Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Naha Manéhna Jalma nu Cocog keur Abdi?

Naha Manéhna Jalma nu Cocog keur Abdi?

 Naha anjeun geus panggih jeung jalma nu sigana cocog dijadikeun batur hirup? Lamun enggeus, ti mana anjeun bisa yakin manéhna téh jalma nu cocog keur anjeun?

 Ulah ningali sipat-sipat luarna wungkul. Bisa jadi awéwé nu panggeulisna téh teu bisa dipercaya, atawa bisa jadi lalaki nu pangkasépna téh ahlakna teu bener. Anjeun pasti hayang boga batur hirup nu kapribadian sarta cita-citana cocog jeung anjeun.​—Kajadian 2:18; Mateus 19:4-6.

Téangan kumaha sipat-sipat aslina

 Cik perhatikeun sipat manéhna, tapi ulah kapangaruh ku parasaan. Sing ati-ati, bisa jadi anjeun ngan ningali naon nu hayang ditingali ku anjeun. Jadi, ulah gurung gusuh. Téangan kumaha sipat-sipat aslina.

 Loba jalma nu bobogohan téh ngan ningali luarna wungkul. Maranéhna ngan merhatikeun sipat-sipat atawa hobi nu sarua. Maranéhna ngomong, ”Urang duaan resep ka jenis musik nu sarua.” ”Hobi urang sarua.” ”Urang duaan téh cocog pisan!” Tapi, anjeun ogé kudu merhatikeun sipat aslina nu teu langsung katémbong. Anjeun kudu apal kana ”kageulisan ati” manéhna. (1 Petrus 3:4, Sunda Formal; Epesus 3:14-16) Ulah ngan merhatikeun hal-hal nu sarua, tapi tingali ogé kumaha sikep manéhna waktu anjeun jeung manéhna boga pandangan nu béda.

 Misalna, pikirkeun hal-hal di handap:

  •   Kumaha sikepna waktu keur aya masalah? Naha manéhna maksakeun kahayangna? Misalna ku cara ”ngumbar amarah” atawa ku ”supu-sapa”? (Galata 5:19, 20; Kolosa 3:8) Atawa naha manéhna téh asup akal, misalna supaya tetep rukun, naha manéhna daék ngéléhan salila masalahna teu ngalanggar prinsip?—Yakobus 3:17.

  •   Naha manéhna téh jalma nu sok mangaruhan batur supaya nurutkeun kahayangna? Naha manéhna osok ngalarang anjeun campur gaul jeung nu séjén? Naha manéhna sok timburu? Naha manéhna kudu nyaho kabéh kagiatan anjeun? Ceuk Nicole, ”Abdi pernah ngadéngé aya nu ribut pédah kabogohna poho ’méré kabar’. Éta téh ciri-ciri hubungan nu teu séhat.”—1 Korinta 13:4.

  •   Kumaha pandangan batur ka manéhna? Anjeun bakal meunang mangpaat lamun anjeun tatanya heula ka jalma nu geus lila kenal ka manéhna, misalna ka sadérék-sadérék di sidangna nu kaayaan rohanina alus. Ku kituna, anjeun bisa mastikeun naha manéhna téh bisa ’disebut jelema hade’ atawa henteu.—Rasul 16:1, 2.