Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Kumaha Supaya Abdi Bisa Saré Leuwih Lila?

Kumaha Supaya Abdi Bisa Saré Leuwih Lila?

 Lamun teu bisa ngagawékeun soal matématika, bisa jadi anjeun mikir kudu diajar leuwih getol. Lamun ngarasa teu alus pas olahraga, bisa jadi anjeun mikir kudu leuwih loba latihan. Tapi, nu bisa jadi paling dibutuhkeun ku anjeun téh saré leuwih lila. Pék pikirkeun alesanana.

 Ku naon anjeun butuh saré?

 Para ahli ngomong yén kalolobaan budak ngora butuh saré salila dalapan nepi ka sapuluh jam sapeuting. Ku naon saré nu cukup téh penting?

  •   Ningkatkeun kamampuh mikir anjeun. Saré téh ibarat ”dahareun keur uteuk”. Mun cukup saré, éta bakal ngabantu anjeun waktu di sakola, waktu olahraga, jeung pikeun ngaréngsékeun masalah.

  •   Sikep jeung émosi anjeun bakal leuwih alus. Biasana jalma nu kurang saré téh émosina leuwih gampang robah-robah, sok ngarasa sedih atawa déprési, sarta sok boga masalah jeung batur.

  •   Leuwih aman waktu nyetir. Numutkeun hasil risét di Amerika Serikat, lamun dibandingkeun jeung nu umurna 40 nepi ka 59 taun, jalma nu umurna 16 nepi ka 24 taun téh dua kali leuwih sering kacilakaan lantaran tunduh pas keur nyetir.

  •   Awak leuwih séhat. Mun cukup saré, awak bakal leuwih séhat sabab sel, jaringan, jeung pembuluh darah bisa tetep alus. Risiko obesitas, diabetes, jeung stroke ogé bakal leuwih leutik lamun anjeun saréna cukup jeung tibra.

Siga HP nu kudu di-charge sangkan tetep hurung, urang ogé kudu cukup saré supaya bisa ngalakukeun nu panghadéna

 Naon nu nyababkeun anjeun hésé saré?

 Sanajan geus disebutkeun mangpaatna, loba budak ngora kurang saré kénéh. Contona, Elaine nu umurna 16 taun ngomong,

 ”Bu Guru pernah nanya, iraha biasana murid-murid saré. Kalolobaan ngomong jam 2 subuh. Aya ogé nu jam 5 subuh. Ngan hiji nu saréna jam satengah 10 peuting.”

 Naon nu nyababkeun anjeun can saré kénéh?

 Kahirupan sosial. ”Mun indit jeung babaturan, komo deui mun geus peuting, urang jadi sok begadang jeung méakkeun waktu.”—Pamela.

 Tanggung jawab. ”Resep ari saré mah, tapi abdi osok kurang saré, da sibuk pisan.”—Ana.

 Téknologi. ”Abdi sok kurang saré téh gara-gara HP. Hésé mun teu maén HP heula pas rék saré.”—Anisa.

 Kumaha supaya anjeun bisa saré leuwih lila?

  •   Pikirkeun pentingna saré. Ceuk Kitab Suci, ”Leuwih hadé sakeupeul reureuh ti batan dua keupeul digawé bébéakan jeung ngungudag angin.” (Pandita 4:6, Terjemahan Dunia Baru, ”NW”) Saré téh lainna hal nu istiméwa, tapi pangabutuh nu penting. Mun teu saré, anjeun moal bakal bener pas keur digawé, ulin gé moal matak resep!

  •   Téangan hahalang utama nu nyababkeun anjeun kurang saré. Contona, naha anjeun sok ulin jeung babaturan nepi ka peuting? Naha anjeun ngarasa kawalahan ku tugas jeung PR? Naha gara-gara HP, anjeun can saré padahal geus liwat waktuna saré, atawa jadi hudang padahal geus saré?

 Pikirkeun: Mémang butuh upaya pikeun nyingkirkeun hahalang anjeun nu panggedéna, tapi hasilna moal nguciwakeun. Ceuk Siloka 21:5, ”Rarancangkeun sing asak, sangkan mucekil.”

 Tapi, cara nu cocog keur hiji jalma can tangtu cocog keur nu séjén. Contona aya nu saré beurang supaya peutingna bisa saré leuwih tibra. Tapi keur nu séjén mah, mun saré beurang, peutingna kalah ka teu bisa saré. Jadi, anjeun kudu néangan cara nu pangcocogna keur anjeun. Sababaraha saran di handap bisa ngabantu:

  •   Geus nyalsé heula saacan saré. Lamun anjeun geus nyalsé heula saacan saré, anjeun bakal leuwih gancang saré.

     ”Lamun tugas-tugas geus bérés, urang moal kapikiran deui pas rék saré.”—Maria.

  •   Jieun rencana. Ulah dikadalikeun ku kaayaan, tapi anjeun nu kudu ngadalikeun kaayaan. Pék jieun jadwal supaya anjeun bisa cukup saré.

     ”Abdi butuh saré sahenteuna dalapan jam sapeuting. Jadi lamun isukanana kudu hudang leuwih isuk, abdi sok ngitung kudu saré jam sabaraha.”—Vincent.

  •   Sing disiplin. Lamun dilatih, awak anjeun bisa nyaluyukeun jeung kabiasaan. Para ahli nyarankeun pikeun saré jeung hudang dina waktu nu sarua unggal poé. Cobaan heula sabulan, pék rasakeun bédana.

     ”Mun urang saré dina waktu nu sarua unggal peuting, pikiran urang bakal leuwih seger isukanana. Ngalakukeun nanaon gé bakal leuwih alus.”—Jared.

  •   Sing asup akal dina campur gaul. Kitab Suci ngajurung urang supaya”bisa nahan diri”, kaasup dina ngagunakeun waktu salsé.—1 Timoteus 3:2, 11, NW.

     ”Abdi kudu bisa nyieun watesan rék sabaraha lila campur gaul lamun acarana peuting-peuting. Mun henteu, pasti aya nu kudu dikorbankeun, biasana mah saré abdi jadi kurang!”—Rebecca.

  •   Ulah maén HP! Sahenteuna sajam saacan saré, ulah kagoda pikeun maén Internét atawa ngirim pesen ka babaturan. Sababaraha ahli ngingetkeun yén cahaya tina HP, TV, atawa tablet bisa nyieun anjeun leuwih hésé saré.

     ”Batur miharep urang bisa diajak komunikasi unggal waktu. Tapi supaya saréna teu kaganggu, urang kudu eureun maén HP.”—Julissa.