Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Siga Kumaha Diit nu Séhat téh?

Siga Kumaha Diit nu Séhat téh?

 Mun dahareun urang teu bener, anjeun pasti apal éta téh bisa ngabahayakeun kaséhatan. Mun anjeun ti ngongora osok dahar nu teu séhat, biasana éta kababawa nepi ka kolot. Jadi, ti ayeuna biasakeun dahar nu séhat.

 Naon maksudna diit nu saimbang téh?

 Dina Alkitab disebutkeun urang kudu ”hade tabeat”, éta kaasup dina dahareun. (1 Timoteus 3:11) Ku kituna, aya sababaraha hal nu perlu diperhatikeun ngeunaan diit nu séhat . . .

  •   Kudu aya gizi nu lengkep. Kelompokna dibagi jadi lima, nyaéta rupa-rupa dahareun tina susu, protéin, bubuahan, sayuran, jeung sisikian. Aya nu embung ngadahar salah sahiji atawa sababaraha di antarana, lantaran nganggap éta bisa ngurangan beurat badanna. Tapi mun kitu carana, awak urang kalah ka teu meunang gizi nu diperlukeun.

     Pék cobaan ieu: Pariksa atawa tatanya ka dokter naon mangpaatna rupa-rupa kelompok gizi ieu. Contona:

     Karbohidrat mangpaatna keur méré urang tanaga. Protéin gunana keur ngalawan inféksi jeung ngarawat jaringan tubuh manusa. Lemak ogé mun jumlahna pas, éta bisa ngurangan risiko panyakit jantung jeung méré tanaga keur awak.

     ”Abdi mah ngupayakeun supaya dina dahareun téh gizina lengkep. Henteu anti-anti teuing ka permén atawa ka goréngan mah. Asal ulah ngan dahar éta baé. Nu penting mah sing saimbang.”—Brenda.

    Diit nu teu saimbang sarua siga korsi nu sukuna euweuh hiji

  •   Ulah kaleuleuwihi. Maksudna daharna jadi ngan saeutik pisan, teu dahar dahareun nu urang beuki, atawa ngahaja puasa tapi sanggeusna dahar mani loba.

     Pék cobaan ieu: Dina sabulan, catet kabiasaan dahar anjeun. Sabaraha kali anjeun diit kaleuleuwihi jiga nu disebutkeun di luhur? Naon nu kudu dirobah supaya diitna bisa saimbang?

     ”Baheula abdi teu saimbang, aya waktu abdi ngan dahar nu tinggi kalori, aya ogé waktuna keur nu rendah kalori wungkul. Ahirna abdi eureun ngitungan kalori. Nu penting mah abdi daharna teu loba teuing, geura eureun mun geus wareg. Ieu téh butuh waktu, tapi ayeuna jadi saimbang diitna.”—Hailey.

 Kumaha cara ngajaga diit nu saimbang?

  •   Pikirkeun heula nu rék didahar. Ceuk Alkitab, ”Rarancangkeun sing asak, sangkan mucekil.” (Siloka 21:5) Supaya boga kabiasaan dahar nu séhat, anjeun kudu boga rencana.

     ”Kadaharan nu séhat téh biasana nu dijieun di imah. Jadi, urang kudu nyieun rencana. Mémang sih rada répot, tapi bakal karasa hasilna. Anjeun gé bisa ngirit duit.”—Thomas.

  •   Ganti kadaharan anjeun nu teu séhat. Ceuk Alkitab, ”Cekel sing pageuh hikmah, jeung akal budi.” (Siloka 3:21) Jadi, gunakeun akal budi urang pikeun manggihan cara nu paling cocog supaya kabiasaan dahar urang séhat.

     ”Unggal poé abdi ngaganti hiji kadaharan nu teu séhat ku kadaharan nu séhat. Contona, ti batan permén, abdi milih dahar apel. Teu karasa, abdi geus nyieun loba parobahan!”—Kia.

  •   Sing asup akal. Alkitab nyebutkeun, ”Anu matak mending bek dahar, pek geura senang-senang.” (Pandita 9:7) Diit nu saimbang téh lain hartina urang teu meunang dahar nu ngeunah, atawa jadi mikirkeun teuing unggal dahareun urang. Sanajan hayang ngurangan beurat badan, urang kudu inget tujuan utama urang téh hayang séhat. Jadi, urang kudu asup akal.

     ”Ayeuna abdi geus turun kira-kira 13 kilo. Tapi pas diit, abdi teu pernah nepi ka kalaparan, atawa pantrang kana salah sahiji kelompok gizi. Abdi gé moal nyalahkeun diri lamun dahar nu amis-amis. Abdi sadar ngurangan beurat badan téh moal gancang, jeung abdi gé kudu ngarobah kabiasaan dahar abdi.”—Melanie.