dina taun 1975, budak ngora nu umurna 5-19 taun nu kaleuwihan beurat badan téh ngan 4 persén. Tapi dina taun 2016, aya 18 persén budak ngora nu kaleuwihan beurat badan.

  •   Di kalolobaan nagri, leuwih loba jalma nu gendut ti batan nu begang.

  •   Di nagri-nagri nu miskin gé aya loba jalma nu gendut, padahal di kulawarga maranéhna bisa waé aya anggota kulawarga nu hésé meunangkeun dahareun nu séhat.

 Kumaha cara nu bener keur nurunkeun beurat badan?

 Anjeun rék maké cara nu mana?

  1.   Teu dahar.

  2.   Olahraga jeung milih dahareun nu séhat.

  3.   Nginum ubar ngarah langsing.

 Jawaban nu bener: Cara nu ka-2: Olahraga jeung milih dahareun nu séhat.

 Meureun anjeun bakal gancang begang mun teu dahar atawa ngurangan sababaraha jinis dahareun. Tapi, bisa jadi cara jiga kitu téh teu séhat. Anjeun gé bakal ngagendutan deui mun kabiasaan daharna balik deui jiga baheula.

 Tapi mun anjeun nurunkeun beurat badan téh lantaran hayang séhat, anjeun bakal ngarasa puas kana awak sorangan. Dedegan anjeun gé bakal leuwih pantes. Dr. Michael Bradley nulis, ”Cara paling aman, paling séhat, jeung nu hasilna paling awét téh nyaéta . . . ngarobah kabiasaan anjeun ku kabiasaan nu bisa terus dijalankeun.” a Naon maksudna? Mun kudu nurunkeun beurat badan, ulah ngan saukur diit, anjeun gé kudu ngarobah kabiasaan anjeun.

 Nu bisa abdi lakukeun

 Kitab Suci méré naséhat supaya urang boga kabiasaan hirup nu alus, ieu kaasup kabiasaan dahar. (1 Timoteus 3:11, Terjemahan Dunia Baru) Malah, Kitab Suci méré naséhat nu jéntré ngarah urang teu loba teuing dahar. (Siloka 23:20; Lukas 21:34) Jadi, pék tuturkeun kabiasaan-kabiasaan nu séhat ieu:

  •   Kudu nyaho kabiasaan dahar nu alus téh jiga kumaha.

     Ulah pantrang teuing kana sababaraha jinis dahareun. Tapi lamun anjeun apal saeutik-saeutik ngeunaan gizi, anjeun bisa nangtukeun kabiasaan dahar nu alus téh jiga kumaha. Ku kituna, anjeun bisa ngajaga beurat badan jeung tetep séhat.

  •   Rutin olahraga.

     Pikirkeun naon waé nu bisa dilakukeun ku anjeun unggal poé supaya awak bisa terus digerakkeun. Misalna ti batan maké lift, mending ogé naék tangga. Atawa, anjeun bisa ngagunakeun satengah jam nu biasana dipaké keur maén game, jadi dipaké keur jogging.

  •   Ganti dahareun nu teu séhat ku nu séhat.

     Ceuk budak ngora nu ngaranna Sophia, ”Abdi sok nyiapkeun bubuahan jeung sayuran. Jadi abdi moal kabita ku dahareun nu teu séhat.”

  •   Dahar lalaunan.

     Aya jalma nu daharna gancang teuing. Manéhna teu engeuh mun sabenerna geus seubeuh! Jadi, dahar téh ulah buru-buru. Mun masih kénéh hayang dahar, tong langsung nambah. Bisa jadi, sabenerna anjeun geus teu lapar.

  •   Itung jumlah kalori dina dahareun.

     Baca informasi nilai gizi supaya apal sakumaha loba kalori dina dahareun anjeun. Inuman nu amis-amis, makanan cepat saji, jeung rupa-rupa kuéh téh loba kalorina. Dahareun-dahareun jiga kitu bisa nyababkeun beurat badan anjeun naék.

  •   Kudu saimbang.

     Ceuk Sara nu umurna 16 taun, ”Baheula, mun ningali dahareun, nu dipikirkeun ku abdi téh ngan jumlah kalorina wungkul!” Ulah kitu-kitu teuing. Sakali-kali mah, anjeun meunang ngadahar nu ngeunah najan loba kalorina.

 Saran: Pariksakeun ka dokter. Dokter apal kana kaséhatan anjeun, jadi bisa méré nyaho cara hirup nu séhat jeung cocog keur anjeun.

a Tina buku When Things Get Crazy With Your Teen.