Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Keur Naon Urang Datang ka Balé Karajaan?

Keur Naon Urang Datang ka Balé Karajaan?

 Saksi-Saksi Yéhuwa ibadah saminggu dua kali di tempat nu disebut Balé Karajaan. Aya naon di ditu? Naon mangpaatna mun urang datang?

 Aya naon di Balé Karajaan?

 Di Balé Karajaan, urang bakal diajar naséhat-naséhat tina Alkitab. Urang bakal diajar:

  •   ngeunaan Allah nu sajati.

  •   ku naon kaayaan dunya jiga kieu.

  •   jadi jalma nu leuwih hadé.

  •    néang sobat nu bageur.

 Anjeun nyaho teu? Tempat ibadah Saksi-Saksi Yéhuwa téh disebut Balé Karajaan. Ku naon? Ku sabab di ditu urang sering ngabahas ngeunaan Karajaan Allah.​—Mateus 6:​9, 10; 24:14; Lukas 4:​43.

 Ku naon anjeun perlu datang?

 Hal-hal nu dibahas bisa ngabantu anjeun. Di ditu, urang bakal sering ngabahas naséhat tina Alkitab, jadi urang bakal ”meunang hikmah”. (Siloka 4:5) Ku kituna, engké anjeun bisa nyieun putusan-putusan nu hadé dina kahirupan. Di ditu gé, dibahas hal-hal nu penting dina kahirupan jiga:

 Ieu aya sababaraha conto judul hutbah nu biasa dibahas dina ibadah ahir minggu:

  •   Ku Naon Urang Butuh Bingbingan ti Alkitab?

  •   Di Mana Urang Bisa Meunangkeun Bantuan Waktu Ngalaman Kasusah?

  •   Naon nu Dilakukeun ku Karajaan Allah pikeun Urang Ayeuna?

 ”Aya batur sakola abdi anu datang ka Balé Karajaan. Manéhna diuk jeung kulawarga abdi, tuluy ku abdi dibéré injeum bukuna. Manéhna meni resep pisan waktu ngadéngé koméntar-koméntar ti jalma-jalma. Manéhna gé ngomong di garéjana mah euweuh bahan nu dibahas jiga kieu.”​—Brenda.

 Anjeun nyaho teu? Mun rék miluan acara ibadah di Balé Karajaan téh teu kudu mayar jeung euweuh kolékte.

 Jalma-jalma di ditu gé bakal nguatkeun anjeun. Ceuk Alkitab téh salah sahiji alesan urang Kristen ngumpul keur ibadah nyaéta pikeun silih ”gedekeun hate”. (Ibrani 10:24, 25) Jadi pasti resep pisan lamun urang bisa gaul jeung jalma-jalma nu teu égois, nu daék miheulakeun Allah jeung miheulakeun batur ti batan dirina sorangan.

 ”Biasana sanggeus sapoéeun ngalakukeun kagiatan, abdi sok ngarasa capé pisan. Malah, sakapeung mah sok ngarasa sedih. Tapi waktu panggih jeung jalma-jalma di Balé Karajaan, abdi ngarasa seneng deui. Jadi isukanana abdi bisa sumanget deui.”​—Elisa.

 Anjeun nyaho teu? Di sakuliah dunya, aya leuwih ti 120.000 sidang jamaah Saksi Yéhuwa. Acara ibadahna diayakeun di leuwih ti 60.000 Balé Karajaan. Unggal taunna aya kira-kira 1.500 Balé Karajaan anyar nu diwangun, ku sabab jumlah hadirinna beuki ngalobaan. a

a Pikeun néangan Balé Karajaan di daérah anjeun, mangga buka ”Pasamoan Ibadah”, terus buka ”Téangan Lokasi Pangdeukeutna”.